KICAKA JEUNG KICIKI

Dongeng Yus R. Ismail

Mangle no. 2574, 21-27 April 2016

Jaman baheula, aya dua sobat anu layeut pisan. Ti bubudak lamun ulin tara papisah. Lamun anu saurang boga kadaharan, pasti hayang kaasaan ku sobatna. Lamun manggih kasusah, duanana silih tulungan. Ngaranna téh Kicaka jeung Kiciki.
Sanggeus rumaja, Kicaka jeung Kiciki bubuara ka kota karajaan. Kicaka buburuh di warung sangu. Gawéna sagala dicabak. Ti mimiti kukumbah wadah, saksak-siksik, balanja ka pasar, nepi ka ngaladénan anu dalahar. Kicaka saréna di jero warung. Dununganana satujueun, da itung-itung nungguan warung. Ari Kicaka atoh, da puguh bisa ngirit henteu kudu nyéwa kamar.
Kiciki gawé di pabrik tahu. Sarua jeung sobatna, Kiciki ogé gawéna sagala dicabak. Ti mimiti ngakut kacang kedelé, ngumbah, ngeueuman, nutuan, nepi ka ngadonan kana ancak. Unggal poé, Kiciki kakara bisa reureuh sanggeus peuting. Kiciki ogé saréna téh di jero pabrik tahu. Ngampar samak, bantal kucel, disimbut sarung. Najan walurat unggal peuting ogé saré Kiciki téh tibra waé.
Boh Kicaka boh Kiciki dipikanyaah ku dununganana. Najan kitu, dunungan Kicaka henteu bisa ngabantuan basa hiji poé Kicaka unggah baléwatangan. Subuh-subuh basa Kicaka bubuka warung, di teras warung aya mayit ngababatang. Dina sirahna aya tatu dewang anu masih ulawéran getih. Lantaran euweuh saksi ku saha éta mayit ditandasa, nya Kicaka jadi tersangka. Kicaka dibui.
“Kicaka, lantaran euweuh saksi anu ningali yén anjeun henteu salah, nya anjeun ditibanan hukuman gantung,” ceuk hakim. Puguh deui Kicaka leuleus taya tangan pangawasa. Haténa sedih anu taya babandinganana. Cipanon ngalémbéréh maseuhan pipina. Ari kituna, puguh manéhna mah henteu salah nanaon. Anu lalajo di pangadilan sakabéhna jempé. Sakabéhna mangkarunyakeun kana nasib Kicaka.
“Saméméh hukuman gantung dilaksanakeun, naha manéh aya paménta, Kicaka?” ceuk hakim deui.
Kicaka ngahuleng. Naon atuh kahayang sanggeus umur kanyahoan saukur popoéan deui? Tapi ras manéhna inget ka indungna. Indung anu unggal waktu papatah sangkan hirup jujur, daék tutulung ka anu butuh tatalang ka anu susah, gawé anu suhud.
“Pami diwidian mah, abdi hoyong uih heula ka lembur, ngalongok anu jadi indung, nyuuh sujud kana lahunanana,” ceuk Kicaka.
“Sabaraha lila perjalanan ti dieu ka lembur anjeun?” tanya hakim.
“Dua dinten dua wengi nembe dugi ka lembur abdi, atuh uihna ogé sami dua dinten dua wengi. Pasihan wé kasempetan abdi sadinten ngaréncangan pun biang. Janten lima dinten....”
“Anjeun meunang indit ayeuna kénéh, asal aya tandon anu ngaganti. Lamun anjeun cidra jangji, henteu datang deui ka dieu, éta tandon anu bakal ditibanan hukuman gantung. Tapi lamun henteu aya anu sanggup jadi tandon, kahayang anjeun ditolak ku pengadilan.”
Tangtu waé henteu aya anu daék jadi tandon. Tapi sanggeus sababaraha lila, basa hakim ngangkat palu pikeun nutup sidang, aya anu lulumpatan bari gogorowokan yén manéhna sanggup jadi tandon. Atuh ku saréréa pada ngahiap jeung pada méré jalan. Horéng téh Kiciki anu sanggup jadi tandon. Anu lalajo mani surak bakat ku atoh. Harita kénéh Kicaka indit seja ngalongok indungna.
Lima poé anu ditangtukeun cunduk kana waktuna. Hukuman gantung baris dilaksanakeun di alun-alun. Tihang gantungan geus disiapkeun. Kiciki anu jadi tandon geus digiringkeun. Anu lalajo marilu sedih. Ari kituna, Kicaka téh geuning acan datang kénéh waé. Boa enya cidra jangji.
“Kiciki, anjeun kudu ihlas jadi tandon. Bongan jalma anu dipercaya ku anjeun henteu datang, nya anjeun anu baris digantung,” ceuk hakim. Kiciki henteu galideur. Manéhna yakin, sobatna henteu cidra jangji. Anu lalajo mimiti réa anu ngananaha jeung ngajejeléh ka Kicaka.
Tali gantungan mimiti dipasangkeun kana beuheun Kiciki. Hakim tinggal ngitung nepi ka sapuluh saméméh tali dieuradkeun. Keur kitu, ti kajauhan katingali aya anu lulumpatan bari gogorowokan. Horéng Kicaka anu nemonan jangjina. Datang-datang terus ngagabrug ka Kiciki.
“Hampura, Sobat, kuring katelatan. Ti imah mah rurusuhan, tapi di jalan kapegat banjir. Kuring nulungan heula budak anu kabawa caah. Di sisi leuweung ogé manggihan mencek tiselap kana batu. Karunya lamun diantep téh. Bisa paéh éta mencek téh. Anakna narungguan di gigireun mencek anu geus leuleus bangun saredih,” ceuk Kicaki.
“Henteu nanaon, Sobat, da kuring mah percaya ka anjeun. Najan hukuman gantung ditibankeun ka kuring, kuring mah tetep yakin, anjeun téh henteu cidra jangji. Tapi anjeun pasti aya halangan di jalan,” témbal Kiciki.
Ngadangu éta dua sobat, anu lalajo nyarusutan cimata. Atuh hakim ngahuleng sakedapan.
“Salaku hakim, kuring yakin pisan ayeuna, maranéh téh dua jalma anu hadé budi, alus parangi, beresih haté. Ku kituna, pangadilan mutuskeun, Kicaka bébas tina sakabéh hukuman,” ceuk hakim.
Kicaka jeung Kiciki silihtangkeup deui. Anu lalajo surak bakat ku satuju. **

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KICAKA JEUNG KICIKI"

Posting Komentar