ANU NYALANGKRUNG DINA PIPI
Basa anjeun asup
ka kamar Amih elat aya sajamna, Amih mah angger imut. Kumaha atuh cara Amih anu
pangmerenahna pikeun ngabagéakeun anjeun salain ti imut? Anjeun téh budak
bageur, towéksa, nyaahan. Naon atuh hartina elat sajam ti biasana. Komo basa
ningali paroman anjeun mani sakitu marahmayna.
“Amih, ayeuna
téh tos ngawitan ramé anu badé kampanye Pilkada. Di balé RW apan tadi tos aya
obrolan barudak Karang Taruna, janten wé abdi gé elat ka Amih. Calonna anu
ayeuna mah menarik, asa enya badé aya wawakil urang di pamaréntahan,” ceuk
anjeun sabada neundeun baskom cai haneut di tunjangeun Amih. Baskom eusi cai
haneut pikeun ngelap sakujur tubuh Amih.
Tangtu waé Amih
imut deui, imut anu leuwih kareueut. Da asa kakaraeun. Taun-taun ti heula mah
apan anjeun asa henteu kungsi merhatikeun anu kararitu. Basa cenah aya
Pemilihan Legislatif, saukur sakali ngiberan. Eta ogé saukur iber, pédah Pa
Karna, tatangga sa-RT, cenah milu nyalonkeun. Sabada iber éta mah apan anjeun
henteu kungsi ngadongéng nanaon deui. Duka teuing, naha anjeun milu milih atawa
golput.
Padahal anu
leuwih keuna disebut wawakil mah apan legislatif, lain bupati atawa gubernur.
Bupati mah apan kasebutna ogé gegedén. Ah, tapi naon hartina istilah. Bupati
ogé apan wawakil urang salaku rahayat pikeun sagala kahayang.
“Amih, hoyong
nyobian sayur asem? Tadi enjing-enjing abdi ngadamel. Ayeuna mah pasti tos
tiis. Karesep Amih sanes sayur asem tiis?” ceuk anjeun.
Amih imut.
**
Tapi geuning
perhatian anjeun kana Pilkada ayeuna mah béda ti anu enggeus-enggeus. Anjeun
téh enya-enya ngarasa bungah bakal panggih jeung Pilkada. Meureun lamun Amih
jagjag mah bakal apal naon sababna. Hanjakalna apan Amih mah sakieu kaayaanana
aya kana tujuh taunna. Ngagilirkeun awak ogé saukur bisa lamun dibantuan ku
anjeun. Lamun aya anu ateul téh geuning saukur bisa auh ah auh. Anjeun anu
terus narjamahkeunna bari ngomong sorangan.
“Kunaon Amih?
Ateul deui? Palih mana, palih dieu nya... atanapi palih dieu....” Kitu apan
ceuk anjeun téh. Ari Amih, tungtungna mah cicing, enya ogé anjeun téh salah
terus. Puguh anu ateul dina cangkéng, anjeun kalah ngusapan lebah punduk, puhu
leungeun, nepi kana gado.
Sakitu
kaayaanana geuning Amih téh. Komunikasi ogé arang nyambung. Meureun Amih téh kaleleban
ku Apih. Ti anjeun umur lima taun Apih téh bet unggah baléwatangan. Amih
neger-neger manéh nyanghareupan cocoba ieu. Apan Amih sakitu tihothatna
ngabéayaan hirup duaan. Amih rido buburuh di bumi Ibu Ieu popolah di bumi Ibu
Itu kukumbah wadah di warung sangu saksak-siksik di anu hajat.
Amih téh aya ku
bagja basa Apih mulang deui, tujuh taun ka tukang. Tapi sabada Apih ka ditu ka
dieu néang pakasaban teu aya anu mercaya, terus ningali kumaha ripuhna Amih
buburuh, Apih téh siga anu marudah. Amih apal pangrasana. Amih ngarasakeun
kumaha nalangsa, ngarakacak, jeung ngabangingikna haté Apih.
