HADIAH

carpon yus r. ismail

Mangle 27-3-2017 MUAT no 2624, 13-19 April 2017

Jajantung Tardi ratug tutunggulan basa aya anu nélépon. Anu nélépon téh ujug-ujug nanyakeun ngaran, kungsi henteuna ngirimkeun undian kopi, terusna mah ngawilujengkeun. Cenah, Tardi meunang hadiah utama, mobil pajero sport. Tardi kudu datang ka kantor bari mawa berkas-berkas anu diperlukeun.
“Lamun téa mah nyaan, urang bakal beunghar ngadadak,” ceuk Tardi ka pamajikanana. “Nuhun Gusti, du’a urang téh dikobul.”
“Ari Akang nyaan kungsi ngirimkeun undian kopi?” Pamajikanana kalah nanya.
“Enya, sabulan katukang ngirimna, ngan saamplop da bungkus kopina aya sakitu.”
“Alhamdulillah. Lamun geus rejekina mah geuning henteu pahili, Kang.”
Isukna, Tardi jeung pamajikanana ka kantor perusahaan kopi. Enya waé, sanggeus dokumentasi sagala diakurkeun, Tardi dipasrahan konci mobil dina acara anu meriah. Tangtu waé Tardi henteu bisa mawa mobil ka imah kontrakanana, da puguh henteu bisa nyupiran. Mobil anu hargana opat ratus jutaan téh masih ngajugrug di jero kantor pemasaran perusahaan kopi. Sanggeus mayar sagala téték-bengék jeung ngamplop ka anu ngabarantuan manguruskeun jeung mangjualkeun mobil, Tardi nyakuan buku tabungan anu saldona tilu ratus tilu puluh juta rupiah.
Tangtu waé duit saloba kitu téh impian éndah keur Tardi jeung pamajikanana mah. Geus sapuluh taun maranéhna rumah tangga, budak geus dua urang, tapi hirup téh asa leuwih seuseut. Pangasilan ladén tukang bas tayohna mah hésé dicukupkeunana pikeun hirup sapopoé. Imah ngontrak sajuta rupiah sataun, imah rangkay di perumahan bangkrut di pasisian. Dahar saukur sangu jeung oséng kangkung, atawa jeung goréng tahu, atawa jeung goréng témpé. Ari kituna, jadi laden mah loba reureuhna.
Ari ayeuna, ujug-ujug nyepeng buku tabungan anu saldona Rp 330.000.000,00. Dua poé dua peuting maranéhna neger-neger manéh, ngayakinkeun sorangan, ieu téh impian atawa kanyataan?
“Cik, tempo deui dina lomari, enya henteu urang boga tabungan tilu ratus tilu puluh juta rupiah?” ceuk Tardi ka pamajikanana. Pananya kasapuluh dina poé kahiji téh diturut ku pamajikanana. Enya waé, di handapeun tumpukan baju karuleuheu téh aya buku tabungan anu saldona tilu ratus tilu puluh juta rupiah.
**

