Nyekar

 


Nyekar téh bada asar. Itung-itung bari ngabuburit. Ngahaja leumpang, sakalian nyoba kakuatan. Mobil mah dititipkeun di bumi Bi Karti. Baheula mah keur umur 10 taunan ka lapang méngbal téh lumpat da sieun teu diajakan sésépakan. Ari astana lembur pan perenahna tukangeun lapang.

Tapi mangsa mah teu bisa dinaha-naha. Umur 10 taun ngabecir nanjak saeutik teu karasa nanaon. Ayeuna mangsa umur 65 taun leumpang sakitu téh loba karasana. Nanjak saeutik nyareri bitis, jauh saeutik ngahégak. Apan ceuk Si Dokter mah basa dipariksa alatan nyareri suku ku asam urat, “Makanan tidak bisa dijaga, olahraga malasnya minta ampun, mau cepet game over, ya?” Dasar, dokter pikasebeleun.

Nepi téh ka astana, pisaminggueun deui ka Lebaran mah loba kuburan anu bararesih. Jujukutanna dikoréd, padungna diberesihan, malah aya anu dikapur sagala. Bakat ku hayang ngahormat, ngéstokeun, mikanyaah, ka waruga anu kungsi dikubur di dinya. Panyangkana meureun anu aya di kalanggengan téh masih butuheun kabagjaan siga di dunya. Barina ogé kétang, keun baé da anu penting mah rasa nyaah jeung hormat anu nganteng ka anu geus teu aya di kieuna.

Apan sorangan ogé bet ngahuleng sanggeus aya di hareupeun kuburan Euis mah. Jauh-jauh ti Jakarta ka Leuweung Tiis, lembur singkur sisi gunung Bésér, Sumedang, nyaéta hayang nyekar ka Euis. Acan sataun ditinggalkeun ku Euis téh. Ayeuna téh Lebaran munggaran. Biasana mah mudik téh angkaribung babawaan da kitu Euis mah sagala ditatan. Kanggo ené ieu mah mukena kanggo engki itu mah acuk sareng sarung haturan uwa ieu mah sajadah anu paragi nyarandé téa, kuah-kuéh kaléng mah puguh deui. Kamari mah kuring rasjig téh henteu bohong, teu balanja nanaon keur sorangan gé. Ngamplop wé ka ené-engki, uwa-uwa, amang-bibi, anu marasih jumeneng mah.

“Keur naon sih nyekar? Tapi mun hayang-hayang teuing mah mending ayeuna, sugan can pati macét. Ngarah gancang ka dieu deui, apan hayang nyaho suasana Lebaran di Jakarta téa,” ceuk Ridwan, sobat sapagawéan, atuh ayeuna sabada pangsiun jadi rékanan bisnis anu sumanget pisan. Nyieun perusahaan, ngolo jeung nyogok urut anak buah anu masih ngajabat, ngarah meunang pruyak-proyék ti instansina. Lumayan, aya kagiatan, henteu post power sindrome, jeung pangasilanna apan bisa gunta-ganti mobil atawa nambahan surat-surat berharga.

Kitu, ngarah salsé, mudik masih anggang ka Lebaran téh. Maksud anu utama mah da enya hayang nyekar ka kuburan Euis, itung-itung ningalikeun rasa nyaah téh teu bisa pegat najan geus dipisahkeun alam ogé. Tapi abong jelema saumur-umur tara pirajeunan nengetan prak-prakanana anu ngadu’a atawa anu nyekar, di hareupeun kuburan Euis mah ngadon ngahuleng. Naon atuh anu kudu didu’akeun téh?

Kuring cingogo, bari nyabutan jukut bari ngagerendeng, “Euis, Akang datang ayeuna nyekar, ngawurkeun kembang jeung cai hérang, saukur pananda jodo urang henteu pegat najan dipisahkeun ku alam. Urang mah dijodokeun Pangeran. Enya, hiji waktu urang bakal ngahiji deui. Enya, Akang bakal nyusul ka alam padang poé panjang, da saha atuh anu bisa meruhkeun mangsa....”

