SARSILAH CINGCIN
Kajadian mimitina mah taun 1960-an. Mangsa acan
aya internét, komputer, hapé, jeung sajabana pakakas komunikasi anu matak hélok
bin hémeng. Mangsa hubungan antarsasama pinuh ku adab jeung tata-titi duduga
peryoga. Kitu ceuk kolot, para sepuh, anu ngadongéngkeun mangsa harita.
Kacaturkeun di wewengkon Cidurian, Bandung,
Permana kaasup jajaka percéka. Sakolana mah lulusan sakola guru, tapi salain
ngawulang téh di SMP, ogé osok jadi anémer. Lamun mangsa ayeuna mah anémer téh
pemborong pikeun ngadegkeun wangunan, naha imah, sakola, puskesmas atawa anu
séjénna.
Atuh puguh waé pangasilanna ogé punjul ti jajaka
séjenna umur 23 taunan. Enya ogé masih bujangan, Permana mah maké geus bumén-bumén
ngadegkeun imah sisi sawah di Ciwastra. Tapi imah resik tur camperenik téh
saukur dieusian poé minggu atawa pakanci. Sapopoéna mah angger waé Permana téh di
bumi Apih-Amih anu di Cidurian téa.
Ari mangsa pakanci, kalangenana téh ngalanglang ka
Majalaya. Isuk-isuk atawa pasosoré bada Asar, geuleuyeung Permana numpak karéta
mesin. Ayeuna mah karéta mesin téh disebutna sapédah. Acan pati loba harita mah
anu boga karéta mesin. Saukur ménak atawa pangagung anu kagunganana. Ari
Permana, enya ogé lain pangagung lain ménak, apan anémer téa jadi maké jeung
kabeuli karéta mesin sagala.
Sajajalan, da puguh kakara hiji dua téa, anu
tumpak karéta mesin mah jadi perhatian anu laleumpang atawa anu arulin abring-abringan.
Mojang-mojang mah ti kajauhan kénéh ogé geus nyiapkeun manéh pikeun imut atawa neuteup,
malah aya anu wani gugupay. Eta téh kawani anu rohaka jaman harita mah. Lumrahna
lamun resep atawa bogoh téh sok dibarengan ku hayang panggih tapi ari geus prok
amprok kalah tungkul. Boro-boro nanya atawa ngabudalkeun anu galécok dina jero
dada atuh. Lamun bogoh téh kakara nempo suhunan imahna waé bungahna taya
babandinganana.
Permana, najan réa mojang anu resepeun, kolot anu
sindir-sampir rék mulung minantu, malah aya anu pok pisan ka Amih atawa Apih
ngajak bébésanan; ih da kalah haré-haré. Cenah mah keur mangsa sakola baheula
Permana kungsi ditinggalkeun kawin ku bébénéna. Tapi duka enya henteuna mah, da
ka Amih ogé tara betus.
“Tong tungkul teuing kana pagawéan atuh, Ujang,”
saur Amih basa Permana saukur seuri dibéjaan Bu Saodah, dulur jauh Apih, ngajak
bébésanan da cenah Néng Entin, putra cikalna, kakara lulus sakola kaputrian.
“Rupina mah teu acan aya sir, Amih,” témbal
Permana.
“Eta mah tinggal pikir-pikir waé ku hidep. Amih
mah rék mikeun ieu waé, ngarah kapikiran ku hidep. Ieu téh warisan ti Ambu,
nini hidep, atuh anjeunna saurna warisan ti uyut, jeung saterusna. Ieu téh
minangkap jimat kulawarga urang,” saur Amih bari ngasongkeun cepuk. “Bikeun ku
hidep ka mojang anu hidep aya sir.”
Permana neuteup cingcin emas dina cepuk. Aya rasa
anu nyeblak dina haté. Rasa hayang geura manggihan mojang anu manéhna ngarasa
resep jeung teu bisa dipopohokeun. Naha atuh asa acan panggih waé jeung mojang
siga kitu téh?
Kitu, ku itu ku ieu ogé ditawaran geura rabian,
Permana mah saukur seuri. Padahal umurna apan geus 23 taun, umur anu manjing
rumah tangga jaman harita mah. Tapi duka kumaha kalah siga anu resep
bubujangan. Cenah deui aya béja Permana mah néangan anu kawas Julie Christie
anu kawentar sabada maen film Doctor Zhivago. Ah, tapi duka teuing kétang.
