ANU NYALANGKRUNG DINA PIPI


Anu Nyalangkrung dina Pipi

Basa anjeun asup ka kamar Amih elat aya sajamna, Amih mah angger imut. Kumaha atuh cara Amih anu pangmerenahna pikeun ngabagéakeun anjeun salain ti imut? Anjeun téh budak bageur, towéksa, nyaahan. Naon atuh hartina elat sajam ti biasana. Komo basa ningali paroman anjeun mani sakitu marahmayna.
“Amih, ayeuna téh tos ngawitan ramé anu badé kampanye Pilkada. Di balé RW apan tadi tos aya obrolan barudak Karang Taruna, janten wé abdi gé elat ka Amih. Calonna anu ayeuna mah menarik, asa enya badé aya wawakil urang di pamaréntahan,” ceuk anjeun sabada neundeun baskom cai haneut di tunjangeun Amih. Baskom eusi cai haneut pikeun ngelap sakujur tubuh Amih.
Tangtu waé Amih imut deui, imut anu leuwih kareueut. Da asa kakaraeun. Taun-taun ti heula mah apan anjeun asa henteu kungsi merhatikeun anu kararitu. Basa cenah aya Pemilihan Legislatif, saukur sakali ngiberan. Eta ogé saukur iber, pédah Pa Karna, tatangga sa-RT, cenah milu nyalonkeun. Sabada iber éta mah apan anjeun henteu kungsi ngadongéng nanaon deui. Duka teuing, naha anjeun milu milih atawa golput.
Padahal anu leuwih keuna disebut wawakil mah apan legislatif, lain bupati atawa gubernur. Bupati mah apan kasebutna ogé gegedén. Ah, tapi naon hartina istilah. Bupati ogé apan wawakil urang salaku rahayat pikeun sagala kahayang.
“Amih, hoyong nyobian sayur asem? Tadi enjing-enjing abdi ngadamel. Ayeuna mah pasti tos tiis. Karesep Amih sanes sayur asem tiis?” ceuk anjeun.
Amih imut.
**

Tapi geuning perhatian anjeun kana Pilkada ayeuna mah béda ti anu enggeus-enggeus. Anjeun téh enya-enya ngarasa bungah bakal panggih jeung Pilkada. Meureun lamun Amih jagjag mah bakal apal naon sababna. Hanjakalna apan Amih mah sakieu kaayaanana aya kana tujuh taunna. Ngagilirkeun awak ogé saukur bisa lamun dibantuan ku anjeun. Lamun aya anu ateul téh geuning saukur bisa auh ah auh. Anjeun anu terus narjamahkeunna bari ngomong sorangan.
“Kunaon Amih? Ateul deui? Palih mana, palih dieu nya... atanapi palih dieu....” Kitu apan ceuk anjeun téh. Ari Amih, tungtungna mah cicing, enya ogé anjeun téh salah terus. Puguh anu ateul dina cangkéng, anjeun kalah ngusapan lebah punduk, puhu leungeun, nepi kana gado.
Sakitu kaayaanana geuning Amih téh. Komunikasi ogé arang nyambung. Meureun Amih téh kaleleban ku Apih. Ti anjeun umur lima taun Apih téh bet unggah baléwatangan. Amih neger-neger manéh nyanghareupan cocoba ieu. Apan Amih sakitu tihothatna ngabéayaan hirup duaan. Amih rido buburuh di bumi Ibu Ieu popolah di bumi Ibu Itu kukumbah wadah di warung sangu saksak-siksik di anu hajat.
Amih téh aya ku bagja basa Apih mulang deui, tujuh taun ka tukang. Tapi sabada Apih ka ditu ka dieu néang pakasaban teu aya anu mercaya, terus ningali kumaha ripuhna Amih buburuh, Apih téh siga anu marudah. Amih apal pangrasana. Amih ngarasakeun kumaha nalangsa, ngarakacak, jeung ngabangingikna haté Apih.
Apan kasedih kitu téh kaalaman ogé ku Amih sabada Apih struk. Apih teu walakaya saperti Amih ayeuna. Tapi Apih mah bagja, saukur bubulanan kituna téh. Da apan terusna mah dipundut ku anu kagungan-Na.
Terusna, pastina ogé anjeun anu ngarasakeun kasedih, kanalangsa, jeung ngagukguk kanyenyerian. Apan anjeun keur sumangetna nyuprih élmu di kelas X SMK. Ceuk Amih harita, soson-soson diajar téh. Anjeun téh harepan Amih. Geus réngsé mah sakola anjeun bisa néang gawé anu leuwih ngareunah kana haté bari hasilna mucekil.
Tapi geuning kanyataanana mah kitu. Sakola anjeun kabolér. Anjeun ka ditu ka dieu buburuh, siga Amih, da puguh ijazah SMP mah teu bisa diandelkeun. Minangka rada genah téh ayeuna sanggeus ditarima purah nungguan warnét ti tabuh dalapan isuk-isuk nepi ka tabuh llima soré. Genah lain pangasilanana, da éta mah angger kurat-korét, tapi henteu pati diutuh-etah. Hampura Amih, Nyai, Geulis. Hampura....
**

