WANG WING WONG
Aya tilu Aa anu pangkawentarna di kota kuring. Aa Wang,
AA Wing jeung Aa Wong. Aa Wing mah puguh deui da walikota anu mindeng disebut
“anu boga kota”. Anjeunna téh soldadu manten, pangkatna jendral. Karesepna
terjun payung. Matakna nénéhna Aa Wing, apan dina basa Inggris mah wing téh
hartina jangjang.
Saenyana Aa Wing leuwih kawentar lain ku préstasina
salaku wali kota, tapi leuwih ku perilakuna anu sahaok kadua gaplok. Apan
kungsi nyabok kuli bangunan, supir taksi online, wartawan, ogé ajudanna
sorangan. Tapi kasusna ngan ramé sageprakan, henteu aya anu nerus unggah balé
watangan. Duka pédah keur kawasa duka pédah loba duit.
Aa Wong mah ajengan ngora tapi pasantrénna agréng tur méwah.
Pasantrén jaman now téa cenah. Santrina ngarébu, jamaahna ngajuta di unggal
kota. Ari kituna, salain ceramah di pasantrénna, Aa Wong mah apan boga acara
dina télévisi, chanel youtube, media sosial, paséhat nyieun vlog di unggal
tempat anu didatanganana. Ceramahna nepi ka mancanagara. Pausahaanana réa. Penerbitan
buku, media online, warung sangu, kolam renang husus muslimah, réstoran halal, stasion
télévisi jeung radio, jeung réa deui. Ari kituna, unggal Aa Wong ngadegkeun
pausahaan misalna stasiun télévisi, anu sodakoh pagedé-gédé da cenah keur
kapentingan umat. Ciri anu mandiri Aa Wong kawentar di kota kuring, apan eusi
ceramahna dituliskeun di halteu beus, super market, réstoran, hotél, terminal,
taman-taman kota, jeung réa deui.
Ari Aa Wang, kunaon pangpandeurina dicaritakeun, lantaran
manéhna anu bakal jadi boga lalakon dina carita ieu. Umurna kakara 17 taun,
tapi ngaranna akrab jeung saha waé warga kota kuring. Ti budak kakara bisa ngomong
nepi ka aki-aki nini-nini tawéhwoh, warawuheun ka ngaran Aa Wang mah.
Cenah, kecap wang dina Aa Wang mah asalna tina kecap
saliwang. Ari saliwang apan hartina sok salah dangu atawa salah harti. Matakna
lamun aya anu nyebut Aa Wing atawa Aa Wong mah anu ngadangu téh hormat, tapi
basa ngadangu aya anu nyebut Aa Wang mah lamun henteu imut nya seuri. Aa Wang
mah tempatna keur nyeungseurikeun, nyapirakeun, ngahinakeun, ngajejeléh.
Mindeng saha waé ogé ngahaja nanya atawa ngobrol jeung Aa Wang lantaran
ngaheureuykeun, lain enya-enya nanya atawa ngobrol.
“Aa Wang, tas ti mana?” ceuk nu nanya.
“Ceuk uing gé hiji tambah hiji mah opat,” jawab Aa Wang.
“Geus dahar acan?”
“Gajah, onta, jerapah, kijang, monyet, kuda nil ogé aya.”
Anu nanya, biasana bari disaksikeun ku babaturanana,
terus sareuri nepi ka babarakatakan. Aa Wang miluan seuri. Aya ogé anu ngarékam
adegan siga kitu ku hp, terus diapungkeun dina facebook, twitter, instagram,
atawa media sosial séjénna. Kitu pangna Aa Wang ogé kawentar henteu saukur di
kota kuring.
Perlu ditegeskeun deui, saha-saha ogé anu nanya atawa
ngajak ngobrol ka Aa Wang, komo terus diapungkeun di média sosial, lain
lantaran sosobatan. Eta mah saukur cara maranéhna ngahinakeun, ngajejeléh,
ngabéjérbéaskeun yén Aa Wang téh bodo, belegug, édiot, seungseurikeuneun. Aa
Wang enya sok seuri ogé lamun aya anu nyeungseurikeun téh. Tapi manéhna apal
mana anu misobat mana anu saukur ngajejeléh.
Enya ogé réa anu nanya jeung ngajak ngobrol, tapi saperti
anu kungsi diucapkeun ku Aa Wang, sobat manéhna mah ngan saurang, nyaéta
kuring. Ari kuring, jelema henteu nyakola jeung masakat. SD ogé henteu tamat. Anu
bodo jeung anu masakat sosobatan bisa disebut nurub cupu, klop, pas. Saha-saha
ogé sabada apal sosobatan kuring jeung Aa Wang, siga anu nyatujuan jeung
ngama’lum.
Enya, sigana perlu dicaritakeun saeutik ngeunaan
indung-bapa kuring. Bapa kuring enya henteu boga pacabakan matuh. Sakapeung
ngaladén tukang bas, macul di kebon hui lamun aya anu ngahiras, dagang suung di
sisi jalan lamun keur usumna. Ema mah teu pati bisa diandelkeun da puguh
tiktikbrek. Sakapeung babantu di imah nu beunghar lamun keur jagjag. Imah
kuring unggal taun pundah-pindah, kumaha kontrakan anu pangmurahna.
