DORNA OWAH

carpon tribun jabar

Gentur kang tinutur gentra kang cinarita, kocap kacarita, Resi Dorna bingung anu teu manggih tungtung susah taya sudana. Nembé jung undur ti payuneunana élit pejabat Astina Patih Sangkuni. Ari kaperyogianana, mung naroskeun hiji perkara anu cekap dijawab ku sakecap.
Tapi enya ogé mung sakecap, Resi Dorna katurelengan salami-lami. Pameunteu reup geuneuk ray pias kawas keretas bodas margi teu getihan. Tejar meneng, meneng gusti petenge ati nira, sulindra salin pawarsa lir kalimpudan mega bodara awor lan mega putih.
“Kumaha, Kakang?” saur Patih Sangkuni tadi. “Ka saha bilukna Kakang anu saleresna, ka Kurawa atawa Pandawa?”
Sakedapan Resi Dorna teu tiasa ngambekan. Saéstuna, pananya samodél kitu geus diterka ti anggalna dibayang-bayang ti baheula. Tapi naon jawabanana, unggal waktu gentur menekung tiap mangsa dilenyepan, bet henteu ngelemeng anu pasti. Ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Bet inggis ku bisi rémpan ku sugan.  
“Prabu Agung Suyudana nganti-nganti gerentes salebeting ati Kakang anu saenyana. Ulah lepat najan sakecap, lantaran mamalana bakal manjang, bakal manjang, Kakang...!”
Resi Dorna ngahuleng ngaraga meneng. Beurat upami seug henteu milih Pandawa, lantaran di salebeting werdaya, anu aya ngan Pandawa. Ti bubudak, enya anu diaping dijaring mah Kurawa jeung Pandawa. Tapi budi pekerti, tata titi duduga prayoga, anu diajarkeun ti bubudak diapingkeun ti leuleutik, bet nyampakna téh aya di Pandawa. Matakna, najan Resi Dorna ngamandita di Padépokan Jajar Sokalima anu aya di wewengkon Astina, tapi di salebeting manahna mah anu aya ngan Pandawa.
Tapi dasar resi anu kasipuh ku pangaweruh kaasah ku pangabisa kadidik ku pangarti,  Resi Dorna waspada permana tingal kana patarosan Patih Sangkuni. Lamun dijawab Pandawa, pasti aya mamala anu enya pasti panjang. Kumaha kalungguhanana di Padépokan Sokalima, kumaha kakasih ati kembang soca mustika di pawenangan, budak hiji-hijina anu dipiagul, Aswatama, anu ayeuna diaku disenangkeun dijenengkeun ku Kurawa nyatana ku Prabu Suyudana; pasti ka dinya mamalana. Matakna Resi Dorna ngémut, langkung saé nyenangkeun Kurawa ku jawaban lisan anu henteu jeung saenyana.
“Kumaha Kakang, biluk ka saha?” saur Patih Sangkuni duka anu kasabaraha kalina.
“Kurawa.”
“Tah, naha atuh sanés ti tadi Kakang. Saur Ratu Prabu Agung Suyudana, pancén kahiji Kakang kedah mayunan Bima anu bakal jadi utusan Pandawa pikeun nagih jangji Kurawa masrahkeun nagara Astina. Enya nagara Astina bakal dibikeun, tapi Bima kudu mangbabadkeun heula leuweung ganggong simagonggong, nyatana alas Mertani, alas Amer jeung alas Kutarungu pikeun bumetahna Kurawa.”
Resi Dorna ngahuleng ngaraga meneng molohok ngembang kadu. Teu nyangka sacongo buuk, jawaban ukur sakecap téh disusul tepus ku paréntah anu ngageleger lir gunung bitu. Bakat ku reuwas, mastakana gideug sakedik ngaréspon anu aya dina manah.
“Upami Kakang baha, saur Prabu Agung Suyudana, hukumanna henteu saukur dipocot ti Padépokan dipecat tina jabatan, tapi ogé ditibanan hukuman tugel jangga.” Patih Sangkuni liren sakedapan. Teras ngaharéwos, “Tapi upami Kakang okéy, bonus mah parantos nyampak.”
Resi Dorna ngagebeg, reuwas anu taya papadana. Ngemut ngan sakedapan. Tos teu émut kana purwadaksina, teu paduli anu aya dina ati, anjeunna énggal nyanggeman kana pancén nagara.
Harita, sabada Patih Sangkuni undur ti payuneunana, Resi Dorna ngaraoskeun kaayaan anu nembé harita kaalaman. Rot nginum cai asa bari am dahar sangu henteu mirasa. Ngalangeu di buruan padépokan, alam asa béda ti biasa. Jajar Sokalima anu sakitu éndahna, héjo lémok tatangkalan éndah katingalina, cur-cor cai nyusu matak resep anu neuteup, ditémbal ku sora margasatwa anu récét; geuning henteu ngobatan kana guligah manah karungsing ati.
Kitu kaayaanana. Sakedapan Resi Dorna nyaur di salebeting kolbu ngandika di salebeting werdaya, “Henteu salah deui, Bima téh bakal ditipu, Pandawa téh diancurkeun ti ayeuna. Nyatana, alas Amer, alas Mertani, alas Kutarungu, éta alas téh bujeng hingga kasaba ku jalma dalah aya manuk ngaliwat ogé matak ngagubrag saharita, bakat ku sanget-sangetna éta leuweung. Moal salah deui, Bima téh bakal ditipu diparabkeun ka dedemit éta leuweung ganggong simagonggong.”
