Jejak Kata :
Home » » DONGENG SI KEMBAR

DONGENG SI KEMBAR

Written By Mang Yus on Rabu, 28 September 2016 | 09.12

Carpon Yus R. Ismail
Mangle no 2595, 22-28 September 2016
mang Iwan M. Ridwan, nuhun potretna...

Sobat uing, José ngaranna, hiji poé nanya: “Naha aya dongéng ngeunaan si kembar di lembur anjeun?”. Sobat uing anu ieu mah enya resep pisan kana carita ngeunaan si kembar. Ceuk manéhna mah, kajadian rongkah di dunya ieu biasana kembar, alias ngabalikan deui. Kajadian mimiti disebutna tragédi, kajadian saterusnya disebutna lulucon.[1] Saenyana pamadegan siga kitu téh lain jol ti manéhna, tapi anu kungsi diucapkeun ku sobat manéhna. Tapi keun waé, lieur jeung jauh teuing lamun arék nyusud éta mah.
Da puguh ka sobat téa, nya uing ngadongéng siga kieu....  
**

Ula ngagebeg basa ningali warta dina télévisi. Harita manéhna keur sasarap di jongko nasi kuning. Biasa, saacan dadasar mémérés dagangan téh Ula mah sok sasarap nasi kuning jeung kopi sagelas.
“Ieu politisi anu kapilih jadi anggota DPR dina Pemilu kamari,” ceuk mojang geulis anu maca warta.
Ula ngagebeg basa ningali potrét-potrét anggota DPR anu ngalayang dina layar télévisi. Tapi da ngan sakolébat potrét-potrét téh katingalina. Ukur sababaraha detik. Batur ogé anu sarua keur sasarap geuning henteu aya anu engeuheun.
Salila ngaladangan sayuran téh pikiran Ula mah manteng kana warta télévisi tadi. Pasar anu biasana ramé karasana téh asa reup-reupan. Sakapeung ramé, sakapeung asa jempling. Pasti saukur rarasaan éta mah. Apan Si Sardin, tukang beubeutian anu ngampar gigireun, ngagebah dua kali.
“Ngalamun téh... siga anu mikiran nagara!” cenah bari terus ngagakgak basa ningali Ula ngarénjag.
“Mikiran naon... siga anu rék kawin deui!” cenah basa ngagebah anu kadua kalina.
Di kamar kontrakanana anu ngan sagedé pelok, pikiran Ula gé manteng kana berita télevisi tadi. Nasi bungkus Ma Acih saukur béak satengahna. Kojéngkang kana méja anu ngan hiji-hijina, cur nyicikeun cai, leguk nginum. Goléhé kana dipan. Angger, warta télévisi tadi ngalangkang.
Naha enya, bisa saperti kitu? Teng Ula inget ka Si Sardin. Budak kénéh Si Sardin mah. Kakara dua puluh lima taun umurna ogé. Pantes Si Sardin mah rada ngarti kana pajamanan. Manéhna apan anu kungsi mangnyieunkeun akun facebook di warnét. Enya, akun facebook Ula, enya ogé henteu maké potrét, da ngan harita-haritana ka warnétna ogé.
“Dina internét mah urang bisa néangan saha waé, Mang. Asal apal ngaran lengkepna. Tapi henteu apal ogé bisa ditingali potrétna kétang,” ceuk Si Sardin harita.
Rap Ula maké deui calana panjang, bes ngasupkeun potrét kana saku, kulutrak muka panto, terus ngingkig ka warnét.
“Hayang ningali potrét anggota DPR anyar anu kapilih, Jang. Cik kumaha carana,” ceuk Ula ka anu jaga warnét.
“Gampang atuh, Mang. Buka wé Google, sagala aya di dinya mah,” ceuk anu jaga warnét bari nyontokeun.
Bérébét potrét-potrét anggota DPR anu kapilih téh ngajajar. Henteu kudu diimeutan teuing, panon Ula langsung manco kana potrét anu di tengah. Déwa ngaranna téh. Ula ngahuleng mencrong potrét Déwa. Naha enya, bisa saperti kieu? Kusiwel Ula ngaluarkeun potrét. Salila-lila manéhna neuteup potrét sorangan. Nyeplés. Lain saukur keureutan beungeut, mancungna irung, godégna ogé geuning sarua pisan.
Dina facebook Ula ngetik ngaran Déwa Pandawa. Ngajajar akun dina search mah, tapi Ula henteu kapalingan ningali potrét Déwa. Manéhna téh pengusaha jugala geuning. Potrét-potrétna karéréaan di tempat-tempat wisata di Nusantara. Aya ogé potrét-potrét di mancanagara. Aya dua potrét anyar keur dilantik jadi anggota DPR. Pamajikanana aya ku geulis. Pantesna umurna kakara tilu puluh taunan. Anakna tilu urang, anu panggedéna kelas dalapan SMP. Ula nulis nomer hp anu aya dina profil-na.
Meureun anu disebut bédana téh di dieu. Ula mah apan budakna ngan dua. Pamajikanana sarua kakara tilu puluh taunan. Ngan Iroh mah katingalina rada kolot, da puguh henteu pati kaurus. Di lembur matuhna pamajikan jeung barudak Ula mah. Ula dagang sayuran di pasar Ciroyom mah nyorangan. Da leuwih genah kitu, itung-itung ngirit. Kajeun Ula balik sabulan sakali ka Ciakar, lembur singkur di sisi leuweung Ciceuri, Sumedang.
“Jang, ieu pangasupkeu potrét kana facebook,” ceuk Ula ka budak anu jaga warnét.
**

