Hayam Seuri
Mimitina mah
henteu percaya aya hayam seuri alias ayam ketawa téa. Ari pék, enya aya hayam
anu kongkorongokna siga jelema seuseurian. Pangalaman ieu téh lima taun
katukang, basa imah kosong hareupeun imah kuring aya anu ngeusian. Urang
Bandung Pa Didin teh asalna mah. Pindahna bari mawa hayam seuri téa.
Henteu saukur
resep sigana Pa Didin mah kana hayam seuri téh. Da salain loba, ti jago dewasa
nepi ka anakna anu kakara megar, ogé asal-usulna hayam téh diperhatikeun. Cenah
aya hayam anu langsung didatangkeun ti Sulawesi, tempat hayam seuri téa mimiti
dikukut.
Ari hargana,
matak ngalamun anu henteu apal kana iinguan. Henteu puluhan rébu siga hayam
kampung, tapi nepi ka jutaan rupiah. Kuring lantaran kabawakeun resep
ngadangukeun ceuleukeuteukna hayam, ngaririhan anakna hiji. Hayam jalu téh
unggal isuk diparaban.
Duka jenisna
hayam seuri mah kitu, rarasaan téh éta hayam asa lindeuk pisan. Meureun
lantaran unggal poé diparaban, diusapan, diajak ocon, éta hayam téh embung jauh
ti kuring. Sok diseungseurikeun ku barudak mah, pedah kuring ka warung ogé éta
hayam téh nunutur.
“Si Ayah gaduh sobat
anyar,” ceuk budak kuring bari seuri ningali hayam seuri nyéngclé dina tuur
kuring sabada diparaban. Hayam téh terus kongkorongok seuri téa. Tayohna kakara
diajar kongkorongok.
Tadina mah
horéam ngadongéngkeunana, duka ku naon kuring ogé bet resep jeung nyaah ka éta
hayam. Sapoé henteu ningali téh asa aya anu leungit. Puguh ogé ayeuna mah geus
jajangkar, luis, sakapeung kongkorongok seuri téa. Babaturan mah malah aya anu
wani nawar sagala, Rp 150 rebu cenah.
Ari hiji beurang
éta hayam téh ulin ka luar. Soré can balik téh ditéangan sagala. Ari pék hayam
téh teu kapanggih. Isukna ogé henteu balik henteu kapanggih. Tatangga ngabantuan
mangnéangankeun ogé masih teu kapanggih. Hayangna mah ceurik basa aya anu
nyebutkeun hayam téh pasti aya anu maok. Aya ku teungteuingeun ari bangsat.
**
Yosep R. - SumedangMangle no MUAT no 2707, 29 November - ... Desember 2018
0 Response to "Hayam Seuri"
Posting Komentar