Pangbagja-bagjana pikeun Amih ayeuna lamun ningali anjeun asup ka kamar bari paroman marahmay. Amih geus teu boga kahayang, komo ngarasula siga tiheula, Amih mah pasrah. Tapi haté téh bet ngarasa éndah ningali paroman anjeun marahmay.
“Amih, Pilkada ayeuna téh aya opat pasangan calon. Itu ieu aya pendukungna anu panatik. Tapi abdi mah ngawitanana teu hoyong ilubiung. Itu ieu ogé anu jadi gegedén, hirup urang mah geuning angger kieu,” ceuk anjeun bari ngusapan leungeun Amih. Pameunteu anjeun manco, meureun nyidik-nyidik bisi aya réspon pikabungaheun Amih diajak ngadongéngkeun Pilkada mah. Tapi Amih angger teu ngaréspon nanaon.
“Calon anu kahiji mah bupati anu nuju jeneng, Amih. Sok angger ari gegedén, dipilih téh sok hayang malikan deui. Bari henteu introspéksi, naon anu geus dilakukeun? Enya, tong boro tingkat bupati kétang. Saluhureun ti éta ogé, geuning teu karasa nanaon ku urang mah. Anu puguh mah mayar listrik jadi mahal, gas jadi mahal bari sakapeung hésé,” ceuk anjeun bari diuk dina korsi. Merenah, siga anu lila moal cengkat. Siga anu hayang ngabudalkeun naon anu disidem salila ieu.
“Sok sedih mah, lamun seug ngeunteung ka diri. Urang téh saukur korban tina kawijakan pamaréntah, Amih. Pamaréntah téh enya tatahar ngawangun, ceuk béja internét, infrastruktur di ditu di dieu, jalan tol but-bat gedong ngajungkiring bendungan ngaeuyeuban. Pamaréntahan anu beresih diusahakeun. Rahayat diraharjakeun.
Tapi urang mah kaasup rahayat anu kabolér, Amih. Enya, apan PNS gajihna mani ajol-ajolan, ditambah insentif itu-ieu. Lebaran kamari ogé apan salain kénging THR, ogé gajih katilu welas. Eta téh maksudna mah ngarah pamaréntah beuki beresih. Najan kanyataanana mah jauh ka enya.”
Amih ogé saenyana milu sedih ningali anjeun siga anu ngangluh. Tapi apan Amih mah geus hésé nepikeun rasa ku paroman ogé. Boa geus poho, kumaha merenyéng anu rék ceurik atawa alum anu nalangsa. Saukur imut anu saulas, imut anu moal katiténan ku anu henteu biasa.
“Pagawaé swasta apan dituturusan ku UMR anu ogé raharja. Kabupatén miskin ogé ari UMR-na mah lumayan, komo deui di puseur kota. Atuh rahayat séjénna kacombo ku proyék infrastruktur téa anu gajihna enya lumayan.
Ngan anu siga urang anu kaluli-luli mah. Tukang dagang leuleutikan bari di kampung, pagawé usum-usuman, buruh tani, tukang bas jeung ladénna, komo anu kapaksa ngalanggur, asa maju ka ripuh mingkin ka miskin. Eh, sanés mingkin ka miskin da miskin mah apan nuju dipaju.”
Amih téh reuwas bari molohok saenyana. Tapi apan paroman Amih mah angger kitu. Reuwas lantaran anjeun bet capétang nyarita siga kitu. Naha saha jeung di mana anu ngabéjaanana? Apan anjeun mah sakola gé teu tamat SMK.
“Aya éta ogé ketak pamarentah téh pikeun ngurangan rahayat anu katalangsara. Ngaliwatan Dana Desa, padat karya. Tapi apan siga di urang, ku desa téh disemi kerjabaktikeun. Ceuk désa, bahanna aya, hayu urang der ngoméan jalan. Ari pék buruhna ukur 25 rébu sadinten. Dana anu kuduna saratus juta téh nepina mah saukur genep puluh juta. Ceuk béja internét, di Madura mah malah aya anu onjoy, Amih. Tina dana saratus juta, apan ngan 20 juta anu ditepikeun. Ku harianeun ari Pa Kuwu, ku harianeun ari Pa Presiden, ngamalirkeun dana téh henteu jeung ngajagana.
Aya ogé anu ngaliwatan sakola. Barudak di pasisian anu mariskin siga di urang, saurang muridna téh kabagéan opat ratus rébu. Tapi nepina mah geuning ukur satengahna. Da éta aya potongan ongkos budak ka bank, motokopi itu-ieu, infak poéan, kaasup pangleuleur ka Dinas Pendidikan gegedéna mah. Beu, aya ku harianeun Ibu Kepala Sakola, aya ku téga ari Pa Kepala Dinas.
Aya ogé kanyaah pamaréntah téh ku béas rastra, baheula mah disebutna raskin téa. Urang apan sok kabagéan, Amih, najan henteu unggal bulan. Tilu kilo téh apan kudu ditebus tujuh rébu rupiah. Tapi édas bau hapeukna, sakapeung mah matak ongkék anu henteu biasa. Hayam ogé geuning ari diawuran sanguna, ukur sekecok dua kecok, terusna mah ngaléos. Ku harianeun ari gegedén nya, Amih. Biheung aruningaeun kaayaan di handap téh aya anu kitu.”
Amih ngan kaduga imut saulas basa anjeun nyusut anu rambisak, terus ka luar kamar sanggeus ngesun pipi Amih.
**