Saukur panasaran Ula ngahubungi nomer télépon Déwa. Basa aya anu ngangkat Ula reuwas.
“Halow,” cenah pondok jeung kararagok.
“Papah, nuju di mana?” témbal sora tina hp. Sora awéwé, mani halimpu.
“Eu... abdi mah, abdi mah....”
“Papah kunaon, ieu hp Papah apan kakantun di bumi.”
“Abdi mah Ula, ti Bandung. Tiasa nyarios sareng Bapa Déwa?”
“Ah, Si Papah ngaheureuyan. Papah tos dugi di mana ayeuna?”
“Oh, engké waé atuh.” Tut, Ula mareuman hp.
Isukna, keur nungguan dagangan, hp Ula ngirining. Ula reuwas barang ningali nomer anu ku manéhna dingaranan Déwa. Ula lumpat ka tukangeun pasar anu rada tiiseun saacan ngangkat hp-na.
“Manéh téh saha? Naon maksudna? Tong nipu ka kulawarga déwék bisi dilaporkeun ka pulisi. Manéh téh nyaho déwék téh anggota DPR...,” ceuk sora dina hp ujug-ujug nyoroscos nyarékan.
“Sanes kitu... hapunten Pa. Eu... abdi gé ieu téh bingung. Soanten Bapa sareng abdi téh aya ku sami. Apan istri Bapa gé henteu tiasa ngabéntenkeun. Komo deui pameunteu urang. Tingali wé potrér abdi dina facebook. Nami abdi Ula, éh Nakula.”
Saminggu ti harita Déwa nélépon deui Ula.
“Manéh di Bandungna di mana?” ceuk Déwa.
“Abdi mah icalan sayuran di pasar Ciroyom, Pa. Ngontrak kamar alit di caket pasar.”
“Manéh apal ka wewengkon Ciumbuleuit?”
“Oh muhun, terang masih kénéh di Bandung mah.”
“Tah isukan déwék aya acara di Bandung, ngéndong di hotél Ibis. Ditungguan di kamar nomer 320 pasosoré nya.”
“Oh, muhun Pa, diéstokeun pisan.”
**

