KINANTI

Carpon Yus R. Ismail

Mangle no. 2572, 7-13 April 2016

Kuring ngahuleng basa Enci laporan, cenah aya anu nélépon, tilu kali, nanyakeun kuring. Ngaranna Kinanti. Ngakuna sobat kuring jaman keur SMP.
“Ku abdi téh henteu dipasihan nomer Ibu,” ceuk Enci, sekertaris kuring. “Upami ogé anjeunna leres réréncangan caket Ibu, kedahna terang nomer Ibu.”
“Ninggalan nomer hp teu?”
“Henteu. Waktos ku abdi disungkeun, kalah masihan alamat anu rada anéh, Bu. Sareng titip salam kanggo Ibu sakulawargi”
Kampung Neglasari, Desa Leuweung Tiis, Kecamatan Paniisan. Enya alamat anéh da henteu aya nomer, hentau aya ngaran jalan, pikeun urang kota mah. Tapi kuring yakin, ieu téh Kinanti anu salila ieu ditéangan ku kuring.
**

“Sapertosna mah omset samiliar per bulan téh tos mapan, Bu,” ceuk Enci waktu méré laporan penjualan. Kuring imut. Bungah. Henteu gampang hayang nepi kana targét sakitu. Meunang gawé anu ceuk batur mah kamalinaan. Warkoholik apan nyebutna ka kuring téh. Kukurilingan ka daérah-daérah ngaresmikeun cabang usaha, ningkatkeun produksi, mekarkeun waralaba, jeung tangtu waé ngiklankeun hasil produksi.
Tangtu waé ieu téh hiji préstasi. Préstasi pikeun kuring. Dina umur tilu puluh lima taun kuring geus mampuh ngadegkeun usaha anu omsetna samiliar sabulan. Omsét anu ceuk dosén kuring mah geus ngaliwatan titik kahiji. Lamun omsét samiliar sabulan geus katepi, usaha téh bisa mekar ka arah mana waé.
Tangtu waé ieu téh préstasi ogé pikeun kulawarga kuring. Kang Adang, salaki kuring, anu mimitina mah keukeuh yakin salah saurang ti salaki-pamajikan kudu aya anu gawé; dua taun katukang apan eureun tina pagawéanana. Kang Adang ayeuna mah saratus peresén ngabantuan kuring ngokolakeun usaha Dingrén Frozen.
Lain légég saenyana mah maké ngaran ngaharib-harib mancanagara téh. Dingrén téh apan singketan tina puding kerén. Ari Frozen, kecap éta téh keur populér, apan aya filmna sagala. Ayeuna mah Dingrén Frozen jadi kacapangan barudak ngora anu keur santéy di kafe, ibu-ibu arisan, malah mah barudak sakola ogé ari aya acara téh tara kaliwat Dingrén Frozen.
Hasil tina usaha téh tangtu waé kuring sakulawarga bisa ngarasakeun hirup sarwa méwah. Méwah dina hirup sapopoé, hiburan, pendidikan keur Anis jeung Riawan, barudak kuring. Ema anu jadi sumber sumanget kuring moal deui ngalaman hirup susah sangsara balangsak siga jaman kuring keur leutik. Basa Ema gaduh niat ngalaksanakeun ibadah haji, kuring nganganteur bari haté bungah. Waktu Ema mulang ti Mekah apan kuring mapagkeun téh bari ngaharéwos, “Ema, bilih Ema hoyong ka Mekah unggal taun ogé, sapertosna mah abdi tiasa ngabéayaan.”
Ema imut. “Wajib haji mah mung sakali, Bageur. Leuwih ti éta mah malah Ema sieun, sieun aya pikiran jeung rarasaan lain salain ibadah,” saurna.
Kuring ngabéléhém. Kudu diaku, kuring téh masih dengdem kana hirup sangsara. Sainget, ti mimiti Bapa ngantunkeun basa kuring kelas hiji SD, hirup téh asa pikakeueungeun. Ema ngabantu-bantu pagawéan naon waé di imah anu beunghar. Uihna Ema mawa sangu atawa béas. Duit anu dikeupeulkeun ka Ema mah disimpen. Cenah keur nabung mayar kontrakan. Dahar sangu karo uyah téh lain hal anu ahéng. Malah dahar saukur sangu sakeupeul ogé mindeng.
Basa kuring kelas opat SD, Ema mimiti dagang loték jeung goréngan. Modalna ditambutan ku anu boga kontrakan. Kuring mantuan nyeupan lejet, kangkung, engkol, nangka. Réngsé nyeupan dituluykeun kukumbah wadah. Tapi unggal Ema miwarang kuring mawa goréngan ka sakola atawa titipkeuneun ka warung deukeut sakola, kuring tiba gideug.
“Naha kunaon?” saur Ema harita. “Lumayan, salain ngabantuan Ema, apan Euis jadi boga keur jajan”
“Euis isin,” témbal kuring.
Sigana Ema jéngkél harita.
**

