NGARANG DINA MANGLE

karangan Yus R. Ismail

Mangle no. 2512, 29 Januari - 4 Februari 2015

Taun dua rébuan kungsi ngarang carpon (lamun teu salah mah judulna Putri Bulan), dikirimkeun ka Manglé. Henteu pati diperhatikeun, da rarasaan téh kamalayon waé. Sabada aya anu ngabéjaan carpon kuring dimuat, asa sumanget, der deui ketak-ketik. Tapi henteu lana, ukur dua tilu judul, pleng deui wé.
Basa tepang sareng Abah Duduh (Duduh Durahman, almarhum), koméntarna téh bet: “Geuning ngarang basa Sunda, apan honorna ogé teu sabaraha.” Aya anu mangnémbalankeun di tukang (hilap deui saha-sahana mah): “Apan ngarang Sunda mah seueur hadiahna.” Kuring ukur ngahéhé.
Rumasa ngarang téh henteu disiplin. Kumaha karepna jeung kumaha ngareunahna kana haté waé. Kana huduah-hadiah komo deui henteu perhatian. Tapi kakara engeuh, harita téh carpon mah réa hadiahna. Dina Manglé aya Carpon Pinilih bulanan, LBSS unggal taun milih carpon anu kungsi midang dina media Sunda, jeung anu ngahaja dilombakeun.
Anu kapikiran téh koméntar “geuning bet ngarang Sunda”. Enya meureun, kuring mah leuwih dipikawanoh salaku pangarang Indonésia. Najan sobat, batur begadang, batur ubrang-abring, réréana mah pangarang Sunda. Atuh sakali-kalieun osok ogé ngarang carpon saperti didongéngkeun mimiti. Ari mimindengna enya ngarang cerpen. Apan majalah populer saperti Femina, Bobo, Gadis, Hai, Mode, Ceria, Nova, Citra, nepi ka media anu leuwih serieus saperti Kompas, Koran Tempo, Republika, Media Indonesia, Matra, Horison; kungsi ngamuat cerpen kuring.
Padahal mah mimiti cacarakan ngarang téh dina basa Sunda. Keur SD, unggal poé Kemis anu sok diboro upami Apa uih ti kantor nyaéta koran jeung majalah Manglé. Lamun aya téh Manglé mani sok poho kana dahar. Tapi lamun henteu aya mani sok hanjelu.
Maca Manglé téh sok dipapay, ti kaca Lawang Saketeng nepi ka Lempa Lempi Lempong. Najan bisa jadi eusina mah réa anu henteu ngarti. Ari rubrik anu sok dibulak-balik pastina ogé Manglé Alit jeung Hahaha. Meureun harita ogé geus aya kereteg hayang tulas-tulis, da duka kumaha ngetikna, aya karangan hahaha anu dimuat Manglé. Harita mah lamun ngarang téh siga kieu. Judulna: Endog, eusina: endog nyaéta... bari réa ngahulengna.
Tapi anéhna, ari ngarang dongéng mah asa sok lancar. Keur SMP ngarang deui sasakala kelenci warna buluna bet bodas. Caritana meunang maca tina basa Indonésia. Rada reuwas sabada apal karangan téh dimuat dina Manglé Alit, terus dibukukeun ku Ki Umbara dina Kumpulan Dongéng Sasakala. Sumanget sabada dimuat, ngarang téh asa réa. Dikotrér dina buku kabéhanana ogé. Anu dikirimkeun ka Manglé mah saeutik da mesin tik-na ogé satimuna.
Mimiti ngarang dina basa Indonesia mah keur SMA. Ampir unggal poé maca buku di perpustakaan sakola.  Mimiti wawuh jeung karangan AA Navis, Kuntowijoyo, Putu Wijaya, Bur Rasuanto, Faisal Baraas, Chairil Anwar, Sutardji Calzoum Bachri, jeung réa deui. Ari carita rumaja anu jadi favorit mah Lupus karangan Hilman, novel-novel Mira W, jeung novel-novel Eddy D. Iskandar. Rada kaboler pelajaran ogé ku resep maca fiksi téh. Da éta wé kungsi dicarékan ku guru pedah kuring di kelas maca waé Musashi.
