BATARA KARANG

carpon yus r. ismail

Mangle, no 2629, 18-24 Mei 2017

Enya ogé Apa téh tos répot, tapi masih kakuping haréwosna. Soantenna henteu pati jelas. Tapi kuring, Amih, sareng Ceu Iin anu aya di kamar, silihrérét. Henteu saukur hémeng ku naon anu hoyong dikedalkeun Apa, tapi ogé reuwas ku kakiatan Apa. Apan Apa téh aya dua sasihnya dirawat di rumah sakit. Panyawatna sagala nyampak, komplikasi jantung, ginjal, darah tinggi, diabét, lambung, jeung aya sababaraha panyawat deui anu kungsi diterangkeun dokter. Saminggu kapengker uih ti rumah sakit da rumah sakit tos angkat tangan. Apa tos henteu émut nanaon. Saukur rénghapna anu sakapeung kerep sakapeung antaré anu nandakeun tulang dibungkus kulit téh masih aya di kieuna. Ari ayeuna, pasosoré basa di langit layung hurung konéng, Apa bet sapertos anu ngaharéwos.
“Tah, naon deui cenah,” saur Amih.
Kuring hideng nyaketan Apa. Panangan Apa anu sapertos kulit napel kana tulang téh diusapan bari nompokeun ceuli kana lambey Apa. Reuwas da henteu biasa, haréwos Apa ngabedasan. “Ita… Nitha… Nita,” saurna.
Tangtu waé Amih anu langkung reuwas mah. Kuring henteu kudu nerangkeun da soanten Apa tos jelas.
“Aya hubungan naon deui antara Apa jeung Nita?” saur Amih. Ceu Iin saukur gideug.
“Saéna mah abdi duaan sareng Apa, saha anu terang Apa nyarios deui langkung jéntré,” pok téh bari nyepengan panangan Amih. Amih baeud tapi terus kaluar kamar dituturkeun Ceu Iin.
**

Kajadian saperti kitu téh anu kaopat kalina. Unggal panyawat Apa répot, teras ngaharéwos, kuring sareng Amih nuju nungkulan. Matak Amih apal, ngan kuring anu bisa narjamahkeun haréwos Apa. Atawa meureun ngan ka kuring Apa ngaharéwos. Tapi saenyana mah henteu kitu. Unggal Amih jeung saha waé anu keur nungkulan Apa tos kaluar ti kamar, Apa téh sapertos anu jagjag. Gugah deui, socana neuteup ka kuring, terus ngedalkeun naon anu dirusiahkeunna. Tos kitu mah ngagolosor deui, bobo deui, henteu émut nanaon deui. Kajadian éta, jagjagna deui Apa sabada ngan duaan jeung kuring, nepi ka ayeuna ogé jadi rusiah kuring.
Kajadian munggaran mah sabada Apa pangsiun, sapuluh taun katukang. Ari anu diharéwoskeunna: Umi Tati. Harita mah Amih kantos bendu sababaraha lami. Da geuning Umi Tati téh istri Apa anu kadua, gaduh putra opat. Haréwos Apa anu kadua kali: Bunda Hera. Sabada disusul ka bumina, horéng Bunda Héra téh istri Apa anu katilu, gaduh putra tilu. Haréwos Apa anu katilu: Mamah Diah, istri Apa anu kaopat, gaduh putra opat.
Panyangka Amih sarua jeung kuring, moal aya deui haréwos anu bakal ditepikeun Apa. Apan istrina atos opat. Tapi geuning aya kénéh haréwosna: Nita. Ari Nita, Bi Nita kuring mah biasa nyebutna, bisa disebutkeun lain sasaha keur kulawarga kuring mah. Masih dulur jauh Amih, enya ogé kuring henteu kungsi apal kumaha pancakakina.
**

Perlu didongéngkeun heula perkara kulawarga Apa. Apa téh pangsiunan pejabat di pamaréntahan. Masa kerjana kalebet lami da saurna sabada lulus ti Institut Ilmu Keuangan téh teras damel di Departemén Keuangan. Terasna mah Apa aalihan di Kementrian Keuangan, Perpajakan, Bank Indonésia, wakil rakyat da apan Apa téh aktivis partéy ogé. Tangtu waé ku padamelanana Apa rikip nyepeng rusiah ngawayuhna.
Enya, apan sateuacan pangsiun mah boh kuring jeung opat lanceuk ti Amih, boh Amih nyalira, henteu curiga yén Apa ngawayuh, komo dugi ka opat istri. Dijumlahkeun mah putra Apa téh aya genep belas urang. Kuring putra Apa anu ka dalapan, bungsu anu ti Amih mah.
Sabada istri-istri Apa sapalaputra papendak, karenalan (da kitu kahoyong Apa anu dikedalkeun ka kuring), salingcuriga téh henteu bisa disumput-sumput. Lir minyak jeung cai téh lain saukur babasan. Ari kituna puguh kakara wawanohan sabada barudak daréwasa.
Ceuk pamikir kuring, salingcuriga téh brasna mah kana anu sarupa: warisan titinggal Apa. Apan Apa téh panyawatna répot, ceuk titingalian mah rénghapna ogé ukur sahos deui. Ari kakayaan Apa geuning beuki hésé diitung. Keur Amih sareng Apa nganjrek di Jakarta mah kanyaho kuring Apa téh saukur gaduh bumi dua, pom bénsin dua, rumah makan tilu, jeung sababaraha usaha leutik anu terusna dikokolakeun ku lanceuk-lanceuk kuring. Tapi sabada pangsiun, kuring kakara apal Apa gaduh tilu puluh héktar tanah mangrupa kebon, sawah, balong, di kampung sisi leuweung di Sumedang. Enya éta ogé ari dina sértifikat mah atas nama Mang Komar, Kang Udin jeung Pa Sulé, urang kampung éta anu jadi kapercayaan Apa.
Sabada istri-istri Apa sapalaputra salingwanoh, tangtu waé salingcuriga ogé. Apan saréréa jadi papada apal kakayaan Apa anu saenyana. Umi Tati, Bunda Hera, Mamah Diah, ogé masing-masing gaduh usaha, tanah, déposito, anu jumlahna papada dirusiahkeun. Saréréa meureun papada ati-ati, engké kumaha bagi warisna? Naha sakabéh kakayaan Apa téh kudu dihijikeun terus dibagi rata atawa dibagi sakumaha hukum agama? Atawa saakuanana masing-masing?
Amih kungsi ngajak badami perkara éta ka kuring. Ngan kuring sorangan nyarankeun Amih entong wara ngabahas anu kitu atawa upami bade ngabadantenkeun mah mending sareng Ceu Iin, Kang Pendi, atawa lanceuk-lanceuk kuring anu séjénna.
Pangna Amih ngajak badami ka kuring, meureun enya ogé kuring budak bungsu ti Amih, tapi ngan kuring sorangan putra Apa anu logor ka ditu ka dieu. Sabada wanoh ka Umi Tati sapalaputra, apan kuring mah mindeng nganjang, malah ngéndong. Ngobrol uplek jeung Téh Aan, A Rifki, ulin jeung Doni, lalajo film jeung Dian, palaputra Umi Tati anu ogé dulur-dulur sabapa kuring. Kitu ogé sabada wanoh jeung Bunda Héra jeung Mamah Diah sapalaputra. Harita kuring masih kuliah, sakapeung mah lamun keur butuh, ménta duit ogé apan ka saha waé. Sakapeung ka Bunda Héra, ka Mamah Diah, ogé ka Umi Tati. Tara dipungpang, malah sakapeung mah dileuwihan tina paménta kuring. Da kitu kahoyongna, aranjeunna téh aratoh dipéntaan duit ku kuring. Ngan ayeuna, sabada kuring gawé tilu taun katukang, kuring tara ménta duit ka sasaha. Tong boro ka Umi Tati, Bunda Hera, Mamah Diah, apan ka Amih ogé tara. Dibéré ogé apan wani nolak. “Ayeuna apan Asép tos damel, janten hoyong mandiri,” ceuk kuring méré alesan.
**

Di luar kamar saenyana mah nuju ngumpul istri-istri Apa sapalaputra. Enya, apan Apa téh saminggu ieu mah sabada uih ti rumah sakit, katingalina téh tos sahoseun. Saur Amih, sanés miheulaan katangtuan Pangéran ngeunaan umur, istri-istri Apa sapalaputra téh bakal ngabadantenkeun ngeunaan bagi waris sacara kakulawargaan. Ari kuring, apan tadi geus dicaritakeun, rada haroréam ngabahas anu kitu.
“Apa téh hoyong abdi saénggalna mendakan Bi Nita,” ceuk kuring ka saréréa.
“Aya hubungan naon deui cenah antara Apa jeung Nita téh?” Amih masih keukeuh naros kitu. Istri-istri Apa anu sanésna ogé sapertosna mah asa kawakilan, da éta waé sadayana ogé mani tengo-tengo merhatikeun jawaban kuring.
Kuring gideug. “Apa henteu nyarios hubunganna sareng Bi Nita. Ngan abdi kedah nepangan Bi Nita ayeuna kénéh. Hawatos ku Apa,” pok téh.
**

Enya ogé di luar kota, ka bumi Bi Nita téh bisa ditempuh saukur dua jam. Salila dua jam nyetir, pikiran mah ngalayang geus ka mana-mana. Puguh atuh sorangan ogé masih hémeng. Ieu kahoyong Apa anu panghémengna pikeun kuring.
“Apa téh geus teu kuat diganggayong, disiksa,” saurna carinakdak bari sapertos anu nahan nyeri anu pohara. “Ari apes Apa kudu ku kadaharan anu dipasak jelema anu pangngéwana ka Apa, ku pasakan anu biasa disuguhkeun manéhna ka Apa. Kakara ayeuna kereteg haté Apa yakin, Nita anu pangngéwana ka Apa mah. Lain manéh, enya ogé manéh keukeuh embung narima warisan Apa najan sapérak. Apa ngarti kana sikep manéh. Hampura Apa.”
Bi Nita téh gaduh putra tiluan. Téh Nilam, A Adi, jeung Nonon. Putrana anu tiluan téh tos narikah sadayana, tos marisah bumi. Mang Sakri, salaki Bi Nita, kuring sorangan saukur apal namina. Cenah Mang Sakri tos ngantunkeun saacan kuring lahir.
Bi Nita hareugeueun basa kuring ngadadarkeun naon anu dipikahoyong ku Apa.
“Ibi kedah masak nyaan-nyaan sapertos anu biasa disuguhkeun ka Apa,” ceuk kuring. “Hawatos ka Apa, upami henteu sepertos kitu mah da percumah.”
Lila Bi Nita neuteup ka kuring. Terusna mah malah nangkeup bari ngagukguk. “Hampura Ibi, hampura…,” cenah bari ngusapan rambut kuring.
Tangtu waé kuring henteu nyangka Bi Nita bakal kitu. Da saenyana ucapan kuring “kedah masak nyaan-nyaan sapertos anu disuguhkeun ka Apa” bari kuringna sorangan henteu ngarti nanaon. Matak mani ngajenghok sabada noong Bi Nita anu masak sorangan di dapur.
Lémbér téh disiksikan laleutik. Bungbu séjénna mah henteu kaperhatikeun, meureun bungbu biasa waé. Tapi bawang daunna mani sakeupeulan. Henteu reuwas da kitu karesep Apa. Apa mah upami ngadamel endog dadar ogé apan bawang daunna kedah seueur pisan. Ngan anu matak kuring ngajenghok, ngadégdég bari hookeun, bari masak téh Bi Nita henteu eureun ciciduh. Sakapeung mah ngareuhak jeung nyingsring. Ari reuhak jeung nyingsringna téh apan di kana katélkeun.
Panungtung sanggeus katél diangkat terus diteundeun dina lanté, ngadégdég kuring téh jadi leuleus satulang sandi. Bi Nita morosotkeun langcinganana. Cir téh pipis kana katél. Kuring ngabalieur bari nahan piongkékeun, terus diuk deui kana korsi di tengah imah, rasa mah henteu puguh. Basa pasak lémbér dina rantang téh ditunda dina méja, anu meleber mah seungit bawang goréng.
“Naha kunaon Ibi mani ceuceub-ceuceub teuing ka Apa,” ceuk kuring sanggeus ngumpul pangacian, sanggeus ngarasa kuat neuteup Bi Nita.
Bi Nita masih tungkul. Terus neuteup kuring bari sigana téh jauh panineungan. “Ibi téh apal, anu ngagebruskeun Kang Sakri téh bapa manéh,” cenah halon. “Bapa manéh téh sasatna dijeujeuhkeun ku Kang Sakri di pagawéanana. Apan Kang Sakri mah leuwih senior jeung geus boga jabatan basa bapa manéh kakara sup téh. Ngan bapa manéh mah pinter lélétak, pinter basilat. Basa kanyahoan di kantor aya korupsi gegedéan, naha kalah Kang Sakri anu dikorbankeun, dituduh bari henteu ngalakukeun. Ari kituna apan bapa manéh anu ngalakukeun sosogok jeung lélétak ka ditu ka dieu. Ari di pangadilan, lantaran sieun kanyahoan anu saenyana, bapa manéh ngarencanakeun Kang Sakri diracun di jero bui. Dina koran jeung tivi mah apan anu diberitakeun téh Kang Sakri nelasan manéh lantaran strés, padahal bapa manéh anu ngarencanakeun sakabéhna.”
Kuring henteu némbal nanaon. Kalah beuki molohok, beuki ngadégdég, beuki henteu puguh rarasaan.
“Bapa manéh ngaku kana kajahatanana. Matak unggal bulan datang ka dieu, mekelan béaya keur sakola barudak jeung kabutuhan sapopoé. Duit ti bapa manéh téh leuwih ti cukup, tapi henteu mahi keur ngurangan kaceuceub Ibi. Matak unggal nyuguhan téh….”
**

Apa emam ponyo naker. Sangu pulen sareng pasak lémbér téh mani cacamuilan, siga puasa manggih buka. Amih, istri-istri Apa anu sanésna, ogé palaputra Apa sadayana, marolohok mata simeuteun. Duka naon anu aya dina pikiran maranéhna. Naha hémeng ningali apa emam aya ku ponyo, duka manghanjakalkeun Apa jagjag deui, duka atoh da bagi waris henteu kudu diobrolkeun heula.
Ngan kuring anu ningali unggal Apa ngahuap unggal ngagukguk, ceurik di jero haté, ceurik anu beuki nyeri jeung nyanyautan. Ngan kuring anu ningali Apa bari ngahuap téh bari carinakdak, terus murubut cisocana.
Tos emam mah Apa téh bobo deui. Dua jam ti harita Amih ngajerit, da basa ngagugahkeun Apa, Apa tos henteu aya. ****
    
Setiabudhi, 25 Désémber 2016
   
  

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BATARA KARANG"

Posting Komentar