Aya anu nyéak dina punduk basa ngagerendengkeun anu panungtung mah. Enya, saha atuh anu bisa meruhkeun mangsa? Ceuk dongéng, aya raja anu bakat ku hayang ngabuktikeun kajayaanana, moal keuna ku pati, manéhna asup ka jero peti beusi, dielas rékép pisan, ngarah teu kadatangan malakal maot. Meureun raja téh mikirna siga urang dunya anu saukur bisa asup lamun aya lolongkrang, da apan malaikat maut mah henteu dibeungbeuratan ku wujud.

Kitu minangka ngadu’a téh. Terusna mah ngahuleng di hareupeun kuburan Euis. Hampura, Euis, Akang mah angger saperti baheula, teu apal kumaha carana ngadu’a. Nyekar ogé apan anu enya-enya kahayang tina kereteg ati mah kakara ayeuna. Ka kuburan kolot ogé apan tara pirajeunan nyekar. Lamun kaparengan mudik terus nyekar téh apan bané waé diajak ku engki ieu atawa uwa itu. Ari teu aya anu ngajak mah geuning mending kénéh leuleumpangan ngalanglang pamandangan lembur.

Bet pirajeunan macaan tulisan dina padung. Icoh binti Ijo, lahir 15-4-1943 wafat 12-5-2011. Genep puluh dalapan taun leuwih, ceuk haté. Irnasan bin Marta’i, lahir 18-12-1940 wafat 21-9-2013. Tujuh puluh tilu taun kurang, ceuk haté deui. Riki, lahir 19-9-1989 wafat 11-1-2019. Ngan tilu puluh taun, gerendeng téh. Beuki manjang utang-itung beuki rupa-rupa ari umur. Aya anu salapan puluh taun aya anu salapan taun.

Ari kuring, bakal sabaraha taun umur téh? Ayeuna genep puluh lima, sabaraha lila deui? Utang-itung téh jadi mandeg da beuki hésé.

“Jang Nanang ieu téh?” ceuk hiji sora.

Ngagebeg keur ngalamun aya anu nanya téh. Gigireun nyampak Abah Sumid, purah beberesih di astana mangsana deukeut puasa nepi ka deukeut Lebaran. Saluhureun aya kana opat lima taunna Abah Sumid téh. Lamun téa mah leuwih lima taun ti kuring meureun ayeuna teh umurna tujuh puluh taun. Tapi jagjag Abah Sumid mah. Kuat kénéh pucal-pacul kurad-koréd malah nanggung carangka eusi suluh.

“Katingali téh ngahuleng waé ti tadi. Waas ku si jenat panginten nya,” ceuk Abah Sumid deui.

“Waas ku reureujeunganana, Bah. Apan ti bubudak abdi mah ulin téh jeung Euis, mangsa sawawa bet kajodokeun. Umur téh réa kénéh babarenganana batan pisahna,” pok téh bari sura-seuri inget ka mangsa budak.

“Ari kituna muhun pisan da Ujang mah kajodokeun ka réréncangan ameng. Tapi da sanés Néng Euis wungkul, apan itu Darwit kuburanna palih ditu, Wawan palih ditu, Ningsih mah anu aya tangkal kamboja itu, Agan Permadi mah nembé sababaraha sasih kapengker.”

“Oh, Agan Permadi tos ngantunkeun, Bah?”

“Muhun, ah da apan gaduh panyawatna tos lami. Tos aya taunna struk.”

Anu ditatan ku Abah Sumid téh babaturan ulin kuring wungkul. Paingan ari mudik, kaparengkeun shoat ied, langka panggih deui jeung anu wawuh. Paling ogé anu ngenalkeun téh, ieu putrana Darwit, ieu mah incuna Ningsih.

Keur leutik mah saha anu nebak Darwit rék leuwih tiheula batan sobat anu séjénna. Puguh sagala resep jeung sagala hadé kana olahraga. Méngbal kapaké ku guru, poli puguh deui da pangjangkungna, atlétik pangtarikna lumpat. Tapi ti umur lima puluhan bet kabéjakeun tiktikbrek.

