SI KABAYAN KA PASAR



Si Kabayan jeung pamajikanana hiji poé diangkir ku mitohana. Rada reuwas mimitina mah, da puguh lamun ditalatahan téh sok aya waé kasalahan anu ditegor ku mitoha. Ari pék, diajak ngariung di tengah imah.
Sangu pulen, sambel ledok dicoél ku téspong jeung saladah, pais hayam jeung kurupuk udang. Enya ogé asa kakaraeun, Si Kabayan henteu ngarasa ahéng. Puguh atuh da pikiran jeung rasana geus kapincut ku anu melenghir ti tengah imah. Deker wé sakulawarga ngahanca pais jeung sambel mani ponyo naker.
Keur ngeunah-ngeunah ngarasakeun beuteung seubeuh, pok téh mitohana, “Kabayan, Iteng, Abah téh kamari tas panén hui anu di lamping kalér. Henteu loba da ngan sakotakan. Tapi hasilna kaitung mucekil. Tah, keur maranéh saratus rébu. Rék dibeulikeun naon-naon ogé jig waé. Ngan duitna kencring wungkul, da anu meulina tukang goréngan.”
Duit kencring dina kanjung kundang téh ditampanan ku Si Kabayan. Geus tétéla mah éta téh duit, Si Kabayan gancang ngajak pamajikanana amitan. Di imahna, salaki pamajikan jalma masakat téh patingharuleng. Ari kituna, bageurna Abah téh asa kakaraeun. Ceuk Si Kabayan, éta téh bisa kila-kila.
“Ah, tong loba pikiran, Kang. Isuk mah jung ka pasar. Balanjakeun éta duit téh kana béas jeung lauk asin. Tong poho wé, kami mah hayang ayakan paragi nyair di sawah,” ceuk Si iteung.
Isukna, kencling wé Si Kabayan indit ka pasar. Bari héhéotan. Puguh atuh arék henteu senang kumaha, indit mawa duit, beuteung seubeuh da tas sasarap sangu poé jeung pais jeroan pamahanan mitohana kamari, bari panonpoé mimiti moncorong haneut karasana.
Saenyana mah Si Kabayan hamham. Ceuk pikirna, salain bageurna Abah téh hiji kila-kila, ogé éta duit kencring maunatna gedé. Kuduna mah entong dibeulikeun, tapi dijieun jimat. Ngan kumaha deui, béas teu boga sakeprul-keprul acan.
Nepi ka pasar teu loba tetempoan jeung sumpang-simpang, langsung waé ka jongko béas. Si Kabayan henteu wani pok meuli da tukang béas téh keur u-o u-o bari terus lumpat ka solokan da hayang utah.
“Asup angin meureun, Kang,” ceuk Si Kabayan.
“Oh, kitu. Ubarna naon atuh nya?” ceuk tukang béas téh.
“Gampang ubar asup angin mah. Sok buka baju, urang kerok,” ceuk Si Kabayan bari nyapit duit kencringna hiji. Tukang béas nurut. Keur dikerok téh sababaraha kali teurab. Enya wé tonggongna mani bareureum. Réngsé dikerok tuluy dibalur ku tarason.
“Enya wé asa longsong, Kang. Nuhun ah,” ceuk tukang béas bari ngagolér dina dipan.
Si Kabayan mah terus wé ngaléos rék néangan tukang ayakan. Ceuk pikirna, engké wé meuli béas mah. Karunya tukang béas bisi rék reureuh heula. Ari pék, tukang ayakan keur hoghag jeung tukang saté.
“Aya naon ieu téh?” ceuk Si Kabayan ka anu keur hog-hag bari diriung ku jelema loba.
Tukang ayakan tuluy nerangkeun. Manéhna téh jalma masakat cenah. Ti imah dagang ayakan téh ngan bari mekel timbel. Lantaran ayakanna can payu, teu bisa meuli deungeun sangu, dahar bekelna téh bari nagog di hareupeun tukang saté. Cenah, keun wé dahar sangu wungkul gé da bari ngambeu seungit saté. Ari pék basa rék balik, kudu mayar ku tukang saté.
“Sabaraha kudu mayarna?” ceuk Si Kabayan ka tukang saté.
“Saratus rébu, da apan keur meuleum 100 tusuk saté tadi téh.”
“Kieu wé ayeuna mah.  Sok, ka dieu cing deukeut. Yeuh, dina kanjut kundang ieu aya duat kencring saratus rébu,” ceuk SiKabayan. Sanggeus tukang saté ngadeukeutan, duit kencring téh dikirincing-kirincingkeun.
“Lunas ayeuna mah. Saté ogé apan anu kaasaanana haseupna, cukup dibayar ku kirincing duit ogé,” ceuk Si Kabayan bari ngabetot tukang ayakan ngajauhan tempat éta.
Tukang saté molohok. Anu araya di dinya, anu ti tadi nyaraksian, ngaracungkeun jempol bari sareuri.
Si Kabayan mah tuluy balik. Lantaran sumpang simpang heula ka kawawuhanana, nepi ka imah téh pasosoré.
“Teung, teu jadi ah barangbeuli téh. Lebar, duit kencring ieu téh gedé munatna. Geus nulungan duaan tadi ogé, bari henteu kacocéng sapérak-pérak acan,” ceuk Si Kabayan.
“Teu kudu barangbeuli, Kabayan,” témbal pamajikanana. “Da tadi aya tukang béas nyimpangkeun béas sakantong, ditumpangan asin malah, keur tabib Kabayan cenah. Tuluy aya tukang ayakan, nyimpangkeun ayakan hiji, keur hakim Kabayan cenah. Naha manéh ngaku naon waé ka batur?”
Si Kabayan molohok teu ngarti. ***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SI KABAYAN KA PASAR"

Posting Komentar