Sanggeus maranéhna yakin lain impian, Tardi jeung pamajikanana ngobrol nepi ka subuh, ngarencanakeun meuli ieu meuli itu. Imah jeung paparabotanana anu utama. Tanah atawa sawah di kampung, motor, mawa barudak ka tempat-tempat wisata, pakéan, emas, jeung loba deui. Sanggeus patingharuleng, pamajikanana nanyakeun anu ti tadi henteu kapikiran.
“Kang, ari urang moal sukuran?” ceuk pamajikanana.
“Sukuran? Nyieun sangu konéng atawa sangu wuduk, ngagulé hayam, balado endog, capcay, kurupuk udang, sambel goréng ati, kitu?”
“Enya, siga kitu. Urang ngabagi ka tatangga-tatangga. Nepi ka poho urang ngobrolkeunana, lantara urang mah saumur rumah tangga acan kungsi sukuran siga kitu.”
“Tapi engké tatangga-tatangga nyarahoeun urang meunang hadiah undian utama ratusan juta rupiah. Pasti loba anu datang, nginjeum keur usaha, keur sakola budak, keur sagala macem sigana meungpeung aya kasempetan nginjeum. Boa anu terus-terang ménta ogé aya.”
Pamajikanana ngahuleng. Tatangga-tatanggana mah enya henteu aya anu apal maranéhna meunang hadiah utama undian kopi. Enya acara anu meriah téh cenah diliput ku wartawan koran jeung majalah, tapi henteu disiarkeun langsung ku télévisi. Saha atuh tatanggana anu langganan koran? Paling maca ogé koran bungkus balanjaan.
“Jadi kumaha atuh alusna, nya?” ceuk pamajikanana.
“Alusna mah ulah sukuran, ngarah tatangga euweuh anu nyahoeun. Lamun balanja ogé entong nyurigakeun. Entong balanja pabeubeurang, engké tatangga narempo. Urang balanja peuting waé atawa subuh sakalian.”
Matakna Tardi jeung pamajikanana nyéwa motor ojég dua puluh lima rébu rupiah, biur waé ka kota pukul sapuluh peuting. Maksudna mah rék balanja ka pertokoan anu buku dua puluh opat jam. Jeruk, apel, léngkéng, buah, endog, daging hayam, daging sapi, kuéh-kuéh kaléng, emih instan, minyak kalapa, pakéan keur sakulawarga, sapatu, jeung réa deui. Saenyana Tardi, pamajikanana ogé, masih luak-lieuk hayang itu hayang ieu. Di pertokoan téa apan sagala aya.  Komo apan kakara harita maranéhna balanja henteu diwatesan mayarna.
Pukul 2 subuh balik ti pertokoan téh. Nyimpang heula ka rumah makan anu buka 24 jam. Balikna Tardi tumpak motor bari ngahariring. Pamajikanana sura-seuri bari nangkeup Tardi. Dina lahunanana baju-baju anu cenah modena kungsi dipaké artis, baju-baju kahayangna. Tapi ngan saparapat jam motor métik téh maju pinuh kagumbiraan. Sanggeus méngkol ka jalan simpé, di sisi jalan ujug-ujug lampu-lampu motor harurung, sora ngagerung patémbalan.
“Uddaagg...!” ceuk anu saurang ngomando.
Belesat téh belasan motor ngudag. Tangtu waé Tardi reuwas. Gas langsung diputerkeun ampir mentok. Tapi lain lawan anu imbang jeung geng motor mah. Ngan sababaraha menit motor Tardi geus mépéd ka sisi. Tardi jeung pamajikanana ngajéngjéhé dibabuk ku beubeur. Motor jeung balanjaanana diparebutkeun.
“Kojék, silaing ka dieu!” ceuk pingpinan geng motor.
Saurang rumaja maké jékét kulit gambar tangkorak maju, leungeunna ngageter, beungeutna sepa bakat ku geumpeur.
“Silaing lulus jadi anggota Geng Sadis lamun silaing wani. Pérénan duanana!”
Tardi jeung pamajikanana beuki ngadégdég. Getih ngucur tina irung jeung tarangna. Tardi ngalenyap basa pingpinan geng téh ngalugas samurai. Waja bodas ngaborélak katojo lampu motor anu masih hurung. Sora “srééngng” basa samurai dilugas matak kukurayeun. Tardi jeung pamajikanana peureum bari haté mah jumerit. “Nun Gusti, bantosan kami. Kami rido, ihlas, kaicalan naon waé, asal salametkeun kami,” du’a Tardi jeung pamajikanana.
“Sabet!” ceuk pingpinan geng.
Samurai téh diheumbatkeun, anginna ngahéos. Harita aya anu ngajleng téh, bedogna ngaborélak nyabet samurai anu keur ngaheumbat. Trang! Samurai téh ngacleng. Bet, bet, jekok, jekok, geng motor anu keur ngariung téh patingjuralit. Tuluy kalabur ngabiur bari ngagas motorna séwang-séwangan.
**

Tardi jeung pamajikanana banget ku nganuhunkeun ka Kang Majun. Tukang sayur di pasar téh nganteur Tardi jeung pamajikanana nepi ka imah. Tatu dina tarang, irung, jeung handapeun ceuli gancang diobatan. Basa Kang Majun amitan, Tardi ngeupeulkeun amplop eusi duit sajuta rupiah, duit sésa balanja. Tapi Kang Majun kéképéhan embungeun narima. Basa ditawaran barang balanjaaan keur oleh-oleh bawaeun ka imahna, Kang Majun ogé  gideug.
“Banget ku hatur nuhun, Kang. Gusti parantos nulung kami ngalangkungan Akang,” ceuk Tardi. “Bilih Kang Majun peryogi naon ogé, entoh asa-asa ka dieu waé. Abdi jangji, naon waé kahoyong Akang, upami abdi aya kasanggem nedunanana, abdi moal ngorétkeun.”
Isukna, enya ogé anu tatu masih ngarasa nyeri jeung peurih, Tardi indit ka bank mawa duit lima welas juta rupiah. Tardi jeung pamajikanana aya maksud rék meuli motor. Tapi saacan maranéhna indit ka déler, kuruncul Kang Majun namu.
“Wah, hampura nya Akang namu lain wayah. Akang téh inget naon anu kamari dikedalkeun maranéh duaan, lamun aya kahayang datang waé ka dieu. Puguh Akang téh hayang meuli motor keur dagang sayuran. Lamun aya mah lima welas juta rupiah....”
“Oh, antosan sakedap, Kang.” Tardi gancang ka kamarna, mawa duit anu kakara dibawa ti bank téa.
Tilu poé ti harita Tardi mawa deui duit ka bank. Rada loba, saratus dua puluh juta rupiah, da cenah di kampung sabeulah aya imah arék dijual hargana sakitu. Tapi saacan indit nepungan anu boga imah, kuruncul Kang Majun ménta duit saratus dua puluh juta rupiah keur meuli imah. Henteu dikorétkeun, da kitu jangji Tardi ka dirina, golosor wé dibikeun.
Isukna, kuruncul Kang Majun datang. Rupa-rupa anu dipéntana téh ayeuna mah. Ménta keur meuli roda dagangan, tanah, modal usaha, ternak, bibit pepelakan jeung gemukna, jeung rupa-rupa deui.
“Kang, ampir dua ratus lima puluh juta rupiah anu geus dibikeun ka Kang Majun. Ari urang, salain balanjaan anu ti heula, acan kabagéan nanaon deui,” ceuk pamajikanana.
“Tapi sabaraha ogé anu dipéntana rarasaan téh jadi murah lamun inget kana nyawa urang anu geus disalametkeunana,” témbal Tardi.
Enya waé, isuk-pagétona Kang Majun masih datang ménta itu-ieu. Tungtungna tabungan Tardi téh ledis. Basa Kang Majun amitan anu panungtungan, tatanggana aya anu datang ka Imah Tardi.
“Asa ningali Kang Majun ka dieu,” ceuk tatanggana. “Kabagéan naon ari di dieu?”
“Kabagéan naon maksudna?” Tardi malah malik nanya.
“Sakabéh anu mariskin di kampung urang mah dibéré hadiah ku Kang Majun. Uwa mah geus tilu puluh taun rumah tangga tapi can diparengkeun boga imah. Imah butut itu téh apan ngontrak kénéh. Tah, Uwa mah dipangmeulikeun imah itu tilu puluh juta rupiah. Batur mah aya anu dipangmeulikeun tanah, dimodalan usaha, dipangmayarkeun hutang, dibéayaan sakola budak, ah jeung loba deui.”
Tardi jeung pamajikanana silihpelong. Tuluy duanana ngagoak ceurik, duka nyeungceurikan naon.
***

Pamulihan, 26 Maret 2017



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "HADIAH"

Posting Komentar