Wawan embung kaéléhkeun unggal kaulinan nanaon ogé. Moro langlayangan manéhna mah mawa gantar panjang anu tungtungna maké dahan anak-nakal, atuh beubeunanganana panglobana. Paparahuan di solokan manéhna mah nyumputkeun gunting leutik, atuh acan diadu ogé parahu anu séjén geus ngoléab éléh. Geuning ku pati mah teu bisa kukumaha, teu bisa licik.

“Ari umur nya Bah...,” gerendeng téh semu henteu sadar.

“Sumuhun pisan atuh, Jang. Mang Endang ogé anu jagjag belejag, siangna masih ngala kacang roay, sontenna masih ngabagikeun hasil tatanénna ka tatanggana ka batur salembur, éh wengina kawartoskeun ngantunkeun.”

“Baruk, Mang Endang ngantunkeun?”

“Muhun, nuju netepan di masjid saurna, bada isya. Biasa Mang Endang mah apan netepan sunat téh sok pangahirna, ari pék henteu katingali kaluar masjid. Ditingali téh ku anu caket, nuju sujud tapi henteu gugah deui. Teras ditepak bilih kaboboan, éh langsung ngagolér.”

Ngahuleng sakedapan. Ari mudik, sakapeung sok sono téh ngobrol jeung Mang Endang. Lain dulur lain sobat ulin keur budak saenyana mah, da puguh saluhureun, pantaran Abah Suadma. Tapi lamun ngobrol téh sok uplek. Sakapeung silihsengklékkeun. Tapi henteu karasa ngahina atawa matak nyeri haté enya ogé eusina mah ngajejeléh kuring.

“Lamun téa mah Mang Endang tokoh agama, ngarti kana agama, geuning henteu ka Jakarta,” ceuk kuring hiji waktu, duka ti mana mimitina bet ngaléok ka dinya obrolan téh. “Da apan saur ustadz kawentar, anu henteu ka Jakarta téh satengah kapir.”

Ari maksudna ka Jakarta, apan harita téh umat Muslim dikeprak pikeun ngadukung hukuman pikeun anu dianggap nyacampah atawa ngahinakeun agama.

“Ah, Jang. Entong sok percaya ka ustadz pulitik. Bahaya! Ustadz pulitik, kiai pulitik mah kudu réa istigfar. Réa tisolédatna lamun kiai, ustadz, ulama, geus ngagembrong kana pulitik. Ustadz mah ulah ponténg ka nu konéng.”

Haduh, lamun seug Mang Endang sok padungdengan dina media sosial, pastina réa anu ngabuli atawa ngajejeléh. Apan kiai anu kakoncara tawadhu-na ogé sakalina masihan pandangan anu béda, béak beresih dicarékan dibelegug-belegugeun.

Mang Endang mah da lain ustad, da puguh teu ngawuruk ngaos. Keur kuring mudik sataun katukang, kungsi nyampeur jam genep isuk-isuk, maksudna rék ka tukang surabi. Asa waas, keur leutik mah balik mandi di pancuran sisi sawah, terus naragog di tukang surabi. Tapi henteu aya anu némbalan uluk salam kuring.

“Mang Endang mah tara lungsur teu acan tabuh tujuh dugi ka tabuh dalapan mah,” ceuk Neng Ikah, tatanggana.

“Oh, naha nuju naon kitu, Neng?”

“Kupingkeun wé di caket kamerna, ti bada subuh téh ngaos tara lirén. Kitu da unggal dinten ogé.”

Panasaran, diuk di babaléan anu aya di payuneun bumina, bari nungguan. Asa ku anéh ieu kiai mamalihan téh, ceuk haté bari seuri. Kitu apan ari ngobrol téh, kiai mamalihan, ustad gadungan, ulama palsu, minangka pamoyok kuring lamun keur ngobrol. Tapi Mang Endang tara bendu, kalah sok seuri ngagakgak, da meureun terang kuring saukur ngagonjak. Malah anjeunna nyalira sok nyarios kieu: “Ceuk Emang anu kiai mamalihan mah kieu....”

Teu karasa lila nungguan téh, kulutrak Mang Endang muka panto.

