KUWU HURMAT
Tribun Jabar, 24-26 Mei 2016
Bumi Kuwu Hurmat perenahna di tengah lembur. Kasebut panglegana jeung pangagréngna. Lega da puguh salain buruan, apan katukangna mah numbu jeung kebon gaduh anjeunna kénéh. Agréng da puguh hiji-hijina imah anu ditémbok parat nepi ka suhunan. Wangunanna mah masih duduk jandéla, prah waé imah anu beunghar di lembur taun genep puluhan. Térasna diwates ku témbok ombak banyu sajangkung cangkéng. Basa kuring kakara bus ka SD, umur tujuh taunan, témbok ombak banyu téh sok dipaké sosorodotan. Harita mah acan disarebut Kuwu Hurmat. Pa Kuwu wé saréréa ogé nyebutna. Nelah Kuwu Hurmat mah kadieunakeun saatos henteu jeneng deui kuwu.
Bumi Kuwu Hurmat mah pangkawentarna di antara kuring
sabatur-batur. Apan buruanana panglegana téa. Atuh puguh wé keur ulin barudak
mah panglaluasana. Eukeur mah deui, sainget kuring, can kungsi barudak
digeunggeureuhkeun, komo deui dibuburak, lamun arulin téh. Ucing sumput, ngadu
panggal, méngbal, pris-prisan, asa samemena.
Ema Kuwu, geureuha Kuwu Hurmat, siga anu resep deui
kaimpungan ku barudak téh. Sakapeung mah ngahaja sok nyadiakeun kukuluban keur
barudak anu arulin. Kulub jagong, hui, sampeu, cau, pada marebutkeun lamun
barudak digentraan sina reureuh heula téh.
“Hengkop tah, rareureuh heula,” saurna bari nyimpen
sabaskom kukuluban di balé-balé. “Engke ari ngabungbang mah urang nyieun
rangesing jeung gulakatingker.”
Duka bageurna Kuwu Hurmat miwah Ema Kuwu ka barudak
téh pedah sono ka palaputrana. Tilu urang putra Kuwu Hurmat téh. Ceu Ibah, Kang
Agung, sareng Asép Rijaldi. Asép Rijaldi mah sahandapeun kuring dua taun. Ari
Kang Agung saluhureun kuring sataun. Tiluanana sarakola di Jakarta. Saurna
ngiring sareng Juragan Suharta, rai Kuwu Hurmat anu damel di Jakarta.
Tangtu waé kuring henteu apal kunaon palaputra Kuwu
Hurmat téh ngalumbara ti leuleutik. Ngan cenah, basa kuring acan asup sakola,
Asép Rijaldi mah geus sakola TK. Sanggeus kuring rumaja, katerangan tambahan
téh, cenah palaputra Kuwu Hurmat sarakola di Jakarta téh itung-itung
ngaréncangan sareng ngabubungah Juragan Suharta anu moal tiasa gaduh putra.
Kunaon Juragan Suharta moal tiasa gaduh putra? Tangtu waé kuring henteu apal
jeung henteu tetelepék hayang apal.
Lamun kuring sabatur-batur keur arulin di buruan
kaparengan Juragan Suharta sumping, sok rada regag-regog. Keur mah mobilna
diparkir asa nengah teuing ka pakalangan ulin, ongkoh deui Juragan Suharta mah
tara seuri tara nakon ka barudak téh. Palaputra Kuwu Hurmat ogé saukur seuri digentraan
atawa diajakan ucing-ucingan téh. Terusna mah naringalikeun wé ti jero bumi. Atawa
ngadon taruang di balé-balé bari ningali kuring sabatur-batur anu keur arulin. Lamun
geus kitu mah tara lila arulin téh. Sok terus wé bubar. Kuring henteu apal,
naha babaturan ogé sarua jeung kuring sok teu ngareunah rarasaan, matakna sok
terus balubar téh; atawa ngan rarasaan kuring wungkul.
**
Buruan bumi Kuwu Hurmat mah enya ogé lega henteu
dipager. Ngan wates buruan anu katuhu dipager ku tangkal baluntas, da puguh
kahandapna apan gawir. Ari buruan payunna mah ngeblang wé dugi ka jalan. Tong
boro jelema, sasatoan ogé apan lar-sup. Enya ogé kitu, ari jelama mah tara
sagawayah asup ka buruan da aya jalan anu legana ogé aya tilu méterna. Ngan
hayam jeung embé anu sok ngajlengan solokan terus asup ka buruan mah.
Sok seueur waé tamu ka Kuwu Hurmat mah. Sanés tamu
penting ti kacamatan atanapi ti kabupatén, da anu kitu mah apan diangkenna ogé
sok di kantor désa waé. Ieu mah tamu salembur atawa ti lembur séjén. Ma Onih
tukang entéh, Mang Karim tukang suluh, Ceu Inah tukang gula kawung, Abah Arinta
tukang daun kawung, bisa disebutkeun matuh namuna téh. Anu disebutan bieu téh
kabéhanana ogé urang kampung séjén. Komo deui tatangga sakampung atuh. Mama
sareng Emih ogé teu sirikna unggal malem minggu sok ngadon ngalobrol di
balé-balé. Sakapeung lamun kaparengan aya acara wayang golek disiarkeun RRI mah
apan sok ngéndong sagala.