Isuk-isuk saméméh ka tempat gawé, anjeun geus jol deui ka kamar. Baskom eusi cai haneut ditunda di tunjangeun Amih.
“Anu kamari téh nu nomer hiji, Amih. Ari anu nomer dua, didukung ku partéy anu cenah Islami. Kampanyena téh geuning asa aing soléh sorangan. Malah nepi ka kieu, anu henteu milih nomer dua ieu, hartina satengah kapir. Beu, nepi ka kitu. Teu sadareun, maranéhna téh geus ngarebut hakna Gusti.
Muhun Amih, apan anu didagangkeunana téh acan ngabuktikeun nanaon. Ari éta partéy, ogé apan cul-cel kaderna anu korupsi téa anu nganyerikeun haté batur téa. Basa aya anu salah omong ogé apan, uuh mani ngaleut ngeungkeuy nyararékan, tutunjuk taya hampura, henteu sugema saacan dibui, malah sawaréh leuwih ti kitu. Anu henteu sapamadegan, satengah kapir disebutna ogé.
Sok ras kana siroh anu sering dicarioskeun ku Amih, kapungkur. Apan Rosulullah Salallahu alaihi wassalam mah, ningalikeun Islam téh ku perilaku. Anu ngahina, malédog, malah nyiduhan sagala, dibalesna téh geuning ku dilongok mangsana ituna gering.”
Hayangna mah Amih téh ngusapan, tapi apan sakieu kaayaanana.
**