Eta anu ngajadikeun Resi Dorna guligah manah anu taya obatna. Minangka neger-neger manéh téh ku kanyataan di Astina harita. Ieu téh taun politik, taun harénghéng nyanghareupan Baratayudha. Wajar, sawajarna kaayaan siga kieu téh. Batur ogé réa anu éléh jajatén ku jabatan serah bongkokan ku gepokan dolar.
Réa resi, pandita, romo, ustad, kiai, komo deui saukur wakil rahayat atawa gegedén partéy, anu kuméok di taun politik. Asal partéy kabagéan alas jabatan atawa proyék kahareupna, halal nyebarkeun fitnah, meunang hohoak hoaks, wenang ngajual agama da éta anu laris-manis, ngaguruhkeun mesin politik sangkan masarakat kasamaran tingal. Mesin politik kudu ngadudud ngamancalaputra-mancalaputrikeun anu dipikahayang. Maung jadi domba atuh domba jadi maung, sakuduna kitu, sawajarna kanyataan.
Keun masalah haté mah lain deui urusanana. Bongan daék ancrub kana leutak politik, bongan kabongroy ku haliah dunya, bongan épésméér. Da kitu budayana. Pikeun jadi gegedén téh henteu saeutik modalna, jadi wakil rahayat téh kudu haat dadak-dadakan. Atuh sabada diistrénan, sawajarna henteu engeuh kana amanah peureum di salebeting manah. Korupsi, jual-beuli jabatan, da kitu budayana. Anu ngalaman mah pasti unggeuk, anu ngajabat jeung anu jahat téh ipis pisan antarana.
Emut ka dinya Resi Dorna neger-neger manéh ngabohongan anu aya dina kolbu nyarigsig anu aya di salebeting ati. Tapi basa torojol pangogan ti karaton, pok nyélongkeun Bima ka tilu alas sanget nyatana alas Amer, alas Mertani jeung alas Kuturungu; anu ngaguruh dina kalbu anu ngagolak dina awak henteu kaampeuh deui. Resi Dorna lajeng mulang ka Jajar Sokalima. Badanna nirisan, ngahodhod bari nyebrét panas. Sasar saukur nyebut-nyebut hiji ngaran: Bima..., Bima....
Resi Dorna ngoréjat bari badan séhat seger henteu sakara-kara basa nguping wartos Bima hasil ngababad tilu alas anu ngajadi sarat dipasrahkeunna Astina. Malah sabada ngéléhkeun buta Kaladurmuka jeung Kaladursala anu ngajaga leuweung sanget téa, Bima diganjar Gada Rujakpolo alias Gada Lukitasari lantaran dua buta téh saenyana Dewa Indra jeung Dewa Bayu.
Resi Dorna haget ka karaton Astina sabada aya pangulem ti Prabu Suyudana. Tapi Resi Dorna reuwas anu taya papadana basa dititipan pancén kadua kedah nyélongkeun Bima ka samudra lega. Samudra anu leuwih sanget batan tilu alas anu parantos dibabad.
Da bongan kuméok dipacok jabatan, teu daya dirungrum harta, Resi Dorna kedah téga kana manah.
“Bima, saenyana mah sarat dipasrahkeunna nagara Astina téh henteu saukur mangbabadkeun alas Amer, alas Mertani jeung alas Kutarung,” saur Resi Dorna bari neger-neger manéh. ”Da anu utama mah hidep kudu meunangkeun banyu perwita sari mahening suci anu aya di satengahing samudra.”
Da puguh ka guru anu dipihormat, da puguh kitu watek Bima anu henteu sak wasangka nunda curiga, Pandawa anu kadua téh harita kénéh kebat lumampah ka samudra anu aya di palih kulon. Resi Dorna, ningali Bima anu ngagedig, manahna ngocéak deui. Anjeunna amit mundur harita kénéh ti karaton Astina.
Guligah dina manah Resi Dorna henteu kaampeuh deui. Anu ngaguruh dina kalbu beuki nyanyautan henteu puguh rasakeuneunana. Antara kaduhung jeung ngaenyakeun kanyataan, padungdung henteu manggih tungtung.
Harita Resi Dorna tenga-tengo ka gudang padépokan. Bari pikiran langlang-lingling, anjeunna teras nyandak tali dadung, kebat lumampah ka pakebonan. Sanggeus mendakan tangkal jéngkol anu dahanna henteu pati luhur, Resi Dorna kakarayapan naék.   
Ya wis dihin pinasti kersa yang widi, mapag baya kena lara, Resi Dorna ngagubragkeun manéh bari tenggekna dieurad tali dadung. Kalayang... gubrag! Resi Dorna ngocéak margi awakna neumbrag taneuh garing. Nyeri-peurih saawak-awak anu barabak. Rét ka luhur, horéng tali dadung téh panjang teuing.
Ti harita Resi Dorna mindeng kanyahoan kukurilingan di tengah kota bari saukur dicangcut atawa dianduk, biwirna gegerenyeman badis jalma owah.
“Ampun pulitik... ampun pulitik... ammppuunnn pulittikk....” Kitu cenah anu digerenyemkeunana téh ceuk anu panasaran terus nunutur mah. ***

Sumedang, 10 April 2019
            Minangka tawis hormat ka Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya
            Tribun Jabar, 22 April 2019

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DORNA OWAH"

Posting Komentar