Asup ka SMP kuring mimiti wani mawa dagangan ka sakola. Éta ogé lantaran daganganana lain goréngan, tapi ager gula kawung. Puding, kitu kuring mah nyebutna. Kuring sok seuri lamun inget ka mangsa harita. Anéh, dagang goréngan mah bet éra. Rarasaan téh goréngan leuwih handap ajénna batan puding.
Harita kuring mimiti deukeut jeung Kinanti, batur sakelas.
“Wah, surprise! Rasana kerén,” ceuk Kinanti basa ngasaan puding dagangan kuring bari ngacungkeun jempol. “Euis anu ngolah pudingna?”
Isukna kuring ngajenghok. Anu apal kuring dagang puding, geuning lain waé batur sakelas. Barudak kelas séjén ogé arapaleun. Basa kuring ngaliwat ka kelas dua, réa anu ngageroan kuring tukang puding. Tangtu waé kuring éra. Kuring lumpat ka kelas.
“Héy tukang puding, ka dieu...!” ceuk Salsa ti kelas 2C. “Dagang puding téh atuh tong nyumput.”
Babaturanana sareuri.
“Tukang dagang anu éraan mah enya kitu, lamun aya anu meuli téh kabur!” ceuk anu séjén. Baturna sareuri beuki ramé.
Kuring diuk dina bangku. Cimata mah teu katahan, maseuhan sapu tangan jeung tungtung baju. Koma basa nyaho anu nyebarkeun béja kuring tukang dagang puding téh horéng Kinanti. Naon atuh salah kuring téh ka Kinanti. Bet téga-téga teuing....
Isukna kuring embung deui dagang. Balik sakola kuring ngahadep ka kepala sakola, dipanggil pedah kuring can mayar iuran toilet séhat. Balikna kuring ningali Kinanti keur nungguan mobil jemputanana. Ku kuring disampeurkeun.
“Kinan, naon salah Euis, naha mani téga nyebarkeun béja yén Euis dagang puding?!” ceuk kuring. “Jamuga nya ayeuna mah ka Euis!”
Kinanti molohok. Kuring mah gancang rurusuhan balik. Soréna Kinanti datang ka imah kuring. Kinanti ménta dihampura.
“Kinan mah henteu maksad ngahina atawa ngéra-ngéra Euis,” ceuk Kinanti. “Kinan mah nyaan resep kana puding buatan Euis. Matak Kinan mantuan promosi. Kinan mah teu nyangka Euis bakal éra, komo terus embung dagang. Naha maké éra dagang? Kinan mah ti acan sakola geus biasa dagang.”
Kinanti téh budak juragan warung sangu. Ti leuleutik cenah geus biasa jeung lanceuk-lanceukna dagang di pasar kagét. Pasakan meunang indungna téh didagangkeun ku Kinanti jeung dua urang lanceukna. Sésana dibawa ka warung indungna. Nepi ka ayeuna Kinanti masih miluan dagang. Lantaran warung sanguna aya opat, Kinanti ngiluan ngabantu-bantu di warung sangu anu dikokolakeun ku lanceukna anu geus kuliah. Balik sakola téh Kinanti mah mindeng henteu ka imah, tapi terus ka warung sanguna. Matak manéhna héran, naha kuring bet éra pedah dagang?  
Isukna kuring dagang deui puding. Kinanti mantuan mangjualkeun. Anu biasana saukur payu dua puluh kap, dibantuan ku Kinanti mah béak nepi ka lima puluh kap.
“Puding meunang Ema Euis téh nyaan énak, rasana kerén,” ceuk Kinanti. “Kumaha lamun urang ngaranan waé Dingrén, hartina puding kerén, atawa puding gula arén.”
Ti harita Dingrén jadi populer di sakola kuring. Lantaran sapoé téh leuwih ti saratus kap anu kudu dibawa, kepala sakola ngalarang kuring dagang di kelas. Dingrén téh terusna mah dititipkeun di kantin. Dingrén anu henteu béak sok disimpen dina kulkas, ngarah leuwih awét diasupkeun kana freezer. Lamun rék didagangkeun tinggal disimpen ngarah henteu ngabeku. Ari pék geuning réa anu resep Dingrén beku. Ti harita katelah wé Dingrén beku téh ku sebutan Dingrén Frozen.
Ari Kinanti, ti tamat SMP téh siga anu ngaleungit. Imahna geus ganti anu nyicingan, warung sanguna tutup. Pleng wé teu panggih mangtaun-taun. Basa minggu kamari kuring diwawancara ku acara talkshaw télévisi, kuring téh ngadongéngkeun Dingrén Frozen.
“Kinanti téh lain saukur sobat, tapi anu jadi titik balik kuring,” ceuk kuring. “Hanjakalna, nepi ka ayeuna Kinanti siga anu ngaleungit. Kuring geus néangan ka ditu ka dieu, ngubek dina internét, tapi henteu aya. Anéh ogé nya, jaman tehnologi komunikasi maju ngabelesat, maké hésé néangan sobat. Kuring miharep, lamun aya anu nongton terang dimana Kinanti, tiasa ngontak ka kuring. Kinanti téh kudu apal, usaha kuring sagedé kieu téh ku alpukahna ogé.”
Meureun acara talk-show éta anu nyababkeun Kinanti ngahubungi kuring.
**

