JANG NANA JEUNG PIRUS KORONA

 

Mangle no 2774, 19-25 Maret 2020

Jang Nana téh bujangan hapeuk. Kitu lalandian babaturanana anu sok ngaheureuyan. Tara ieuh dipaké nyeri haté katingalina téh. Disebut bujak hapeuk, jomblo tulén, lalaki raheut haténa; kalah sok ngagakgak. Duka geus baal deui, duka meureun ngaku da kitu kaayaan manéhna.

Kasabna mah kana ngojég. Umurna geus nepi ka tilu puluh taun. Umur sakitu acan rumah tangga di lembur sok matak rawing ceuli. Tapi keur Jang Nana mah henteu matak jadi pikiraneun. Da geuning sapopoéna mah Jang Nana katelah loba heureuy bari kreatif. Matakna langganan ojégna ogé kaasup réa. Pangkalan ojég anu baku mah di terminal. Tapi lamun aya “panggilan” ti langganan mah unggal ojég bisa indit séwang-séwangan. Tah, Jang Nana kaasup ojég anu réa langgananana.

Kasawang réa anu resepeun téh da Jang Nana mah kaasup kreatif. Hiji mangsa mah dina motorna téh, di hareup jeung di tukang, ditémpélan kardus bari ditulisan ku aksara badag: OJEG BERBONUS. Atuh réa anu ngahajakeun hayang tumpak ojég Jang Nana. Ari pék, sanggeus nepi ka tujuan, bonusna téh ranginang hiji jeung opak hiji dipelastikan.

Enya ogé opak jeung ranginang téh kadaharan anu biasa di lembur mah, tapi penumpang téh rareseupeun ogé. Tapi basa Bu Odah, pangsiunan kepala sekolah anu yuswana tos 70 taun, hayang dianteur ka kantor pos da badé nyandak gajih pangsiun, reuwaseun ogé basa disodoran bonus ojég téh. Tayohna Bu Odah mah henteu maca tulisan dina motor Jang Nana.

“Ieu téh manéh mahugi ka kami?” cenah semu reuwas.

“Ieu mah bonus ngojég, Bu. Atanapi mahugi ka incu Ibu,” ceuk Jang Nana bari seuri.

“Alah siah, entong kikituan. Pamali!” Bu Odah mikeun deui opak jeung ranginang.

Jang Nana molohok sabada nampanan bonusna anu ditampik téh. Bu Odah ngaléos bari baeud. Kukulutusna masih kadangu ku Jang Nana: “Pikagilaeun ari barudak ayeuna, teu uyahan pisan! Hayoh bogoh ka incu kami, apan incu téh kabéhanana ogé lalaki!”

Tah, basa Pak Presiden Jokowi ngumumkeun aya dua urang warga Indonesia anu katerap pirus korona (virus corona), atuh ibur sanagara. Di kota mah kabéjakeun anu ngaborong sembako di swalayan. Anu ngahaja “nimbun” masker waé aya ngarah dijual hargana mahal. Di karéta api, angkutan umum, jeung di tempat umum, réa anu maraké masker jeung leungeun disarung tangan.

Puguh apan pirus korona téh cenah nyerang awak téréh pisan bari obatna acan kapanggih enya-enya. Matakna anu maotna lantaran pirus ieu téh nepi ka rébuan. Ari cara népana babari pisan, pangpangna di tempat umum. Benda anu dicepeng ku jalma anu geus kaserang terus dicabak deui ku anu séhat bisa langsung népa.

Tah, Jang Nana mah isuk-isuk ngojég bari henteu dihelm. Gantina maké galon anu dipolongoan. Isukna dihelm boboko anu dipolongoan jeung dikacamataan. Ari dina galon jeung boboko téh ditulisan badag: ANTI PIRUS KORONA. Atuh anu naringali sareuri nepi ka ngagakgak. Anu ramé mah anu ngaromongkeunana.

“Aya-aya waé ari jelema. Bakat ku sieun maot, sieun kaserang ku pirus korona, maké jeung dihelm galon sagala,” saur Pa Ustad bari gogodeg sabada jamaah isa. Atuh ditémbalan ku ahli masjid séjénna. Pajarkeun téh, teu boga iman pisan, hubud dunya, jeung réa deui.

Padahal Jang Nana mah da saukur heureuy. Manéhna téh kaasup anu apdét (update) kana informasi. Bari ngojég téh nyetatus dina facebook, instagram, jeung médsos séjénna. Tapi pasti henteu nyangka manéhna ogé, basa foto-fotona “anti pirus korona” viral, follower dina instagramna ngajaul nepi ka ratusan rébu. Nana Oter (ojég terminal) jadi piral (viral). Diondang ka acara talkshaw tipi sagala.

Ceuk béja, pangasilan Jang Nana tina média sosialna cenah nepi ka puluhan juta sabulan. Apan geuning terusna diajak rékaman vlog ku artis ieu, diajak “makan-makan” ku artis itu, instagramna maké sponsor.

“Hatur nuhun ka pirus korona,” koméntar Jang Nana kana potrét anyar dina instagramna. Ari potrétna, manéhna keur aya di studio tipi, mimiti ngeusian hiji acara.

Pasti ayeuna mah moal aya deui anu nyeungseurikeun. Di lembur pastina loba anu kaleungitan, leungiteun ojég kreatif bari ngahibur. ***  

 

Yosep R - Sumedang

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • JANG NANA JEUNG PIRUS KORONA Mangle no 2774, 19-25 Maret 2020Jang Nana téh bujangan hapeuk. Kitu lalandian babaturanana anu sok ngaheureuyan. Tara ieuh dipaké nyer… Read More...
  • Lauk Emas WalunganHujan ngecrek ti isuk-isuk nepi ka pasosoré. Bari ngopi neuteup pasawahan, sok ras ka mangsa keur budak taun 1980-an. Mangsa hujan raat paso… Read More...
  • Rampog Jeung Tukang KiosBi Wirna jeung Mang Kukna geus lila muka kios di hareupeun imahna. Kiosna mah saenyana leutik, tapi kaasup pepek barang daganganna. Ti mimit… Read More...
  • SABADA LEBARAN INGET WAE “Anu inget waé bulan puasa kamari, lantaran poho terus ngahenggoy hui oven béak hiji anu sagedé pigeulang, emh aya ku amis … Read More...
  • BOLU MAMAH Bulan puasa Romadon téh sok ras inget ka jaman baheula, kira taun 1980-an. Jaman harita mah tradisi kikiriman dahareun téh masih diaya-… Read More...

0 Response to "JANG NANA JEUNG PIRUS KORONA"

Posting Komentar