Déwa molohok mata simeuteun basa muka panto kamar hotél. Anu bieu keketrok téh ngajanteng di hareupeunana. Ukur anggang saméter. Pakéanana mah enya kuleuheu. Tapi keureutan beungeut, irung, panon, ceuli, malah garis kolot handapeun panon, aya ku nyeplés.
“Sok ka lebet,” ceuk Déwa bari méré jalan. Asa-asa Ula asup ka kamar.
Sababaraha jongjongan duanana ngaharuleng, pahareup-hareup dina korsi anu ngan diwatesan ku méja.
“Cik ningali dampal leungeun,” ceuk Déwa bari mukakeun dampal leungeunna sorangan. Ula nurut. Duanana beuki ngaharuleng. Garis-garis leungeun téh bet sarua nepi ka garis anu laleutikna.
“Boa urang téh dulur sakembaran,” gerendeng Déwa.
“Tapi pun biang kantos nyaur, abdi mah budak nunggal,” témpas Ula.
“Enya kétang. Indung déwék gé kungsi ngadongéng, dulur déwék mah ngan dua, ayeuna matuh di Dénpasar.”
Leng ngaharuleng deui sababaraha jongjongan.
“Ngaran téh saha?” ceuk Déwa deui.
“Ula, Nakula leresna mah.”
“Ngaran ogé bet nyambung. Déwék mah ngaran dina ijazah Déwa. Tapi ceuk indung, ngaran sabenerna mah Sadéwa.”
Sanggeus ngaharuleng anu kasababaraha kalina, Ula amitan.
“Ké, aya hiji deui euy kapanasaran déwék. Déwék mah boga tanda dina beuteung,” ceuk Déwa bari ngudar kancing bajuna. “Ari manéh boga anu saperti kieu?”
**

Saminggu saentas panggih di kamar hotél hp Ula ngirining deui. Ula reuwas da anu nélépon téh ujug-ujug nuding.
“Déwék asa reuwas kareureuhnakeun, euy. Silaing kungsi nélépon pamajikan déwék, naon maksudna?” ceuk Déwa dina hp.
“Henteu aya maksad nanaon, Pa.”
“Naha nélépon pamajikan déwék?”
“Abdi mah nélépon Bapa, mung anu ngangkat geuning istri Bapa.”
“Naon maksudna nélépon déwék?”
“Mung panasaran wungkul.”
Eureun sababaraha detik.
“Silaing boa kungsi datang ka imah déwék, nya?”
“Henteu Pa, henteu terang alamatna ogé.”
“Ah, alamat mah gampang ditéangan siah. Di imah déwék kamari leungit perhiasan.”
“Teu pisan-pisan Pa, wantun sumpah!”
Eureun deui sababaraha detik.
“Silaing ngalakukeun naon jeung pamajikan déwék?” ceuk Déwa deui dina télépon.
“Henteu pisan-pisan, Pa.” Sora Ula beuki ngadégdég.
“Lamun silaing datang ka imah, pamajikan déwék pasti nyangka silaing téh déwék!”
“Ampun Pa, henteu pisan-pisan!”
Eureun deui sababaraha detik.
“Silaing kungsi ka perusahaan Freeport, nya?”
“Duka, pripot téh naon?”
“Ah, siah api-api bodo. Aya anu ngaku-ngaku ngaran déwék ménta saham ka Freeport. Silaing, nya?”
“Duka Pa, henteu terang.”
“Silaing ngabahayakeun!”
Trek hp téh pareum. Ula ngarénghap panjang.
**

Isukna, Ula keur reureuh dina dipan di kamar kontrakan, aya anu keketrok. Ula mani ngadégdég basa dua urang tamu téh ngaku pulisi. Ula dititah mérésan barang-barangna sagancangna. Ula digiringkeun ku dua urang pulisi anu henteu maraké seragam. Ula dibawa ka perumahan di tengah sawah di Ciwastra.
“Ti ayeuna, manéh henteu meunang kaluar imah. Kadaharan jeung kabutuhan séjénna bakal aya anu nganteuran,” ceuk salah saurang pulisi.
“Ampun Pa, henteu dagang mah abdi kumaha atuh moal tiasa ngintun artos ka lembur.”
“Manéh angger balik ka lembur mah sabulan sakali. Duit dibahanan sabiasana manéh mawa. Tapi salila di dieu manéh henteu meunang kaluar imah. Tapi salila di lembur manéh ogé henteu meunang udar-ider. Cukup ngalongok pamajikan, budak, kolot, terus balik deui ka dieu. Geus diatur sagalana ti Jakarta!”
Kitu anu diatur ku Déwa. Manéhna téh kasieunan Ula ngamangpaatkeun sarimbagna keureutan beungeut jeung dedegan tangtungan. Manéhna kaleungitan perhiasan, pamajikanana diheureuyan, aya anu ngaku-ngaku manéhna ménta saham ka perusahaan Freeport, ngan kasieunan Déwa wungkul. Mangkaning manéhna téh jadi calon kuat ketua PPT alias Partéy Paduli Teuing, di DPR apan diramékeun bakal jadi ketua umum.
Sedengkeun Ula, enya mimitina mah siga anu senang henteu kudu susah-susah gawé. Tapi lila-lila mah asa dibui. Hirup téh kawatesan. Henteu bisa mingé. Hirup nyimpé di tengah kota anu ramé.
**