Pastina réa karangan anu henteu pati ngarti. Najan kitu ampir unggal poé kuring ngetik. Basa kuring balik, Apa ngabahanan mesin tik. Ti SMP kuring mah cicing di imah bibi, da sakolana di Sumedang. Ceuk bibi, pagawéan kuring harita: balik sakola saré, peutingna ngetik ngagandéngan tatangga.
Ngarang téh rada resep. Éta wé da ampir unggal minggu ngirim karangan ka kantor pos. Ari média anu mayeng dikiriman Mitra Desa. Tapi harita aya ogé karangan kuring anu dimuat ku Pikiran Rakyat, Suara Karya, Suara Pembaruan, majalah Mode jeung Gadis.
Pindah ka Bandung taun 1989, ngilu ubrang-abring diajar ngarang ka Ceu Aam (Aam Amalia). Anéhna, enya ogé resep kana carpon-carpon Ceu Aam, ari trét ngarang mah basa Indonésia deui. Sakali-kalieun ngarang carpon téh ari balik ka Rancakalong. Éta ogé sanggeus ngahanca bundel Manglé. Bibi anu harita langganan Manglé, sataun sakali rajin dibundel. Ki Umbara, Usep Romli HM, Ahmad Bakri, Abdullah Mustappa, Holisoh M.E., Eddy D. Iskandar, Aam Amilia, Trisna Mansyur, Yous Hamdan, Budi Rahayu Tamsyah, Cecep Burdansyah, Hadi AKS, jadi pengarang kameumeut.
Ari buku anu inget waé: Blues Kéré Lauk karangan Godi Suwarna anu sanggeus macana sababaraha poé henteu daék saré, Jajatén Ninggang Papastén kumpulan carponna Yus Rusyana, Dayeuh Matapoé-na Acep Zamzam Noor, Demung Janggala-na Tatang Sumarsono, jeung réa deui lamun ditataan mah. Anu ngérakeun basa maca Popotongan-na Raf. Bet ngilu ceurik, nginghak, basa nyaritakeun manuk cocooan budak dipénta ku upas jurungan Juragan Camat da budak Juragan Camat hayangeun éta manuk. Keur di lembur, sanggeus macaan Manglé jeung buku-buku éta kuring kutrat-kotrét deui ngarang carpon. Hanjakalna, carpon ngan sababaraha judul téh henteu kapanggih raratanana. Kungsi dimuat dina Manglé jeung Galura, tapi dokumentasina teuing ka mana.
Diitung-itung mah nganjrek di Bandung téh aya kana dua puluh taunna. Éta ogé kungsi sataun mah kuli di Bengkulu, sataun di Jakarta. Kungsi eureun ngarang ampir kana sapuluh taunna. Ditempo dina dokuméntasi komputer, aya cérpén henteu leuwih ti lima judul salila sapuluh taun téh.
Taun 2012 pindah ka Pamulihan, Sumedang. Deukeut ka lembur. Atuh suasana ogé kampung pisan. Cai sawah ngagenclang da puguh langsung ti sirahcai. Hawana seger. Saminggu tilu kali mah sok kukurilingan mapay ka lembur-lembur atawa ka sisi leuweung.
Mimitina mah sok nginjeumkeun Manglé ka tatangga anu resep maca. Kadieuna mah kuring anu sok macaan deui Manglé heubeul téh. Tangtu waé sanggeus maca téh sok kutrat-kotrét deui. Kadieunakeun anu nginjeum buku beuki réa, pangpangna barudak. Dijieun wé taman bacaan, ngaranna Capung (taman bacaan di kampung). Enya ogé barudak téh ngomongna basa Indonesia waé, di taman Capung mah diajar ngomong Sunda. Sakapeung sok ngadongéngkeun dongéng tina Manglé. Hanjakalna, dina Manglé ayeuna mah saeutik rubrik bacaeun barudak. Manglé Alit henteu mayeng jeung karangan barudakna ukur sajudul.   