Bapa mah enya ogé masakat tapi katelah tukang protés ku
tatangga sabudeureun mah. Cenah mah Bapa kungsi sakola luhur, nepi ka kuliah
sagala, malah kungsi gawé di Pemda sagala. Tapi lantaran tukang protés téa,
ngan sataun Bapa gawé terusna mah kaluar. Atuh basa kuring kaluar ti kelas opat
SD, apan mimitina mah Bapa protés ka Kepala Sakola. Ceuk Bapa, sakola SD mah
kudu haratis, kitu aturan ti Jakarta ogé. Ari Kepala Sakola keukeuh ménta iuran
keur toilét murid, da dana BOS teu nyukupan. Kitu ogé ceuk urang Dinas
Pendidikan Kacamatan anu pidato basa acara samen. Ceuk Bapa, moal bener diajar
di sakola merekedeweng mah. Nya kuring kaluar sakola. Terusna mah diajar ku
Bapa tina buku-buku anu diinjeum ti perpustakaan keliling.
Enya ogé Bapa kaasup pangmasakatna di lingkungan RT mah,
boa di sadésa atawa di sawilayah anu leuwih lega ogé, tapi Bapa mah tara
diajakan gawé di proyék Dana Désa. Mimitina lantaran basa ngoméan jalan gang,
cenah lantaran maké Dana Désa, anu diajakan téh warga RW anu masakat bari
ngaligeuh atawa sagawé-gawé saperti Bapa. Basa anggeus proyék jalan gang Bapa
protés lantaran ngan saukur diburuhan Rp 30 rébu sapoé. Ceuk Bapa, apan geus
diterangkeun ku Pa Mentri jeung Presidén Jokowi sorangan, Dana Désa téh dina
prakprakanana kudu Padat Karya Tunai (enya geus bener ngajakan warga anu
pangmasakatna mah), bari buruhna kudu normal saperti gawé di tempat séjén. Lamun
keur tukang Rp 100 rébu nepi ka Rp 125 rébu, atuh keur ladén mah Rp 80 rébu. Ari
ceuk Pa Kuwu, da ieu mah “satengah kerja bakti” jadi buruh sakitu gé geus
cukup. Henteu saukur protés ka Pa Kuwu harita Bapa téh. Da dina facebook ogé
protés ka presidén, cumah cenah program alus ogé ari henteu ditalingakeun mah.
Ceuk saha-saha ogé, lantaran tukang protés Bapa tetep
masakat. Tapi ceuk kuring mah lain kitu. Tukang protés jeung miskin mah euweuh
hubunganana. Bapa masakat lantaran teu boga duit lantaran henteu gawé
ngagunakeun ijazah. Sapinter kumaha ogé, di kota kuring, lamun henteu
ngagunakeun ijazah mah moal bisa gawé, dipercaya katut dihargaan.
Di kota kuring, leuwih dihormat jeung dihargaan anu
pangkat atawa geugeuleuyeungan kana mobil. Teu paduli pangkat bari euweuh gawé
atawa henteu merhatikeun kapentingan masarakat. Geus biasa jeung teu kudu éra meunang
gajih munel bari gawé saukur catur atawa mencétan hp. Keun waé, apan pingpinan
ogé henteu éra ngatur proyék ieu proyék itu, ijin nyieun itu nyieun ieu, bari
anu dipentingkeun mah grativikasina, bagéan keur manéhna.
Ari kituna, apan korupsi téh geus ngabaju, biasa, di kota
kuring mah. Henteu kudu éra. Geus biasa lamun dina media massa aya berita bupati
korupsi, gubernur disogok ijin itu-ieu, législatif ngatur proyék, karyawan maok
barang kantor, jeung réa deui. Wajar.
Sarua wajar jeung nurub cupuna sosobatan kuring jeung Aa
Wang. Nu masakat jeung nu bodo sosobatan téh wajar jeung sakuduna. Ampir unggal
waktu kuring jeung Aa Wang babarengan. Sagala diobrolkeun.
“Aa Wang, urang téh geus 17 taun ayeuna,” ceuk kuring
hiji waktu.
“Anu kitu téh manuk nuri ngaranna,” témbal Aa Wang.
“Ngarah teu nyusahkeun kolot, urang geus sakuduna néangan
gawé.”
“Bener, diulur heula talina, terus tarik sataker kebek.”
“Ceuk koran, geus banjir deui di Jakarta mah.”
“Uing gé karunya lamun ucing anu laliar teu dibéré nyatu
téh.”
Terus kuring jeung Aa Wang saleuseurian. Seuri ngeunah. Ngagakgak.
Bulan purnama di langit lénglang siga anu miluan suka-bungah.