Apan kasedih
kitu téh kaalaman ogé ku Amih sabada Apih struk. Apih teu walakaya saperti Amih
ayeuna. Tapi Apih mah bagja, saukur bubulanan kituna téh. Da apan terusna mah dipundut
ku anu kagungan-Na.
Terusna, pastina
ogé anjeun anu ngarasakeun kasedih, kanalangsa, jeung ngagukguk kanyenyerian. Apan
anjeun keur sumangetna nyuprih élmu di kelas X SMK. Ceuk Amih harita,
soson-soson diajar téh. Anjeun téh harepan Amih. Geus réngsé mah sakola anjeun
bisa néang gawé anu leuwih ngareunah kana haté bari hasilna mucekil.
Tapi geuning
kanyataanana mah kitu. Sakola anjeun kabolér. Anjeun ka ditu ka dieu buburuh,
siga Amih, da puguh ijazah SMP mah teu bisa diandelkeun. Minangka rada genah
téh ayeuna sanggeus ditarima purah nungguan warnét ti tabuh dalapan isuk-isuk nepi
ka tabuh llima soré. Genah lain pangasilanana, da éta mah angger kurat-korét,
tapi henteu pati diutuh-etah. Hampura Amih, Nyai, Geulis. Hampura....
**
Pangbagja-bagjana
pikeun Amih ayeuna lamun ningali anjeun asup ka kamar bari paroman marahmay.
Amih geus teu boga kahayang, komo ngarasula siga tiheula, Amih mah pasrah. Tapi
haté téh bet ngarasa éndah ningali paroman anjeun marahmay.
“Amih, Pilkada
ayeuna téh aya opat pasangan calon. Itu ieu aya pendukungna anu panatik. Tapi
abdi mah ngawitanana teu hoyong ilubiung. Itu ieu ogé anu jadi gegedén, hirup
urang mah geuning angger kieu,” ceuk anjeun bari ngusapan leungeun Amih.
Pameunteu anjeun manco, meureun nyidik-nyidik bisi aya réspon pikabungaheun
Amih diajak ngadongéngkeun Pilkada mah. Tapi Amih angger teu ngaréspon nanaon.
“Calon anu
kahiji mah bupati anu nuju jeneng, Amih. Sok angger ari gegedén, dipilih téh
sok hayang malikan deui. Bari henteu introspéksi, naon anu geus dilakukeun?
Enya, tong boro tingkat bupati kétang. Saluhureun ti éta ogé, geuning teu
karasa nanaon ku urang mah. Anu puguh mah mayar listrik jadi mahal, gas jadi
mahal bari sakapeung hésé,” ceuk anjeun bari diuk dina korsi. Merenah, siga anu
lila moal cengkat. Siga anu hayang ngabudalkeun naon anu disidem salila ieu.
“Sok sedih mah,
lamun seug ngeunteung ka diri. Urang téh saukur korban tina kawijakan
pamaréntah, Amih. Pamaréntah téh enya tatahar ngawangun, ceuk béja internét,
infrastruktur di ditu di dieu, jalan tol but-bat gedong ngajungkiring bendungan
ngaeuyeuban. Pamaréntahan anu beresih diusahakeun. Rahayat diraharjakeun.
Tapi urang mah
kaasup rahayat anu kabolér, Amih. Enya, apan PNS gajihna mani ajol-ajolan,
ditambah insentif itu-ieu. Lebaran kamari ogé apan salain kénging THR, ogé
gajih katilu welas. Eta téh maksudna mah ngarah pamaréntah beuki beresih. Najan
kanyataanana mah jauh ka enya.”
Amih ogé
saenyana milu sedih ningali anjeun siga anu ngangluh. Tapi apan Amih mah geus
hésé nepikeun rasa ku paroman ogé. Boa geus poho, kumaha merenyéng anu rék
ceurik atawa alum anu nalangsa. Saukur imut anu saulas, imut anu moal katiténan
ku anu henteu biasa.
“Pagawaé swasta
apan dituturusan ku UMR anu ogé raharja. Kabupatén miskin ogé ari UMR-na mah lumayan,
komo deui di puseur kota. Atuh rahayat séjénna kacombo ku proyék infrastruktur
téa anu gajihna enya lumayan.
