JAWARA SUKAMISKIN


Carpon Yus R. Ismail

Mangle no 2694, 30 Agustus - 5 September 2018

Manéhna molohok basa bus ka Saung Pangreureuhan balad sa-lapas-na narangtung terus keprok ngabagéakeun. Standing ovation, panghormat anu pangistiméwana cenah. Ceuk Luhlah, napi korupsi daging munding téa, salila lima taun can kungsi standing ovation deui.
“Calon jawara... dua jempol...!” ceuk Inas, napi korupsi stadion méngbal anu direncanakeun pangagréngna sa-Asia.
 “Kiripik hui mantap serat... meski dibui tetap hebat...!” ceuk Gigis, pengacara senior anu dibui alatan nyogok hakim Pengadilan Tinggi.
Atuh anu keprok jeung anu ngabagéakeun beuki ramé. Manéhna henteu nyangka. Puguh atuh manéhna mah kakara sababaraha minggu dipindahkeun ka Sukamiskin. Eta ogé ari béja dibui di Sukamiskin mah sed wé saeutik ti pindah saré di kamar hotél, ti baheula ogé geus aya. Tapi apan manéhna mah acan kungsi nganjang ka lapas Sukamiskin.
Baheula basa kakara bus jadi aktivis partéy, keur diajar kumaha ari pulitik téh, Ketua Besar anu dianggapna guru, kungsi kalibet korupsi bank Century, tapi apan henteu kungsi di-Sukamiskin-keun. Padahal harita, bobodoran Ketua Besar geus nataku pikaseurieunana. Cenah, nunda duit lima ratus miliar rupiah di handapeun bantal. Coba, lamun aya hakim anu ngabayangkeun kumaha muncugugna éta bantal. Untungna hakim anu geus “diamankeun” téh cenah henteu boga cita-cita jadi pangarang anu sok ngalamun jeung ngabayangkeun. Jadi Ketua Besar ogé aman, najan di luar pangadilan mah masarakat seuri éak-éakan.
Inget ka guruna éta manéhna gancang méré kodeu ka sipir jeung anak buahna sangkan disadiakeun kamar sél anu saenyana basa ngadangu béja rék aya sidak. Atuh basa sidak (operasi ngadadak) ti Kementerian Hukum bari mawa acara tv kawentar Mata Wawa, manéhna mah ngabagéakeun di kamar sél anu saenyana téa. Tembok anu kapurna geus marukplukan, lanté semén tatambalan, erak kai leutik eusi kadaharan, baju jeung buku. Jamban gigireun risbang anu lébarna saméter saukur ditutupan ku kaén. Manéhna sorangan keur diuk dina korsi kai bari nyepeng buku Tobat Nasuha basa anu sidak datang, tuluy ngobrol akrab perkara sapopoé.
Geus baralik mah anu sidak, manéhna gé asup deui wé ka kamar sél-na anu sed saeutik ti kamar hotél téa, anu meunang nyéwa 500 juta rupiah. Mandi di jamban anu maké water heater paragi manaskeun cai, dikuramas bari nyanyi lagu dangdut Via Valen. Kaluar ti jamban bari dianduk kénéh terus nyolokeun paragi nyieun roti bakar jeung kopi. Lima menit ti harita geus mencétan rémot dina sofa empuk, am rotina regot kopina, ah ni’mat pisan.
Isukna, basa ngumpul di Saung Pangreureuhan, balad sa-lapas-na ngabagéakeun ku standing ovation téa. Saminggu sakali, unggal poé Senén, sok ngumpul anggota PNK (Paguyuban Napi Korupsi) téh. Manéhna enya ogé henteu daptar geus langsung diaku anggota da geus puguh baléwatanganana alatan ngagasab duit e-KTP triliunan rupiah.
Puguh waé henteu nyangka meunang pangbagéa siga kitu, da puguh keur mimiti ngahadiran anggota PNK ogé sababaraha minggu katukang, basa mimiti diwanohkeun ka saréréa, pangbagéana henteu kitu. Ari ayeuna, saréréa narangtung, kaleprok, bari terus narangkeup saurang-saurang.
“Minggu ayeuna mah, saréréa kudu ngaku, Bapa Ieu jawarana,” ceuk Luhlah anu dipikolot ku saréréa. Ari Luhlah diarajenan téh apan manéhna mah dianggap kénéh ustad ku balad-baladna di luar lapas mah. Atuh mindeng manéhna jadi jawara. Tapi minggu ayeuna mah bet nyamos. Ngabohong Luhlah kapanggih pisan da henteu sarua jeung anu diomongkeun ku ustad baladna di luar lapas. Basa anu sidak datang, di kamar Luhlah kapanggih aya AC, kulkas, laptop, hp, tv, paragi olahraga, jamban méwah. Ceuk Luhlah, éta téh barang bawana da manéhna katarajang kasakit jadi diwenangkeun mawa barang anu tadi ditataan, lain meunang nyogok Kepala Lapas. Ari ceuk ustad baladna, barang-barang éta téh titinggal napi saheulaeunana anu geus kaluar. Atuh kahongkeun pisan bohongna.
Ari manéhna mah malah pada muji ku masarakat. Cenah ceuk masarakat, enya ogé manéhna gegedén, di lapas mah sakitu basajanna, jeung siga anu keur ngeureuyeuh diajar tobat. “Saéstuna jalma mah euweuh anu sampurna. Jalma hébat téh lain anu henteu kungsi salah, tapi jalma anu daék tobat tina kasalahanana, saperti Bapak Itu,” ceuk ustad online dina youtube.
Eta pisan anu ngajadikeun manéhna dibagéakeun kalayan dihormat téh. Apan dina pakumpulan PNK mah, sing saha anu diaku ku saréréa jago ngawadul, ngadabrul, ngabohong, éta téh calon jawara. Jayus, budak satepak pagawé pajak golongan handap, kungsi diajénan siga kitu. Lain saukur kamampuhna ngagasab triliunan rupiah duit nagara, tapi kamotékaranana sanggup lalajo pinal Piala Champian Eropah antara Liverpull jeung Barcelona. Malah kungsi dipotrét jeung Mohammed Salah, Messi, katut Neymar sagala. Kumaha bisana anu dibui di lapas Sukamiskin lalajo Piala Champion? Ngan jawara anu bisa ngalakukeunna.
**