Enya, ngarang téh geus diniatan ti mimiti pindah ogé. Minangka usahana, dikumpulkeun cerpen-cerpen pangarang entragan anyar anu sapuluh taun katukang mah can kungsi maca. Resep téh ka cerpen karangan Yetti Aka, Benny Arnas, Avianti Arman, Guntur Alam, A. Mutaqin, Mardi Luhung, Joko Pinurbo, Eka Kurniawan, Mashdar Zainal, Adi Zamzam, Teguh Afandi, jeung réa deui. Ari carpon, sok nginjeuman bari henteu bébéja ari ulin ka kontrakanna Dhipa Galuh Purba. Ngahajakeun macaan deui karangan Dian Hendrayana, Dadan Sutisna, Dhipa Galur Purba, Dédén Abdul Aziz, Usman Supendi, Nunu Nazarudin Azhar, Toni Lesmana, Chye Retty Isnendes, Hérmawan Aksan, jeung réa deui.
Lamun resep ka hiji karangan, tangtuna ogé bisa kaidean. Anéhna, enya ogé anu dibaca mah cerpen, resep kumaha ngacaprukna cerpen Mardi Luhung atawa ngabatinna cerpen Yetti Aka, ari trét ngetik mah bet carpon. Sanggeus di Pamulihan ngarang carpon téh kaasup réa. Éta wé Manglé, Tribun Jabar, Galura, jeung Pikiran Rakyat, kakiriman bari rada mayeng. Éta ogé aya anu ngageuhgeuykeun. Pajar téh, rajeun produktif ngarang carpon sanggeus tigerat ku hadiah. Kuring ukur ngahéhé. Kakara engeuh, salila dua taunan rada mayeng ngarang carpon, enya tara aya béja Carpon Pinilih bulanan Manglé atawa carpon LBSS taunan. Aya ogé Rancagé apan kudu dibukukeun heula. Tapi henteu nanaon, da keur uleng ngarang ogé lain éta udaganana.
Aya carpon kuring anu diterjemahkeun kana basa Inggris ku Bill Watson. Basa ngobrol jeung Pa Bill, anjeunna nyarankeun kuring narjamahkeun carpon kana basa Indonésia, ngarah leuwih réa anu macana. Rada ngahuleng mimitina mah. Baheula keur rajin ngarang cerpen, sobat kuring Dian Hendrayana sok nyarankeun pikeun narjamahkeun cerpen kana carpon. Kuring sorangan tara pati sugema, da carpon téh malélél teuing malayuna. Matak lamun narjamahkeun cerpen kana carpon téh sok sangeunahna waé. Palebah anu héséna sok dikarang deui wé sangareunahna.
Ayeuna bet tibalik, narjamahkeun carpon kana cerpen. Mimitina mah ngirim cerpen tarjamahan téh ka anu jararauh. Banjarmasin Pos, Padang Eskpres, Bangka Pos, Lampung Pos, kungsi ngamuat tarjamahan carpon téa. Ka dieunakeun tarjamahan carpon téh dikirimkeun ogé ka media terbitan Jakarta. Tapi bet poho nyantumkeun ngaran. Apan salain ngaran Yus, kuring gé sok ngarang dina majalah budak jeung rumaja maké ngaran séjén. Basa cerpen kuring dimuat Femina, Nyi Roro anu sok ngarang carpon dina Manglé nanyakeun, “Kang, ari anu ngarang dina Femina téh Akang?” Eta meureun pedah carpon anu caritana sarua téh kungsi dimuat Manglé. Ceuk haté, euh jadi wé kanyahoan.
Wilujeng milangkala anu ka-57 Nyi Manglé. ***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "NGARANG DINA MANGLE"

Posting Komentar