KINANTI
Mangle no. 2572, 7-13 April 2016
Kuring ngahuleng basa
Enci laporan, cenah aya anu nélépon, tilu kali, nanyakeun kuring. Ngaranna
Kinanti. Ngakuna sobat kuring jaman keur SMP.
“Ku abdi téh henteu
dipasihan nomer Ibu,” ceuk Enci, sekertaris kuring. “Upami ogé anjeunna leres réréncangan
caket Ibu, kedahna terang nomer Ibu.”
“Ninggalan nomer hp
teu?”
“Henteu. Waktos ku abdi
disungkeun, kalah masihan alamat anu rada anéh, Bu. Sareng titip salam kanggo
Ibu sakulawargi”
Kampung Neglasari, Desa
Leuweung Tiis, Kecamatan Paniisan. Enya alamat anéh da henteu aya nomer, hentau
aya ngaran jalan, pikeun urang kota mah. Tapi kuring yakin, ieu téh Kinanti anu
salila ieu ditéangan ku kuring.
**
“Sapertosna mah omset
samiliar per bulan téh tos mapan, Bu,” ceuk Enci waktu méré laporan penjualan.
Kuring imut. Bungah. Henteu gampang hayang nepi kana targét sakitu. Meunang
gawé anu ceuk batur mah kamalinaan. Warkoholik apan nyebutna ka kuring téh.
Kukurilingan ka daérah-daérah ngaresmikeun cabang usaha, ningkatkeun produksi,
mekarkeun waralaba, jeung tangtu waé ngiklankeun hasil produksi.
Tangtu waé ieu téh hiji
préstasi. Préstasi pikeun kuring. Dina umur tilu puluh lima taun kuring geus
mampuh ngadegkeun usaha anu omsetna samiliar sabulan. Omsét anu ceuk dosén
kuring mah geus ngaliwatan titik kahiji. Lamun omsét samiliar sabulan geus
katepi, usaha téh bisa mekar ka arah mana waé.
Tangtu waé ieu téh
préstasi ogé pikeun kulawarga kuring. Kang Adang, salaki kuring, anu mimitina
mah keukeuh yakin salah saurang ti salaki-pamajikan kudu aya anu gawé; dua taun
katukang apan eureun tina pagawéanana. Kang Adang ayeuna mah saratus peresén
ngabantuan kuring ngokolakeun usaha Dingrén Frozen.
Lain légég saenyana mah
maké ngaran ngaharib-harib mancanagara téh. Dingrén téh apan singketan tina puding
kerén. Ari Frozen, kecap éta téh keur populér, apan aya filmna sagala. Ayeuna
mah Dingrén Frozen jadi kacapangan barudak ngora anu keur santéy di kafe,
ibu-ibu arisan, malah mah barudak sakola ogé ari aya acara téh tara kaliwat
Dingrén Frozen.
Hasil tina usaha téh
tangtu waé kuring sakulawarga bisa ngarasakeun hirup sarwa méwah. Méwah dina
hirup sapopoé, hiburan, pendidikan keur Anis jeung Riawan, barudak kuring. Ema
anu jadi sumber sumanget kuring moal deui ngalaman hirup susah sangsara
balangsak siga jaman kuring keur leutik. Basa Ema gaduh niat ngalaksanakeun
ibadah haji, kuring nganganteur bari haté bungah. Waktu Ema mulang ti Mekah
apan kuring mapagkeun téh bari ngaharéwos, “Ema, bilih Ema hoyong ka Mekah
unggal taun ogé, sapertosna mah abdi tiasa ngabéayaan.”
Ema imut. “Wajib haji
mah mung sakali, Bageur. Leuwih ti éta mah malah Ema sieun, sieun aya pikiran
jeung rarasaan lain salain ibadah,” saurna.
Kuring ngabéléhém. Kudu
diaku, kuring téh masih dengdem kana hirup sangsara. Sainget, ti mimiti Bapa
ngantunkeun basa kuring kelas hiji SD, hirup téh asa pikakeueungeun. Ema
ngabantu-bantu pagawéan naon waé di imah anu beunghar. Uihna Ema mawa sangu
atawa béas. Duit anu dikeupeulkeun ka Ema mah disimpen. Cenah keur nabung mayar
kontrakan. Dahar sangu karo uyah téh lain hal anu ahéng. Malah dahar saukur
sangu sakeupeul ogé mindeng.
Basa kuring kelas opat
SD, Ema mimiti dagang loték jeung goréngan. Modalna ditambutan ku anu boga
kontrakan. Kuring mantuan nyeupan lejet, kangkung, engkol, nangka. Réngsé nyeupan
dituluykeun kukumbah wadah. Tapi unggal Ema miwarang kuring mawa goréngan ka
sakola atawa titipkeuneun ka warung deukeut sakola, kuring tiba gideug.