Hiji mangsa, basa keur ulin pasosoré ka Majalaya
téa, paneuteup Permana siga anu napel ka hiji mojang di peuntaseun jalan. Lumrah
jaman harita mah, di tempat pangulinan téh réa tukang dagang. Bajigur-bandrék katut
panglengkepna seupan cau kepok, kulub sampeu, suuk, taleus, kacang bulu. Aya
ogé tukang kuéh balok, borondong, martabak, jeung réa deui. Lumrahna anu arulin
téh ngariung jeung balad-baladna.
Tapi éta mojang téh siga anu nyorangan. Diuk di
sisi jembatan bari nyerangkeun anu lalar-liwat. Barang paneuteupna amprok jeung
teuteup Permana anu ti tadi nyerangkeun, manéhna gancang ngabalieur. Tapi aya
imut anu nyumput dina tungtung biwirna.
Lahlahan, bari dada ratug siga anu keur nutu,
Permana nyampeurkeun mojang anu nyorangan téa. “Naha geuning sapertos anu nyalira
waé, nyalira di tempat paraméan sapertos kieu,” ceuk Permana sabada diuk rada
paanggang ti nyi mojang.
Nyi Mojang ngarérét, tapi ukur sarérétan, terusna
mah tungkul bari imut nyumput. “Sumuhun,” cenah ampir teu kadéngé. Permana
nyeblak ningalina. Kitu mimitina hahadéan Permana jeung Euis Awang. Ti mimiti
saukur silihteuteup, patanya bari éra-éra. Isuk soréna panggih deui, silihrérét
bari nyumputkeun imut. Terusna mah wanter boncéngan maké karéta mesin ka ditu
ka dieu sagala.
“Euis, iraha Akang tiasa jajap langkung ti di
dieu,” ceuk Permana sanggeus karéta mesin eureun di gapura hiji gang.
Euis tungkul. Jarijina ngomé-ngomé tungtung baju
pulas kayasna, baju kameumeutna. “Teu acan waktosna,” cenah halon.
“Upami diwidian mah, ayeuna kénéh Akang téh hoyong
tepang sareng Ibu-Rama Euis. Upami Euis satuju, malah Akang mah tos buleud
hoyong ngajak Amih sareng Apih ka sepuh Euis.”
Euis teu némbalan. Paneuteupna ngabalieur. Sanés ku
lingsem saperti mimiti sigana, tapi ku bingung pijawabeun.
“Akang téh kudu ngaku,” ceuk Permana deui. Sorana
ayeuna mah semu anu ngadégdég. “Mindeng Akang guling gasahan. Nembé dugi ogé ka
rorompok, rarasaan téh hoyong enggal-enggal ka Majalaya deui. Hoyong pendak
deui sareng Euis.”
“Ah, Akang mah.” Masih halon, bari ngadilak
sakedapan.
“Muhun. Matakna, Akang mah yakin, Euis téh... jodo
Akang.”
“Ah, Akang mah.”
“Ieu téh jimat kulawarga Akang, geura anggé ku
Euis,” ceuk Permana bari muka cepuk anu dicekelna. ”Punten, jariji Euisna.”
Euis semu anu reuwas ningali cingcin dina cepuk. Tapi
terusna semu anu ngaheruk basa kana jarijina aya anu ngageleser.
“Kang, asa teu acan waktosna,” ceuk Euis bari
neuteup sakedapan.
“Tos waktosna,” témbal Permana. “Anu ngayakinkeun
mah sanés sabaraha lami urang wawanohan, tapi rasa anu nyaliara dina raga, anu
nyiliwuri dina ati.”
“Enjing atuh di antos di bumi di tungtung gang
ieu, bumi anu di payunna aya tangkal kembang keretas,” ceuk Euis halon, terus
ngabalieur.
Geus kitu mah papisah. Euis ngaléngkah lalaunan
siga anu jararauh panineungan. Permana mah ngaboséh karéta mesin bari
ngahariring tembang kasmaran. Isukna, sanggeus dangdan bébéakan, Permana
ngajugjug ka bumi Euis saperti anu dituduhkeun kamari. Ibu-Rama Euis ngabagéakeun
kalayan daréhdéh. Tapi sabada Permana ngedalkeun pamaksudanana, duanana
marolohok ngembang kadu. Ibuna Euis mah malah ngagabrug Permana bari ceurik
sagala.