Sataun ti harita Déwa unggah baléwatangan. Manéhna kacerek deleg ku KPK keur narima duit panyogok ti perusahaan ekspor-import daging munding. Ari pék narétélan, sosogok jeung proyék anu digadabah ku manéhna aya welasna. Cenah, tilu koma lima trilyun rupiah duit nagara anu dipaok ku Déwa. Atuh Déwa digebruskeun ka bui.
Déwa ceurik da puguh henteu biasa dibui jeung ngabayangkeun nyanghareupan pengadilan anu piriweuheun. Teng manéhna inget ka Ula. Hiji peuting, Déwa dianteur ku kepala rutan ka Bandung, terus ka perumahan di tengah sawah di Ciwastra.
“Ayeuna tukeuran, déwék anu di dieu. Jung manéh ngagantian déwék,” ceuk Déwa.
Ula henteu ngarti. Tapi nurut basa kapala sipir anu dibayar saratus juta rupiah téh ngawal manéhna kana mobil pajero sport.
Isukna di rutan, Ula ngadégdég basa dilongok ku pamajikan Déwa. Celengok dicium pipina kénca-katuhu. “Papah tenang, ulah ngadégdég kieu. Pengacara panghébatna di Indonesia siap ngabéla Papah,” ceuk pamajikan Déwa.
Ula ukur unggeuk jeung unggeuk.
“Pah, saur sipir, pami urang bade honey-moon deui, aya bumi di pengkereun rutan. Tapi kedah susulumputan. Wios sogokanana awis gé. Henteu awis kétang tilu puluh juta sawengi keur urang mah,” ceuk pamajikan Déwa ngaharéwos bari imut. “Engké sonten Mamih ngantosan di bumi honey-moon téa nya, Pah. Keun sipir anu ngatur. Mamih anu mésér viagra mah.”
Ula beuki ngadégdég.
**

Sobat uing, José ngaranna, ngahuleng sanggeus uing ngadongéngkeun “si kembar” anu dipikahayangna.
“Naha?” ceuk uing panasaran.
“Endingna henteu lucu. Maksud lulucon dina kajadian rongkah téh sarkasme, sinis anu nyeuit saperti diturih hinis. Matakna ending carita kuring....”
“Enya, enya uing ngarti. Tapi anu saenya-enyana, perjinahan anu bisa jadi kajadian, éta téh lulucon anu paling sinis jeung pikasieuneun. Leuwih pikasieuneun batan lancah raksesa dina carita anjeun.
“Naha lain sabalikna? Apan perjinahan mah lulucon anu pikaresepeun?”
“Katingalina mah enya pikaresepeun. Tapi lamun perjinahan éta lumangsung, mahluk anu palingpikasieuneun keur dirékayasa, anu engkéna bakal lahir mahluk anu leuwih pikasieuneunana henteu bisa dibayangkeun.”
José unggeuk. Uing miharep manéhna ngarti naon anu ku uing henteu kaharti....  ***

Cilembu, 6 April / 20 Juni 2016

      








[1]  Filsuf Georg Wilhelm Friedrich Hegel nyebutkeun: Sakabéh kajadian rongkah di dunya ieu lumangsung dua kali. Karl Mark anu kataji ku Hegel nambahan: Kajadian kahiji mah tragedi, lamun kajadian kadua nya disebut lulucon. Dina novel The Double, José Saramago nyutat pamanggih dua ahlipikir éta. Novel anu nyaritakeun “si kembar” téh terus difilmkeun kalayan judul Enemy (2013). Jose Saramago téh pangarang ti Portugal anu dileler hadiah nobel taun 1998, wafat kaping 18 Juni 2010.

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni