HAREWOS GUSTI
“Haréwos Gusti téh keur aya dina diri anjeun. Nur Muhammad
keur hibar dina pameunteu anjeun,” ceuk Parsyah.
Luguwan ngahuleng. Naha enya, Haréwos Gusti jeung Nur Muhammad
aya dina badanna? Pananya kitu téh nepi ogé kana pikir jeung rasana. Sakitu
lilana manéh henteu merhatikeun, henteu miduli, tungtungna ngéléhan ogé.
“Matakna tuturkeun Haréwos Gusti téh. Réa jalma, rrééaaaa
pisan, anu hayang kaancikan, diaping dijaring, saperti anjeun,” ceuk Parsyah.
Luguwan saenyana teu mikir-mikir acan. Ngarumasakeun
jolna ti kampung mencil bari pacabakan saukur buburuh tani, henteu aya kahayang
anu anéh bin ahéng. Minangka kahayang anu dianggap kaleuleuwihi ku urang lembur
téh nyaéta nuluykeun sakola ka SMK sabada lulus SMP.
Sanggeus lulus SMK, kahayangna anu mahiwal téh malah jadi
kageuhgeuyan. Enya, lantaran sabada ngalamar gawé ka ditu ka dieu, baé ngahonor
ogé, henteu aya perusahaan atawa instansi anu narimana. Tungtungna nuturkeun
bapa, tatangga jeung dulur-dulur séjénna, buburuh tani di pakebonan bogana
urang kota.
Lantaran teu tahan ngadangu anu sindir sampir
ngageuhgeuykeun bari pokna: “keur naon sakola luhur ari hasilna buburuh tani
deui mah”, Luguwan tuluy ngumbara ka kota, gawé di tukang baso. Lain, lain tukang
dagang baso méwah di hotél atawa pertokoan agréng. Tapi saukur babantu di
tukang baso anu mangkal di hareupeun perumahan leutik.
Matakna sagala pagawéan diteumbleuhkeun ka Luguwan. Nyiapkeun
roda, kukumbah mangkok-gelas, balanja, ngaracik baso, nepi ka ngaladangan, kudu
daék jeung bisa. Lima taun ti harita, sabada ngalamar Siti Suciati, mojang
basajan anu gawé purah gégéroh di rumah makan Padang, Luguwan balik ka lembur. Manéhna
berdikari dagang baso ngurilingan lembur maké motor.
Opat belas taun ti harita usahana mekar jadi opat jongko
baso jeung sapuluh motor anu nguriling ka sabudeureun kota kabupatén. Harita,
basa budak anu ngan hiji-hijina lulus SD, Luguwan niatna mah nitipkeun budakna
ka pasantrén.
“Manéh mah ulah saukur bisa alif-alifan, Jang. Manéh kudu
weruh élmu maca jeung eusi kitab suci. Jaman ayeuna anu beuki ngaleuya godaan, haréwos
Gusti dina kitab suci bakal ngaping jeung ngajaring,” ceuk Luguwan ka budakna.
Tapi sabada nguriling ka mana-mendi, noongan dina
ramatloka, henteu aya pasantrén anu cop jeung haté pikeun budakna ngulik élmu.
Pasantrén ayeuna béda jeung baheula. Mangsa aki-nini ngadongéngkeun diajar di
pasantrén mah cukup modal kadaék, babantu di imah kiai, ngagandong hasil tani
alakadarna lamun mulang; ayeuna lain jamanna. Diajar di pasantrén téh mahal.
Butuh jutaan, malah puluhan juta, pikeun asupna. Leuwih mahal batan sakola di paguron
luhur.
Da puguh juragan baso, saenyana Luguwan mampuh jeung
sanggup mayar 10-20 juta rupiah pikeun sakola budakna. Tapi ras inget ka
barudak tatangga, dulur-dulur, urang kampung anu keur sapopoé gé
nahap-nahapkeun manéh. Barudakna saukur bisa diajar iqro di masjid atawa
madrasah. Bisa alif-alifan jeung ngéjah ogé kudu sukur.
“Kitu kahoyong mah, Ustad. Asa teu mikeun haté téh
ngajurungkeun budak ka pasantrén-pasantrén anu asupna kudu puluhan juta rupiah.
Kumaha barudak dulur-dulur urang, tatangga, anu keur nyubadanan kabutuh sapopoé
ogé koréh-koréh cok; naha henteu aya hakna pikeun asup Surga? Barina ogé
haréwos Gusti dina kitab suci téh réa nitipkeun anu laleutik, fakir katut
barudak yatim. Lamun méméwahan mah atuh kumaha bisana...,” ceuk Luguwan ka Ustad
Yusuf, sobatna anu ngawuruk di hiji madrasah.
“Ana gé kitu saenyana mah, hariwang ku pasantrén anu
beuki pamahal-mahal téh. Ana bagja lamun Antum aya rencana kitu,” ceuk Ustad
Yusuf bari rambisak.
Der wé diadegkeun wangunan basajan. Mimitina barudak
tatangga, dulur, urang kampung, dialajar di Madrasah Qur’an Luguwan. Ti iqra
nepi ka tahfidz aya kelasna. Guru-guruna barudak ngora anu henteu saukur néang pakasaban atawa pangasilan, tapi
ogé nu masih sarumanget ngabaktikeun élmu pikeun balaréa. Maranéhna hafidz jeung
hafidzah lulusan pesantrén kawentar anu terus nuluykeun di paguron luhur di Mesir,
Turki, Yordania jeung kota séjénna.
“Budak saha waé ogé meunang diajar di dieu. Mimiti iqro
nepi ka jadi hafidz atawa hafidzah, mayarna mah samampuhna. Asal kudu aya
kahayang, serieus, jeung sumanget pikeun neuleuman kitab suci Al-Qur’an anu
sajembarna.” Kitu biasana pidato Luguwan dina ngamimitian ajaran anyar. “Sakali
deui, barudak saha waé kénging diajar di dieu. Barudak urang Persis, Muhammadiyah,
NU, partéy ieu partéy itu, simpatisan calon presiden nomor 1 atawa nomor 2; kénging
dialajar di dieu. Asal, kolot-kolotna entong paraséa.”
Henteu aya anu nyangka mimitina mah, ku ayana madrasah
anu wangunanana ogé sakitu basajanna, Luguwan jadi kawentar henteu saukur
sakota kabupatén. Madrasah Qur’an, warung basona, pangalaman hirupna, biografina,
teu sirikna unggal usik pulang-anting dina média massa jeung média sosial.
Harita Parsyah datang jeung datang deui bari nepikeun ngeunaan anu éta-éta
kénéh.
“Haréwos Gusti téh keur aya dina diri anjeun. Nur
Muhammad keur hibar dina pameunteu anjeun,” ceuk Parsyah.
Tungtungna Luguwan nurut. Manéhna jadi nomor urut 2 ti Partéy
Ranté anu dipingpin Parsyah di kabupaténna dina Pemilu Legislatif. Teu jauh ti
sangkaan, enya ogé henteu kampanye bébéakan saperti anu masang spanduk di
unggal parapatan, tatangkalan, témbok-témbok, gigireun masjid; Luguwan kapilih
jadi salah saurang wawakil rahayat di legislatif.
“Haréwos Gusti téh keur aya dina diri anjeun. Ku jadi
anggota legislatif, henteu saukur Madrasah Qur’an anu basajan anu bisa
ditémbongkeun ka masarakat, tapi jjaaauuuhhh leuwih hébat ti éta,” ceuk
Parsyah.
Luguwan tangtu waé percaya. Jeung enyana, sababaraha taun
ti harita madrasahna anu basajan jeung ustad-ustadzahna anu saroléh jeung
saroléhah téh geus robah jadi pasantrén anu megah jeung masjid anu agréng.
Barudak menak, barudak anu baleunghar, kawawuhan Luguwan anu beuki ngalegaan,
mimiti dialajar di Madrasah Luguwan. Pagawé anu leuwih maju pikiran bisnisna
mimiti dirékrut pikeun ngokolakeun madrasah.
Luguwan sorangan bet milu robah. Ayeuna mah jadi jago
pidato capétang biantara. Tapi ogé jadi teu kaopan. Gancang curiga lamun aya
anu henteu sapagodos jeung pikiran atawa rarasaanana.
“Tuh, anu diuk di juru, kudu ditalingakeun. Manéhna
ngaharéwos anu henteu puguh. Manéhna geus ngahinakeun. Kudu dipariksa!” ceuk
Luguwan sabada jadi panyatur dina Diskusi Politik Untuk Publik.
Anu diuk di juru téh dicerek ku pulisi samulangna
diskusi. Tuluy jadi tersangka bari dituduh mencemarkan
nama baik. Saacan tersangka dijagragkeun
ka pangadilan, asisten pribadina ngaharéwos ka Luguwan:
“Tos diparios sadayana kaméra anu ngarékam acara diskusi,
tapi jalmi anu dicuriga téh da henteu nyarios nanaon. Saleresna naon anu
diharéwoskeunana téh, Pa?”
“Oh, henteu. Henteu nanaon.”
Kitu, duka naon lantaranna, Luguwan jadi curigaan, teu
kaopan. Ningali anu kunyam-kunyem téh siga anu ngaharéwos anu ngan kadangu ku
dirina.
“Haréwos Gusti téh geus dibekem! Geus dibekem...!” Kitu
haréwos anu kadangu ku Luguwan.
Sataun saméméh jabatanna réngsé, Luguwan kacerek narima
duit 50 miliar rupiah basa ngatur pasaratan Perumahan Jeung Sekolah
Internasional di kotana. Saréréa tangtu waé reuwas. Wartana viral dina media
massa jeung media sosial. Pro kontra, percaya jeung henteu, taya tungtungna. Anu
ngadarukungna ngabaréla. Di masjid agréng anu diadegkeunana, unggal peuting
diayakeun ngadu’a babaréngan pikeun Luguwan.
Luguwan sorangan, di jero bui, beuki yakin, anu
ngaharéwos ngahina dirina téh enya aya. Beuki jentré. “Haréwos Gusti téh geus
dibekem! Geus dibekem...!” haréwosna téh.
Haréwos dina jero haténa sorangan. ***
Parantos terbit dina Tribun Jabar 11 Maret 2019
0 Response to "HAREWOS GUSTI"
Posting Komentar