Kuring mimitina mah enya nyeungseurikeun kabodoan
sorangan. Tapi saterusna mah, sabada ngacaprak jeung Aa Wang, kuring ngarasakeun
sugema anu tohaga. Seuri ngagakgak kuring kuda leupas tina gedogan. Leupas,
bébas, enya-enya seuri anu ngeunah. Ngacambling kuring jeung Aa Wang lir
ngahijina dua kanyataan, dua dunya, dua perkara anu patukangtonggong tapi
salingeusi salinglengkepan salingnguatkeun salingnyampurnakeun.

Kuring terusna mah mindeng ulin, milu mandi jeung dahar,
di imah Aa Wang. Kitu ogé sabalikna. Aa Wang geus ngarti deui lamun kuring
sakulawarga dahar kulub sampeu dua tilu poé. Dahar kulub sampeu naon istiméwana?
Istiméwa rarasaanana. Enya, kuring sorangan resep dahar kulub sampeu. Tapi
lamun dahar kulub sampeu, komo nepi ka mangpoé-poé, lantaran teu boga béas, éta
anu istiméwa.
Hiji poé, duka kumaha mimitina, sosobatan kuring jeung Aa
Wang aya anu ngagunasika. Harita kuring jeung Aa Wang keur diuk dina bangku
taman kota bari neuteup bulan sapasi. Ujug-ujug bereyek jelema datang, néwak
kuring jeung Aa Wang. Anu ngadegungkeun, nonjok, nampiling, teu puguh
rasakeuneunana. Kuring ditanya bari disentak, nepi ka subuh. Kunaon kuring
jeung Aa Wang sosobatan, kumaha mimitina, naon waé anu diobrolkeun, naon anu
dilakukeun, sabaraha nomer cangcut kuring, jeung réa deui anu ditanyakeun.
Cenah mimitina nyebar gosip kuring jeung Aa Wang henteu
sakadar sosobatan, tapi ogé bobogohan. Dua bujang welasan taun bobogohan,
tangtu waé ngaganggu martabat kota. Matakna kuring jeung Aa Wang ditéwak. Kuring
diinterogasi, Aa Wang mah disél sababaraha poé. Terus diponis bari henteu kungsi
dijagrageun di pangadilan, kuring henteu meunang panggih deui jeung Aa Wang.
Lamun kuring manggihan Aa Wang atawa sabalikna, komo bari babarengan sapoé
jeput, éta téh kajahatan anu kudu ditumpes.
Tangtu waé kuring nyeri haté. Nyanyautan. Pangrasa kuring
Aa Wang ogé ngarasakeun anu sarua. Tapi mangtaun-taun jadi jalma masakat geus
ngaping ngajaring kuring, nyeri haté geus sakuduna ditarima jadi hiji
kagumbiraan. Sarua gumbirana basa dahar kulub sampeu lantaran teu boga béas.
Waktu terus muter. Waktu anu mupus sakabéh anu aya di
dunya ieu. Siga tulisan-tulisan anu dijieun di sisi basisir, waktu sarupa ombak
anu mupus sakabéhna. Terus aya deui tulisan anyar anu bisa jadi
patukangtonggong jeung tulisan mimiti. Mangtaun-taun ti harita. Kolot kuring
angger masakat. Aa Wing turun pamorna. Komo sabada unggah balé watangan
lantaran di-OTT (Operasai Tangkap Tangan) ku KPK (Komite Pemberantasan Korupsi)
basa narima sogokan ijin perumahan internasional di leuweung kota.
Aa Wong ogé mimiti kapopohokeun da tara diberitakeun deui
ku media atawa disebut-sebut dina média sosial. Masalahna Aa Wong kahongkeun ngajak
teu uni santrina anu panggeulisna. Padahal istri Aa Wong téh geus opat. Acara
télévisina eureun ngadadak, ondangan ceramah saat sapada harita, chanel
youtubena ogé euweuh anu ngalalajoanan. Enya ogé kitu, Aa Wong mah tetep
beunghar da pausahaanna réa téa.
Aa Wang anu pamorna beuki ngajaul mah. Mimitina lantaran kawentarna
kaambeu ku partéy politik. Aa Wang terus dijadikeun calon wali kota. Di kota
kuring, warga milih pamingpin lantaran kawentar, hentau penting kawentarna
lantaran naon. Apan Aa Wing ogé kawentar sahaok kadua gaplok jadi wali kota.
Atuh Aa Wang ogé kapilih dina pilkada langsung.
Meureun lantaran kakawasaan salaku wali kota, meureun
lantaran duit, meureun ogé lantaran pangaruh séjénna, obrolan ngacaprak anu
saliwang alias paaing-aing, jadi trending di kota kuring. Di kantor instansi di
sisi jalan di kafe di bioskop di acara tv di warteg di hotél di rapat
législatif di rapat partéy jeung di mana waé di kota kuring, anu ngaromong teh
henteu nyarambung, terus seuri ngabarakatak éak-éakan nepi ka sééleun.
Kitu mimitina pangna kota kuring dianggap katinggaleun
jaman alias bodo. Tapi kami, warga kota kuring, ngarasa bagja taya tandinganana.
***
Mangle, no. 2724, 28 Maret – 3 April 2019
0 Response to "WANG WING WONG"
Posting Komentar