Jalma saliwat mah pastina ogé moal ngarti, naha anu jadi jawara kudu anu pangjagona ngabohong? Tapi keur anggota PNK, saréréa geus pada ngarasakeun ni’matna ngabohong. Beuki bohong hiji jalma beuki hébat rasa jeung pikirna. Ngagasab duit miliaran komo triliunan, keur naon deui lamun lain keur kani’matan?
Imah boga sapuluh, mobil méwah dua welas, saham di sababaraha pausahaan, rékening jeung treading jutaan dollar US saldona ogé. Lamun geus kitu, teu kudu gawé ogé, salawasna niis di pakampungan anu dibeuli sakampungna, duit pasti angger murudul. Tapi naha sok hayang deui korupsi, nipu deui, ngabohong deui, nyogok deui, keur naon? Nyaéta keur kani’matan. Anu can kungsi ngalaman mah moal bisa ngabayangkeun kumaha ni’matna méngkolkeun satriliun duit APBN kana rékening sorangan. Entong dibayangkeun, da kani’matan siga kitu mah henteu bisa dibayangkeun.
Ari manéhna, kakara sababaraha bulan ogé di ka-Sukamiskin-keun, apan geus dihormat ku sebutan jawara. Atuh ayeuna téh mindeng seuri sorangan, ngagakgak sorangan. Bakat ku atoh. Enya, apan basa mimiti dipanggil mah ka pengadilan, stress alahbatan sapi bingung dibawa ka pajagalan manéhna téh. Kungsi nyieun drama sagala nabrakkeun mobilna, ngageunjleungkeun dunya onlén harita. Trénding topik ngaran manéhna pangluhurna. Malah rating sinétron Tukang Ojég Pengkolan ogé kaéléhkeun.
Ari kituna, mimitina mah manéhna téh ngabayangkeun kaayaan anu cakueum, tiiseun, murukusunu, ngabosenkeun, di jero bui téh. Tapi geuning jauh ti sangkaan. Di Sukamiskin mah ramé alahbatan di pusat balanja. Naon coba anu ngaramékeun puseur balanja? Duit tangtuna ogé keur meuli sagala barang kahayang. Di Sukamiskin, unggal anggota PNK ogé apan mawa duit sakahayangna. Lain ratusan rébu keur meuli kadaharan, tapi ratusan juta keur meuli sagalana.
Basa Saung Pangreureuhan anu camperenik pikabetaheun dibongkar lantaran sidak téa, anggota PNK mah saukur sareuri. Henteu aya anu protés. “Nya henteu aya saung mah, ngampar waé di handap narima anu besuk mah, ti baheula ogé geus biasa ngampar di handap,” ceuk Inas anu baheulana kungsi jadi ketua organisasi mahasiswa basa diwawancara tv.
Geus rada tiis warta sidak, pikeun gaganti Saung Pangreureuhan, nyéwa imah anu leuwih méwah di tukangeun lapas. VS alias Villa Sukamakmur disebutna ogé. Lima ratus juta rupiah nyéwa sataunna ogé. Duitna mah itu ieu ogé sungsong maréré. Henteu kungsi hésé masalah duit keur anggota PNK mah. Ari gunana VS mah sarua waé jeung Saung Pangreureuhan, pikeun narima anu besuk, indehoy jeung jikan, anu resep “jajan anu kitu” nya meulina di imah méwah téa.
Salain jeung jikan, manéhna ogé sok jangjian jeung kabogohna di VS. Malah terusna mah mimindengna jeung kabogohna, da puguh ieu mahasiswi téh leuwih bisa nyumponan kahayangna. Hiji waktu basa keur indehoy jeung kabogohna, geuning sidak datang deui. Salain ka jero lapas, ka VS ogé diontrog. Tapi basa anu sidak datang, manéhna keur ngagolér dina brankar. Kabogohna bari maké pakéan sarwa bodas siga dokter mariksa detak jantung manéhna ku stetoskop. Di luar ogé geus aya plang ngaran dokter, pagawe di VS maraké baju perawat. VS téh nyaan-nyaan robah jadi tempat prakték dokter.
Basa kumpul deui jeung anggota PNK, saréréa narangtung deui bari keprok, ngabagéakeun manéhna ku panghormat anu ajénna pangluhurna. “Hayu, saréréa urang ngahormat bari nyanyi We Are The Champion pikeun Jawara Sukamiskin,” ceuk Luhlah ngomando anu séjén. Manéhna ngagakgak ningali balad-baladna kitu peta.
**