Ngan anu siga
urang anu kaluli-luli mah. Tukang dagang leuleutikan bari di kampung, pagawé
usum-usuman, buruh tani, tukang bas jeung ladénna, komo anu kapaksa ngalanggur,
asa maju ka ripuh mingkin ka miskin. Eh, sanés mingkin ka miskin da miskin mah
apan nuju dipaju.”
Amih téh reuwas
bari molohok saenyana. Tapi apan paroman Amih mah angger kitu. Reuwas lantaran
anjeun bet capétang nyarita siga kitu. Naha saha jeung di mana anu
ngabéjaanana? Apan anjeun mah sakola gé teu tamat SMK.
“Aya éta ogé
ketak pamarentah téh pikeun ngurangan rahayat anu katalangsara. Ngaliwatan Dana
Desa, padat karya. Tapi apan siga di urang, ku desa téh disemi kerjabaktikeun. Ceuk
désa, bahanna aya, hayu urang der ngoméan jalan. Ari pék buruhna ukur 25 rébu
sadinten. Dana anu kuduna saratus juta téh nepina mah saukur genep puluh juta. Ceuk
béja internét, di Madura mah malah aya anu onjoy, Amih. Tina dana saratus juta,
apan ngan 20 juta anu ditepikeun. Ku harianeun ari Pa Kuwu, ku harianeun ari Pa
Presiden, ngamalirkeun dana téh henteu jeung ngajagana.
Aya ogé anu
ngaliwatan sakola. Barudak di pasisian anu mariskin siga di urang, saurang
muridna téh kabagéan opat ratus rébu. Tapi nepina mah geuning ukur satengahna.
Da éta aya potongan ongkos budak ka bank, motokopi itu-ieu, infak poéan, kaasup
pangleuleur ka Dinas Pendidikan gegedéna mah. Beu, aya ku harianeun Ibu Kepala
Sakola, aya ku téga ari Pa Kepala Dinas.
Aya ogé kanyaah
pamaréntah téh ku béas rastra, baheula mah disebutna raskin téa. Urang apan sok
kabagéan, Amih, najan henteu unggal bulan. Tilu kilo téh apan kudu ditebus
tujuh rébu rupiah. Tapi édas bau hapeukna, sakapeung mah matak ongkék anu
henteu biasa. Hayam ogé geuning ari diawuran sanguna, ukur sekecok dua kecok,
terusna mah ngaléos. Ku harianeun ari gegedén nya, Amih. Biheung aruningaeun
kaayaan di handap téh aya anu kitu.”
Amih ngan kaduga
imut saulas basa anjeun nyusut anu rambisak, terus ka luar kamar sanggeus
ngesun pipi Amih.
**
Isuk-isuk
saméméh ka tempat gawé, anjeun geus jol deui ka kamar. Baskom eusi cai haneut
ditunda di tunjangeun Amih.
“Anu kamari téh
nu nomer hiji, Amih. Ari anu nomer dua, didukung ku partéy anu cenah Islami. Kampanyena
téh geuning asa aing soléh sorangan. Malah nepi ka kieu, anu henteu milih nomer
dua ieu, hartina satengah kapir. Beu, nepi ka kitu. Teu sadareun, maranéhna téh
geus ngarebut hakna Gusti.
Muhun Amih, apan
anu didagangkeunana téh acan ngabuktikeun nanaon. Ari éta partéy, ogé apan
cul-cel kaderna anu korupsi téa anu nganyerikeun haté batur téa. Basa aya anu
salah omong ogé apan, uuh mani ngaleut ngeungkeuy nyararékan, tutunjuk taya
hampura, henteu sugema saacan dibui, malah sawaréh leuwih ti kitu. Anu henteu
sapamadegan, satengah kapir disebutna ogé.
Sok ras kana
siroh anu sering dicarioskeun ku Amih, kapungkur. Apan Rosulullah Salallahu
alaihi wassalam mah, ningalikeun Islam téh ku perilaku. Anu ngahina, malédog,
malah nyiduhan sagala, dibalesna téh geuning ku dilongok mangsana ituna gering.”