Kuring indit sorangan néangan alamat Kinanti. Henteu dibaturan ku salaki, ku Enci, atawa ku barudak. Rarasaan téh asa hayang sorangan. Ngarah laluasa. Ngaleungitna Kinanti téh rarasaan mah aya nanaonna.
Kuring hareugeueun neuteup awéwé kolot, buukna ipis, pipina kemong. Awéwé kolot anu terus nangkeup kuring pageuh pisan.
“Wilujeng Euis, Kinan bungah Euis jadi pengusaha anu suksés,” pokna ngaharéwos.
Kinan téh divonis kangker basa kelas hiji SMU. Kolotna mawa tatamba ka mana-mana. Pengobatan médis nepi ka mancanagara. Pengobatan tradisional mah cenah geus sagala dicoba. Tapi henteu aya anu mempan. Ayeuna mah sagala tatambana téh eureun. Anu diandelkeun tinggal dahareun anu diatur jeung sumanget pikeun ngeusian sésa umur.
“Hirup téh anéh ogé nya, Euis,” ceuk Kinanti bari imut. “Ti kelas hiji SMU Kinan divonis umur ukur bubulanan deui. Tapi anu tipayun ngantunkeun mah kalah Apa sareng Emih. Kinan téh geus ubar-aber tatamba ka ditu ka dieu, tapi asa séhat mah ayeuna sanggeus sagala obat ditinggalkeun. Gusti téh meureun masih méré tugas keur Kinan.”
Kuring henteu réa ngomong. Aya anu nyelek dina tikoro jeung di jero dada. Lamun kuring loba ngomong mah tanwandé bakal bedah jadi ceurik. 
“Da puguh sagala kakayaan Apa sareng Emih dipaké ngabéayaan tatamba, Kinan mah kungsi ngalaman sangsara anu pohora. Mindeng nahan lapar jeung nyeri.” Kinanti ngadongéng bari tara tinggaleun imut. “Pangalaman anu éndah, anu jadi titik balik sangkan Kinan bangkit jeung maranéhna.”
Anu disebut maranéhna téh batur salemburna. Unggal soré Kinanti ngajar maca jeung nulis ka barudak. Isuk-isuk ibu-ibu dialajar popolah kadaharan. Barudak rumaja mah dialajar bisnis. Unggal poé minggu olahan ibu-ibu téh dibawa ku barudak rumaja, didagangkeun di pasar kagét. Ari bangsa kuah-kuéh mah dititipkeun di warung-warung ku barudak rumaja téh.
“Naha henteu muncul dina internét, Kinan?” ceuk kuring. “Jaman ayeuna mah kukumaha ogé lamun hayang leuwih maju kudu ngamangpaatkeun internét.”
“Tadina Kinan alim saha waé apaleun yén Kinan téh kangker, kungsi divonis umur bubulanan deui.” Kinanti neuteup kuring lila pisan. “Tapi moal lila deui ogé Kinan bakal muncul. Kinan kudu mingpin urang dieu pikeun bisnis, nyieuhkeun kasangsaraan hirup urang lembur.”
Kuring nangkeup Kinanti pageuh pisan saacan mulang. Bari jeung gering sakitu parnana, cocoba hirup anu luar biasa, Kinanti masih ngajarkeun jampé hirup pikeun kuring. Salila ieu kuring mah poho kana purwadaksi. Mangtaun-taun hirup sangsara, sanggeus jugala henteu inget ka anu masih sangsara. Dengdem kana kasangsaraan téh lain dengdem ka anu sangsara.
“Euis bakal ka dieu deui, sagancangna,” ceuk kuring ngaharéwos.
Kinanti imut. Sorot teuteupna aya ku sumanget.
****
   


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KINANTI"

Posting Komentar