“Hor, geuning aya tamu wayah kieu,” saurna bari ngajak sasalaman.

“Badé ngajak ka tukang surabi téa, Mang. Urang nagog sapertos kapungkur.”

“Ah, sanés jaman atuh, Jang. Rincug nagogna ogé. Hoyong surabi mah mudah-mudahan wé diparengkeun. Di lembur mah sasarap téh anu saréhat, Jang.”

Can lila ngobrol di babaléan téh, jol Ma Erum, tatanggana, ngirim seupan cau jeung seupan sampeu mani sapiring lodor, ogé cai entéh panas dua emuk.

“Tah, nu kieu sasarap séhat mah,” sau Mang Endang. “Hatur nuhun pisan Ma.”

Can ogé milu mairan nganuhunkeun, kuruncul Néng Ikah bari nanggeuy piring dituruban daun cau. “Kanggo sasarap, Mang,” pokna bari neundeun piring. Dibuka téh surabi oncom jeung goréngan suuk mani metung.

“Alhamdulillah, tuh geuning Jang, hoyong surabi téh kalaksanakeun.”

Ari kuring, lain ngucapkeun alhamdulillah, kalah ngahulung ningali anu kikiriman téh. Nyaan Mang Endang mah, asa mahiwal. Duka anu kikiriman téh unggal dinten atawa ngan ayeuna wungkul. Tapi anu dipikahayang téh bet nyalampeurkeun. Sarua mahiwalna jeung kalakuan Mang Endang nyalira sigana. Sabada dikantun ku istrina, unggal dinten cenah ka kebon sareng sawah. Ngiring macul, pulak-pelak, sareng ngurusna. Tapi hasilna sok kalah dibagikeun. Nyakolakeun barudak yatim jeung fakir cenah aya puluh urangna. Atuh anu katingalina katalangsara sok dikiriman béas jeung sembako séjénna. Hasil palawijana sawaréh dibagikeun, salembur mah ngasaan hasil panénna.

Putra Mang Endang téh tiluan. Anu duaan sakola di luar negeri, béasiswa cenah da duanana hafidz Al-Qur’an. Anu saurang deui mah di Bandung. Jadi hasil usaha Mang Endang mah henteu kacocéng ku barudakna. Inget ka dinya, harita, kuring bet léok ngusulkan sangkan Mang Endang mésér mobil.

“Kanggo ngagaya waé atuh, Mang. Maenya éléh ku ustad tivi anu mobilna ogé maréwah,” ceuk kuring.

“Ah, sanés jamanna, Jang. Emang mah égois.”

“Egois kumaha?”

“Enya, Emang mah égois kukumpul téh bawaeun. Sanés tinggalkeuneun.”

“Maksadna?”

“Mobil méwah, bumi agréng, kebon terus ngalegaan, apan éta mah tinggalkeuneun, Jang. Ari babagi jeung ngajeujeuhkeun barudak yatim mah, éta bawaeun.”

Kuring ngagakgak. Ayeuna, nguping wartos Mang Endang ngantunkeun, bet kapikiran deui. Matak saméméh mulang téh cingogo deui hareupeun kuburan Euis bari ngagerendeng, “Euis, geus waktuna Akang égois. Alhamdullah Akang masih dipasihan kasempetan. Tapi bet patingsariak jeung saredih, apan Akang téh teu bisa nanaon. Solat tara ngaji komo, kumaha ngamimitianana égois? Mang Endang, balad Akang anu ngarti agama, apan tos ngantunkeun. Tapi Akang nékad pikeun égois.”

Di jalan Ridwan nélépon ti Jakarta.

“Kumaha hasil nyekar téh, meunang naon?” cenah ngaheureuyan bari seuri ngagakgak.

“Meunang jadi égois.”

“Maksudna?” Cenah teu ngarti.

“Moal ka Jakarta deui.”

***

Rancakalong, 5 Mei 2019




Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "Nyekar"

  1. Assalamualaikum, kang Yus, kumaha damang? Ieu sareng Asih.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Waalaikum salam. Alhamdulillah. Kamana wae, naha tara nyarpon deui. Hayu lebih produktif, Neng...

      Hapus