MULUNG CENGKEH

Mangle no 2775, 26 Maret - 1 April 2020

 

Mangsa keur bolon, kira-kira taun 1980-an, munglung cengkéh téh asa henteu aya usumna. Maksudna, unggal waktu ogé anu resep mah terus bisa mulung. Mangsa usum panen, mulung téh ampir unggal poé. Ari kituna, sabudeureun lembur téh asa tangkal cengkéh wungkul. Atuh cengkéh apan hargana mahal. Malah disebutna ogé “emas hijau”.

Mulung cengkéh mah henteu sakadar resep wungkul. Da dikumpulkeun unggal poé mah beubeunangan mulung téh loba ogé. Atuh sabada dipoé, sok diwadahan dina pipiti. Sok aya bandar leuleutikan anu nguriling bari mawa jingjingan gedé. Meulian cengkéhna téh sok cangkiran. Barudak anu resep mulung ogé ngajual cengkéhna téh sok ka bandar anu kitu.

Hasil ngajual tina cengkéh mah henteu bisa disebutkeun lumayan. Da aya babaturan mah anu bisa meuli kantong, buku, rékét badminton, jeung anu séjénna. Henteu saukur cukup keur jajan. Kuring sorangan kungsi sababaraha kali ngajual cengkéh hasil mulung. Henteu pati inget nyangsang kana naon hasilna, sigana béak ku jajan.

Réngsé usum cengkéh, mulung téh cengkéh anu geus kolotna. Buah cengkéh téh sagedé-gedé curuk atawa jempol. Sikina sok dicecebkeun kana bungbunan. Babari ngabungbunna mah, tinggal ngawadahan tai ragaji terus cebor ku cai. Tah, dicecebkeun kana tai ragaji baseuh mah cengkéh téréh akaran jeung pucukan.

Sanggeus jangkungna aya kana sajengkalna sok dipindahkeun kana plastik. Kuring ogé mindeng ngabungbun da resep. Tapi can kungsi nepi ka dipindahkeun, da pucukna kakara sababaraha sénti ogé sok dibeuli ku tatangga atawa ku kolot anu ningalieun.

Tapi sabada perdagangan cengkéh dimonopoli, hargana ngagejrét, patani cengkéh téh mimiti pundungna. Kolot kuring ogé kaasup anu lumayan lega kebon cengkéhna. Harita mah hasil panén téh henteu cukup keur ngaburuhan anu ngarala. Sababaraha kali panén téh kalah nombokan. Ti harita mah dok-dak anu naluaran tangkal cengkéh. Atuh di sabudeureun lembur ogé ayeuna mah bisa disebut tangkal cengkéh téh carang.

Inget ka mangsa mulung cengkéh téh basa nuturkeun Mang Emén mulung cengkéh anu geus harideung karolot. Ari Mang Emén apan pacabakanana balantik bibinihan. Horéng aya kénéh anu meulian binih cengkéh ogé. Horéng Gusti mah ngarijkian téh ku jalan anu moal bisa kasawang sagemblengna ku manusa. ***

 

Yosep - Sumedang

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MULUNG CENGKEH"

Posting Komentar