Basa poé panungtung di lapas Sukamiskin, manéhna dijurung kalayan hormat ku sakabéh anggota PNK  jeung sipir, dipapagkeun ku kulawarga jeung simpatisan ti organisasi massa jeung partéy. Tapi manéhna ngadon puluhak-polohok. Nepi ka imah anu agréng, rébuan jelema ngabagéakeun. Salain kulawarga jeung simpatisan, ratusan barudak yatim anu husus diondang ti panti, artis-artis dangdut anu ngahaja dibayar, jeung ustad anu langsung mingpin du’a.
“Wilujeng sumping ka Bapa Anu Dipihormat, Bapa Urang Sadaya. Sabada ngarekés bari teu héés ngaji diri di lebet bui, tangtosna Bapa Urang langkung wijaksana langkung komaraan. Hayu urang daftarkeun deui jadi calon legislatif...!” ceuk pupuhu organisasi kapamudaan anu loba dimodalan ku manéhna.
“Hayyuuu.... Akkuurrr... Ssatujjuu...!” ceuk saréréa.
Tapi manéhna angger puluhak-polohok. Pamajikanna mimiti engeuh, barudakna, kulawargana, saréréa waé jaradi apal manéhna siga anu linglung.
“Ari Bapa ku naon?” ceuk pamajikanana.
“Arriii... kkurring tteehh ssaahaa...?” ceuk manéhna halon.
Tapi najan sorana ampir teu kadangu, pok-pokanana téh ngageumpeurkeun saréréa. Malah terus ramé dina media massa, medsos, warta online. Jadi viral, manéhna linglung lantaran dipanjara 12 taun.
Ari manéhna, di jero haténa, keur seuri ngagakgak ngeunah pisan. Nepi ka sééleun. Nepi ka nyeri kulit beuteung. Puguh apan manéhna téh, sanggeus ngarasa suksés jadi Jawara Sukamiskin, ayeuna téh keur diajar ngabohongan dirina sorangan. ***

 Pamulihan, 28 Juli 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "JAWARA SUKAMISKIN"

Posting Komentar