“Naha kunaon?” saur Ema
harita. “Lumayan, salain ngabantuan Ema, apan Euis jadi boga keur jajan”
“Euis isin,” témbal
kuring.
Sigana Ema jéngkél
harita.
**
Asup ka SMP kuring
mimiti wani mawa dagangan ka sakola. Éta ogé lantaran daganganana lain
goréngan, tapi ager gula kawung. Puding, kitu kuring mah nyebutna. Kuring sok
seuri lamun inget ka mangsa harita. Anéh, dagang goréngan mah bet éra. Rarasaan
téh goréngan leuwih handap ajénna batan puding.
Harita kuring mimiti
deukeut jeung Kinanti, batur sakelas.
“Wah, surprise! Rasana
kerén,” ceuk Kinanti basa ngasaan puding dagangan kuring bari ngacungkeun jempol.
“Euis anu ngolah pudingna?”
Isukna kuring
ngajenghok. Anu apal kuring dagang puding, geuning lain waé batur sakelas.
Barudak kelas séjén ogé arapaleun. Basa kuring ngaliwat ka kelas dua, réa anu
ngageroan kuring tukang puding. Tangtu waé kuring éra. Kuring lumpat ka kelas.
“Héy tukang puding, ka dieu...!”
ceuk Salsa ti kelas 2C. “Dagang puding téh atuh tong nyumput.”
Babaturanana sareuri.
“Tukang dagang anu
éraan mah enya kitu, lamun aya anu meuli téh kabur!” ceuk anu séjén. Baturna
sareuri beuki ramé.
Kuring diuk dina
bangku. Cimata mah teu katahan, maseuhan sapu tangan jeung tungtung baju. Koma
basa nyaho anu nyebarkeun béja kuring tukang dagang puding téh horéng Kinanti. Naon
atuh salah kuring téh ka Kinanti. Bet téga-téga teuing....
Isukna kuring embung
deui dagang. Balik sakola kuring ngahadep ka kepala sakola, dipanggil pedah
kuring can mayar iuran toilet séhat. Balikna kuring ningali Kinanti keur
nungguan mobil jemputanana. Ku kuring disampeurkeun.
“Kinan, naon salah
Euis, naha mani téga nyebarkeun béja yén Euis dagang puding?!” ceuk kuring.
“Jamuga nya ayeuna mah ka Euis!”
Kinanti molohok. Kuring
mah gancang rurusuhan balik. Soréna Kinanti datang ka imah kuring. Kinanti
ménta dihampura.
“Kinan mah henteu
maksad ngahina atawa ngéra-ngéra Euis,” ceuk Kinanti. “Kinan mah nyaan resep
kana puding buatan Euis. Matak Kinan mantuan promosi. Kinan mah teu nyangka
Euis bakal éra, komo terus embung dagang. Naha maké éra dagang? Kinan mah ti
acan sakola geus biasa dagang.”
Kinanti téh budak
juragan warung sangu. Ti leuleutik cenah geus biasa jeung lanceuk-lanceukna
dagang di pasar kagét. Pasakan meunang indungna téh didagangkeun ku Kinanti
jeung dua urang lanceukna. Sésana dibawa ka warung indungna. Nepi ka ayeuna
Kinanti masih miluan dagang. Lantaran warung sanguna aya opat, Kinanti ngiluan
ngabantu-bantu di warung sangu anu dikokolakeun ku lanceukna anu geus kuliah.
Balik sakola téh Kinanti mah mindeng henteu ka imah, tapi terus ka warung
sanguna. Matak manéhna héran, naha kuring bet éra pedah dagang?
Isukna kuring dagang
deui puding. Kinanti mantuan mangjualkeun. Anu biasana saukur payu dua puluh
kap, dibantuan ku Kinanti mah béak nepi ka lima puluh kap.
“Puding meunang Ema
Euis téh nyaan énak, rasana kerén,” ceuk Kinanti. “Kumaha lamun urang ngaranan
waé Dingrén, hartina puding kerén, atawa puding gula arén.”
Ti harita Dingrén jadi
populer di sakola kuring. Lantaran sapoé téh leuwih ti saratus kap anu kudu
dibawa, kepala sakola ngalarang kuring dagang di kelas. Dingrén téh terusna mah
dititipkeun di kantin. Dingrén anu henteu béak sok disimpen dina kulkas, ngarah
leuwih awét diasupkeun kana freezer. Lamun rék didagangkeun tinggal disimpen
ngarah henteu ngabeku. Ari pék geuning réa anu resep Dingrén beku. Ti harita
katelah wé Dingrén beku téh ku sebutan Dingrén Frozen.
Ari Kinanti, ti tamat
SMP téh siga anu ngaleungit. Imahna geus ganti anu nyicingan, warung sanguna tutup.