“Deudeuh teuing Ujang. Eta mah lalamunan Ujang
panginten,” ceuk Ibuna Euis. “Apan Euis mah tos ngantunkeun, sapuluh dinten
kapengker.”
Tangtu waé Permana ngajenghok. Manéhna keukeuh
henteu percaya. Naon anu kaalamanana nyaan-nyaan kajadian, lain lalamunan. Percaya
sotéh sanggeus dialanteur ka kuburan Euis anu henteu jauh ti bumina. Malah
Permana manggihan cingcin anu dibikin ku manéhna handapeun padung.
Ti harita Permana siga anu langlang-lingling. Butuh
waktu taunan pikeun éling. Basa pruk jatukrami ka Enéng Putri, sigana
rarasaanana mah acan pati pulih. Apan putra cikalna Permana téh dingaranan
Euis. Enéng Putri henteu apal kasang-tukang ngaran Euis dina kahirupan Permana.
Ari kuring apal pisan kana dongéng éta. Da puguh
Permana téh apan aki. Aki teges. Kuring téh putra cikal ti Ibu Euis. Kuring téh
incu kadeudeuhna Aki Permana. Lamun aya kaperluan nanaon téh sagalana hayang dianteur
ku kuring. Ka rumah sakit kontrol bulanan, mawa gajih pangsiun, atawa lamun
kuring keur peré gawé sok diajak nguriling ka sobat-sobatna.
“Sép, cingcin anu dicaritakeun ku Aki téh lain
dongéng, tapi pangalaman nyata,” saur Aki Permana hiji waktu. “Tapi cingcin ieu
téh henteu dibikeun ka indung manéh atawa ka bibi-amang manéh. Da Aki kasieunan
pangalaman Aki kajadian deui. Tapi ieu cingcin téh henteu bisa aya di Aki
terus. Ieu cingcin milik manéh, da manéh incu kadeudeuh Aki.”
Kuring sakedapan mah ngahuleng neuteup cingcin
emas murni anu ngagurilap konéng téh. Asa aya rasa anu béda basa éta cingcin
ngajaran dipaké. Tapi teu réa diwawaas rarasaan téh. Gancang waé disakuan bari
nganuhunkeun ka Aki.
Enya atuh, asa ngéwa kuring anu hirup di jaman
milénial masih kapangaruhan ku cingcin. Ayeuna téh apan taun 2019, taun sagala
pasoalan dunia bisa disederhanakeun jadi sagédé mutu anu ngaran ponsél alias
hp. Apanan ka mana-mana, di mana waé, jaman ayeuna mah henteu bisa leupas tina
hp.
Kuring gawé di Jakarta, di perusahaan internasional.
Saminggu sakali balik ka Bandung. Jumaah pasosoré ka Bandung, minggu peutingna
ka Jakarta deui. Harita gé kitu, keur ngantri tikét di stasion karéta api
Bandung pukul 8 peuting, basa aya anu ngajak imut téh. Asa aya anu nyeblak,
siga Kim Ji-Soo Blackpink penyanyi Koréa anu keur kawentar.
“Sami kerja di Jakarta, nya?” cenah wanter sabada
nyepeng tikét masing-masing.
“Muhun.” Rada kagok lantaran keur ngabalesan
whattsup ti sobat di Singapura.
Bus kana karéta gerbong Eksekutif. AC aya ku
nyecep. Karéta ampir pinuh. Tapi asa jempling. Da puguh saréréa papada merhatikeun
hp-na masing-masing.
“Punten,” ceuk kuring sabada ningali korsi kuring
di sisi jandéla, geus kahalangan ku mojang
anu tadi imut. Horéng téh geuning ngaréndéng. Moal kitu jodo? Bet aya pikiran kitu
teu pupuguh.
Manéhna mundur saeutik. Kuring ngaléngkah. Tapi
bet aya anu kadupak, tikét manéhna murag. Kuring gancang dongko mulung.
“Punten,” ceuk kuring. Ngajenghok sabada maca ngaran dina éta tikét, jelas tur
écés ku aksara kapital: EUIS AWANG. Barang rét ka manéhna, imutna moal
kapopohokeun.
“Saé cingcinna,” cenah bari angger imut.
Rey téh bulu punduk, malah sabulu-bulu. Apan
cingcin ti Aki Permana téh dina saku, henteu dipaké. ***
6 Februari 2019
Parantos medal dina majalah Mangle no 2722, 14-27 Maret 2019
0 Response to "SARSILAH CINGCIN"
Posting Komentar