SI KABAYAN MEUNANG HADIAH


dongeng yus r. ismail

Lain ibur salelembur deui basa Si Kabayan meunang hadiah duit Rp 100 juta téh, tapi ogé éar sanagara. Ari kituna, enya ogé ayeuna téh kasebutna jaman internét, tapi acan aya anu ludeung kawas Si Kabayan. Kieu dongéngna téh:
Di lemburna Si Kabayan kaasup salahsaurang anu pangmasakatna. Imah dingding bilik, lanté palupuh, hateup dangdaunan gararing. Imah anu henteu manjing jeung jaman. Tapi henteu kitu ceuk Si Kabayan mah. Rék jaman mana waé ogé, pamingpinna saha waé ogé, ari teu gableg duit mah nya kitu kaayaanana.
Najan imah butut duit teu boga, Si Kabayan mah angger kedul bin euweuh kadaék. Kapaksa daék gawé téh bané waé geus euweuh tatangga jeung kawawuhanana anu méré nginjeum béas. Matak basa datang Mang Ulis nawaran pagawéan, Si Kabayan haget nyanggupan.
“Kabayan, manéh téh ayeuna mah jadi warga anu diutamakeun,” ceuk Mang Ulis hariweusweus. “Désa boga pagawéan anu ditunjukna ogé ti Jakarta, ti Puseur Nagara. Cenah ceuk urang Jakarta, manéh jeung sabangsana anu kudu ngagawéanana. Manéh jeung sabangsana téh dihormat ku nagara.”  
“Walah, ari kitu ngagawéan naon, Mang?” témbal Si Kabayan haré-haré. Ceuk pangalamanana, lamun Mang Ulis datang paling ngabéjaan isuk aya kerja bakti.
“Ngadegkeun Toilet Umum di sisi jalan ka huma.”
“Sok pamohalan teuing, keur naon Toilet Umum di urang? Patalimarga di urang mah acan ramé. Atuh patani anu arék ka kebon jeung ka huma, cir wé di mana waé ogé bisa.”
“Hiss...! Tong nyacampah manéh! Ieu téh sesuai dengan sebagainyah desa anu maju, terdepan dan moderen... kudu aya Toilét Umum.”
Si Kabayan nyengir.
“Manéh kudu daék jeung bisa jadi tukang némbok. Diburuhan jeung dibéré dahar unggal poé ku Dana Desa,” ceuk Mang Ulis.
“Tah, lamun pok atuh ti tadi. Ngadegkeun Toilét Umum pasti hadé. Uing pasti bisa jeung daék. Komo lamun aya persekot tiheula,” ceuk Si Kabayan. Tuluy ngaharéwos: “Si Iteung geus dua poé saukur kararaban seupan sampeu.”
“Persekot mah euweuh. Teu meunang. Tinggal ka warung atuh bari témbongkeun séndok témbok. Réngsé gawé, gajihan, dilunasan.”
Si Kabayan ngajak sasalaman bakat ku satuju.
Isukna Si Kabayan geus indit ka tempat gawé. Aya 10 urang warga anu dihiras téh. Kabéhanana kaasup jalma pangmasakatna di éta lembur. Puguh atuh, Dana Désa anu dina derna kudu Padat Karya Tunai, hartina kudu ngagawékeun warga masakat anu henteu boga pacabakan matuh.
Acan ogé der gawé, enya waé geus aya lalawuh kopi jeung kuah-kuéh katut leupeut-tahu jeun goréngan. Si Kabayan sumanget nyieun kopi, sasarap leupeut-tahu jeung melenyun udud. Basa Pa Kuwu pidato Si Kabayan unggut-unggutan siga anu enya ngabandungan. Padahal mah ngararasakeun ni’matna udud bari moyan jeung beuteung seubeuh.
Gawé anu 10 urang téh kaasup suhud. Itu ieu pilihgenti némbok jeung jadi ladén. Kaasup Si Kabayan da puguh kawowoy ku dahareun jeung kopi-roko téa. Sapuluh poé ti harita Toilét Umum téh geus ngadeg. Saméméh baralik anu 10 urang téh dipanggil saurang-saurang. Kabéhanana suka-seuri dibagi amplop. Si Kabayan ogé kitu. Tapi basa ngabuka eusi amplop, biwir Si Kabayan langsung monyong. Basa 9 urang baturna baralik, Si Kabayan mah manggihan Mang Ulis.
“Lis, cik atuh kira-kira. Maenya dibayar tilu puluh rébu sapoé. Apan basa Pa Presiden bubulusukan ka pangwangunan Dana Desa, buruh téh kudu normal. Lamun henteu saratus rébu sapoé, nya dalapan puluh lamun jadi ladén,” ceuk Si Kabayan.
“Ceuk saha éta?” Mang Ulis teugeug.
“Ceuk koran. Basa uing maca bungkus lauk asin ogé kitu.”
“Hayang gajih sakitu mah jung waé gawéna dina koran.”
Si Kabayan panasaran. Dua gajih Rp 300 rébu téh dibikeun satengahna ka Si Iteung, sésana dipaké ongkos ka kota. Si Kabayan ngadatangan kantor koran. Puguh waé Redaksi Koran atoheun basa apal perkara anu dibawa ku Si Kabayan. “Dana Desa Di Lembur Si Kabayan Nyiksa Warga Masakat”, kitu judul dina headline koran isukna.
Berita éta téh terusna viral dina media sosial, media online, televisi, sumebar ka mana-mana. KPK (Komite Pemberantasan Korupsi) terusna néwak Pa Kuwu sabalad-balad. Singhoréng unggal Rp 100 juta Dana Desa anu béak dipaké pangwangunan mah ngan 50-60 persén.
Si Kabayan molohok basa dibéré hadiah duit Rp 100 juta ku KPK. ***
Mangle no 2710, 20-26 Desember 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SI KABAYAN MEUNANG HADIAH"

Posting Komentar