Isukna geus pok deui waé anjeun ngeunaan hal anu sarua. Enya-enya anjeun téh hayang ngabudalkeun eusi haté.
“Tapi namina ogé rumingkang di pawenangan nya, Amih. Harepan téh bakal aya waé. Apan urang, alhamdulillah, kaayaan sakieu téh ku ayana harepan. Tah, nomer tilu harepan urang dieu téh, Amih. Anjeunna mah luhung élmu, jembar pangabisa sareng pangalaman.
Pangsiunan gegedén ti puseur dayeuh, Amih. Kamari apan ka dieu. Rusiah cenah ieu mah, jangjina ka urang dieu apan sakitu ngabéréndélna. Bakal nyiptakeun clean governement, nyadiakeun lowongan pagawéan, ngawangun infrastruktur husus daérah dieu mah onjoy ti tempat sején, ngajakan urang dieu jadi gegedén ngabantuan Anjeunna di kota kabupatén.
Ari kituna, Anjeunna téh bibit-buitna mah urang dieu, Amih. Ieu tah potrétna. Urang témpél dina témbok, nya. Ieu anu bakal buméla ka urang dieu mah.”
Amih tangtu waé reuwas kacida. Henteu lali ku panyakit henteu kahalangan ku kakolotan. Amih apal kacida saha manéhna. Manéhna téh apan anu nyungkrukkeun Apih ka panjara. Manéhna anu korupsi, tapi Apih anu dikorbankeun. Ceuk pikiran waras mah, kumaha bisana Apih korupsi miliaran rupiah da Apih mah honorér kénéh harita téh. Tapi korupsi, hukum anu kapangaruhan korupsi, nyaan-nyaan henteu waras. Tapi Amih saukur bisa auh ah auh ah.
“Muhun Amih, némbé ayeuna bakal aya anu merjuangkeun urang,” ceuk anjeun bari némpélkeun gambar dina témbok. “Bageurna téh Amih, ka urang dieu mah ngabagi kaos ogé seueur pisan. Saurangna anu kamari aya, tiasa nyandak dua atanapi tilu kaos. Bilih Amih hoyong nganggé, tos dielap urang gentos acukna ku kaos si Bapa Gegedén nya.”
Tangtu waé Amih auh ah auh ah, embung kacida. Tapi anu katangkep ku anjeun mah Amih téh satuju banget. Basa anjeun ngaléos ka luar kamar, auh ah auh ah Amih mingkin kadangu. Anjeun teu apal kumaha nyerina haté Amih ku mangkluk éta. Mangkluk anu sabada Apih dipanjara, tuluy ngagadabah Amih di kamar hotél.
Harita Amih ditélépon, cenah manéhna bakal ngabantuan keur kahirupan sopopoé Amih jeung anjeun. Sanggeus di kamar hotél, asisténna kalah patingkereles. Basa manéhna mikeun amplop, bet bari ngabetot Amih. Teu sudi abrig-abrigan Amih kudu ngampihan amplop ti mangkluk jahat siga kitu. Nepi ka iraha ogé nyeri haté Amih moal kaubaran. Awak Amih asa bolokot kalotor ku geugeuleuh manéhna. Komo sabada Apih terangeun kajadian éta, kaleleban nepi ka struk, tuluyna ninggalkeun Amih jeung anjeun.
“Tah, ieu kaosna Amih. Sok urang anggo,” ceuk anjeun bari nyengkatkeun Amih, sakumaha mistini upama Amih ganti salin. Réngsé kaos dipakékeun, anjeun imut. Tapi di sabudeureun soca Amih mah aya anu rambisak.
“Aduh, punten Amih, bet jadi hilap, pipi Amih mani nyalangkrung teu acan dielap.”
**
29 Juni / 1 Juli 2018
Tribun Jabar, 17-19 Juli 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "ANU NYALANGKRUNG DINA PIPI"

Posting Komentar