Hayangna mah
Amih téh ngusapan, tapi apan sakieu kaayaanana.
**
Isukna geus pok
deui waé anjeun ngeunaan hal anu sarua. Enya-enya anjeun téh hayang
ngabudalkeun eusi haté.
“Tapi namina ogé
rumingkang di pawenangan nya, Amih. Harepan téh bakal aya waé. Apan urang,
alhamdulillah, kaayaan sakieu téh ku ayana harepan. Tah, nomer tilu harepan
urang dieu téh, Amih. Anjeunna mah luhung élmu, jembar pangabisa sareng
pangalaman.
Pangsiunan
gegedén ti puseur dayeuh, Amih. Kamari apan ka dieu. Rusiah cenah ieu mah,
jangjina ka urang dieu apan sakitu ngabéréndélna. Bakal nyiptakeun clean
governement, nyadiakeun lowongan pagawéan, ngawangun infrastruktur husus daérah
dieu mah onjoy ti tempat sején, ngajakan urang dieu jadi gegedén ngabantuan
Anjeunna di kota kabupatén.
Ari kituna,
Anjeunna téh bibit-buitna mah urang dieu, Amih. Ieu tah potrétna. Urang témpél
dina témbok, nya. Ieu anu bakal buméla ka urang dieu mah.”
Amih tangtu waé
reuwas kacida. Henteu lali ku panyakit henteu kahalangan ku kakolotan. Amih
apal kacida saha manéhna. Manéhna téh apan anu nyungkrukkeun Apih ka panjara.
Manéhna anu korupsi, tapi Apih anu dikorbankeun. Ceuk pikiran waras mah, kumaha
bisana Apih korupsi miliaran rupiah da Apih mah honorér kénéh harita téh. Tapi
korupsi, hukum anu kapangaruhan korupsi, nyaan-nyaan henteu waras. Tapi Amih
saukur bisa auh ah auh ah.
“Muhun Amih,
némbé ayeuna bakal aya anu merjuangkeun urang,” ceuk anjeun bari némpélkeun
gambar dina témbok. “Bageurna téh Amih, ka urang dieu mah ngabagi kaos ogé
seueur pisan. Saurangna anu kamari aya, tiasa nyandak dua atanapi tilu kaos.
Bilih Amih hoyong nganggé, tos dielap urang gentos acukna ku kaos si Bapa
Gegedén nya.”
Tangtu waé Amih
auh ah auh ah, embung kacida. Tapi anu katangkep ku anjeun mah Amih téh satuju
banget. Basa anjeun ngaléos ka luar kamar, auh ah auh ah Amih mingkin kadangu.
Anjeun teu apal kumaha nyerina haté Amih ku mangkluk éta. Mangkluk anu sabada
Apih dipanjara, tuluy ngagadabah Amih di kamar hotél.
Harita Amih
ditélépon, cenah manéhna bakal ngabantuan keur kahirupan sopopoé Amih jeung
anjeun. Sanggeus di kamar hotél, asisténna kalah patingkereles. Basa manéhna
mikeun amplop, bet bari ngabetot Amih. Teu sudi abrig-abrigan Amih kudu
ngampihan amplop ti mangkluk jahat siga kitu. Nepi ka iraha ogé nyeri haté Amih
moal kaubaran. Awak Amih asa bolokot kalotor ku geugeuleuh manéhna. Komo sabada
Apih terangeun kajadian éta, kaleleban nepi ka struk, tuluyna ninggalkeun Amih
jeung anjeun.
“Tah, ieu kaosna
Amih. Sok urang anggo,” ceuk anjeun bari nyengkatkeun Amih, sakumaha mistini
upama Amih ganti salin. Réngsé kaos dipakékeun, anjeun imut. Tapi di
sabudeureun soca Amih mah aya anu rambisak.
“Aduh, punten
Amih, bet jadi hilap, pipi Amih mani nyalangkrung teu acan dielap.”
**
29 Juni / 1 Juli 2018
Tribun Jabar, 17-19 Juli 2018
0 Response to "ANU NYALANGKRUNG DINA PIPI"
Posting Komentar