Pleng wé teu panggih mangtaun-taun. Basa minggu kamari kuring diwawancara ku
acara talkshaw télévisi, kuring téh ngadongéngkeun Dingrén Frozen.
“Kinanti téh lain
saukur sobat, tapi anu jadi titik balik kuring,” ceuk kuring. “Hanjakalna, nepi
ka ayeuna Kinanti siga anu ngaleungit. Kuring geus néangan ka ditu ka dieu,
ngubek dina internét, tapi henteu aya. Anéh ogé nya, jaman tehnologi komunikasi
maju ngabelesat, maké hésé néangan sobat. Kuring miharep, lamun aya anu nongton
terang dimana Kinanti, tiasa ngontak ka kuring. Kinanti téh kudu apal, usaha
kuring sagedé kieu téh ku alpukahna ogé.”
Meureun acara talk-show
éta anu nyababkeun Kinanti ngahubungi kuring.
**
Kuring indit sorangan
néangan alamat Kinanti. Henteu dibaturan ku salaki, ku Enci, atawa ku barudak.
Rarasaan téh asa hayang sorangan. Ngarah laluasa. Ngaleungitna Kinanti téh
rarasaan mah aya nanaonna.
Kuring hareugeueun
neuteup awéwé kolot, buukna ipis, pipina kemong. Awéwé kolot anu terus nangkeup
kuring pageuh pisan.
“Wilujeng Euis, Kinan
bungah Euis jadi pengusaha anu suksés,” pokna ngaharéwos.
Kinan téh divonis
kangker basa kelas hiji SMU. Kolotna mawa tatamba ka mana-mana. Pengobatan
médis nepi ka mancanagara. Pengobatan tradisional mah cenah geus sagala dicoba.
Tapi henteu aya anu mempan. Ayeuna mah sagala tatambana téh eureun. Anu
diandelkeun tinggal dahareun anu diatur jeung sumanget pikeun ngeusian sésa
umur.
“Hirup téh anéh ogé
nya, Euis,” ceuk Kinanti bari imut. “Ti kelas hiji SMU Kinan divonis umur ukur
bubulanan deui. Tapi anu tipayun ngantunkeun mah kalah Apa sareng Emih. Kinan
téh geus ubar-aber tatamba ka ditu ka dieu, tapi asa séhat mah ayeuna sanggeus
sagala obat ditinggalkeun. Gusti téh meureun masih méré tugas keur Kinan.”
Kuring henteu réa
ngomong. Aya anu nyelek dina tikoro jeung di jero dada. Lamun kuring loba
ngomong mah tanwandé bakal bedah jadi ceurik.
“Da puguh sagala
kakayaan Apa sareng Emih dipaké ngabéayaan tatamba, Kinan mah kungsi ngalaman
sangsara anu pohora. Mindeng nahan lapar jeung nyeri.” Kinanti ngadongéng bari
tara tinggaleun imut. “Pangalaman anu éndah, anu jadi titik balik sangkan Kinan
bangkit jeung maranéhna.”
Anu disebut maranéhna
téh batur salemburna. Unggal soré Kinanti ngajar maca jeung nulis ka barudak.
Isuk-isuk ibu-ibu dialajar popolah kadaharan. Barudak rumaja mah dialajar
bisnis. Unggal poé minggu olahan ibu-ibu téh dibawa ku barudak rumaja,
didagangkeun di pasar kagét. Ari bangsa kuah-kuéh mah dititipkeun di
warung-warung ku barudak rumaja téh.
“Naha henteu muncul
dina internét, Kinan?” ceuk kuring. “Jaman ayeuna mah kukumaha ogé lamun hayang
leuwih maju kudu ngamangpaatkeun internét.”
“Tadina Kinan alim saha
waé apaleun yén Kinan téh kangker, kungsi divonis umur bubulanan deui.” Kinanti
neuteup kuring lila pisan. “Tapi moal lila deui ogé Kinan bakal muncul. Kinan
kudu mingpin urang dieu pikeun bisnis, nyieuhkeun kasangsaraan hirup urang
lembur.”
Kuring nangkeup Kinanti
pageuh pisan saacan mulang. Bari jeung gering sakitu parnana, cocoba hirup anu
luar biasa, Kinanti masih ngajarkeun jampé hirup pikeun kuring. Salila ieu
kuring mah poho kana purwadaksi. Mangtaun-taun hirup sangsara, sanggeus jugala
henteu inget ka anu masih sangsara. Dengdem kana kasangsaraan téh lain dengdem
ka anu sangsara.
“Euis bakal ka dieu
deui, sagancangna,” ceuk kuring ngaharéwos.
Kinanti imut. Sorot
teuteupna aya ku sumanget.
****
0 Response to "KINANTI"
Posting Komentar