Da puguh buruan téh lega, enya ogé Abah Darsa,
pangebonna Kuwu Hurmat, pepelakan sayuran, tara ieuh ngaganggu pakalangan ulin
barudak. Atuh sayuran saukur dipager ngarah henteu diacak hayam. Ari aya embé
mah apan sok dibuburak lamun keur pepelakan mah.
Tapi sanggeus asup ka SMP mah kuring langka ulin
deui di buruan bumi Kuwu Hurmat. Balik sakola téh sok terus nuturkeun Mama anu biasana
nuju di balong. Balong Mama mah di landeuh, caket walungan, aya sababaraha
hiji. Mama sok mijahkeun lélé. Nanahaon-na sok diwadahan kana buleng,
diiderkeun ku sababaraha urang. Sok resep lamun geus ningali Mang Atang ngitung
lauk kana buleng, da puguh ngitungna ogé dihaleuangkeun. Resep ogé lamun
mantuan Mama nyairan lélé badag iangkeuneun ka pasar. Mama mah henteu saukur
resep kituna téh. Mijahkeun jeung ngagedékeun lélé téh geus jadi pangupajiwa. Apan
pokna ka kuring kieu: “Kudu nyaah ka lélé téh. Apan manéh bisa sakola téh
saréatna mah dibéayaan ku lélé.”
**
Tamat SMP kuring sakola ka SPG di kota kabupatén.
Lantaran jauh kuring indekos di deukeut sakola. Sabulan sakali sok balik mawa
bekel. Balik téh poé saptu sabubarna sakola. Harita kuring apal yéh Ema Kuwu
sababaraha kali teu damang. Teu cekap dicandak ka Pa Mantri Yusuf cenah.
Terusna mah titirah di Jakarta. Pa Kuwu Hurmat ogé tangtu waé ngiring. Ti
harita bumina téh sering kosong. Éta ogé sok dilongokan, sakapeung mah
diéndongan, ku Abah Darsa.
Basa kuring lulus SPG, terus ngajar di SDN Ciwening,
Ema Kuwu ngantunkeun. Asana mah ti harita ogé mimiti nelah Kuwu Hurmat téh.
Enya apan Pa Kuwu téh tos digentos ku anu sanés. Henteu kantos garwaan deui. Ka
kuring mah kungsi betus, saurna asa haroréam ngabaru deui. Ema Kuwu téh
ngalangkang waé. Enya apan mun ningali yuswa mah Pa Kuwu Hurmat téh nembé 50
taun. Sadidintenna téh kitu wé beberesih di kebon sareng balong anu aya di
pengkeren bumina téa. Atanapi ngalanglang ka kebon sareng sawahna di tempat
séjén. Sakapeung lamun keur salsé kuring sok rajeun ngaréncangan, ngajak
ngobrol naon waé. Sasasih sakali mah Pa Kuwu Hurmat sok dipapagkeun ku urang
Jakarta.
Da puguh ngajar téh di SD lembur, kuring mah henteu
incah deui. Kurenan, bebetah ngadegkeun imah ogé apan henteu tebih ti Mama
sareng Emih. Salain ngajar téh ngabantuan Mama mijahkeun lélé henteu
ditinggalkeun. Malah terusna mah boga akuan sorangan. Dugi ka hiji waktu Mama
pokna kieu: “Tuluykeun wé usaha Mama téh. Mama mah baheula pak-pik-pek téh
saukur hariwang ilaing henteu bisa sakola. Ari keur sapopoé Mama jeung Emih mah
ku sawah jeung kebon ogé cukup.”
Duka Mama nyarios kitu téh pedah ningali kuring siga
anu ripuh. Padahal budak kuring apan kakara hiji. Unggal bulan meunang béas
bagian, enya ogé béar jeung sakapeung bau hapeuk. Jadi guru jaman harita, enya
ogé geus diangkat dibisluitan, pangasilan téh henteu cukup keur sabulaneun.
**
Duka ceuk buku téh meureun enya, réa ngonsumsi
lalaukan bakal ningkatkeun kacerdasan. Boga budak téh kaasup calakan. Ari
kituna unggal poé daharna tara katinggaleun luak-lauk balong. Ari pék apan
budakna ogé resepeun. Ti SD nepi ka SMA téh si Ajib mah asup réngking waé. Padahal
ngapalkeunna mah asa sahayuna. Enya éta ogé ari ngakutan buku mah anu cenah
meunang nginjeum ti perpustakaan. Bus ka ITB, asa henteu hararésé jeung mayar
mahal da dibantuan ku béasiswa. Kaluar ti ITB, bus jadi PNS di Pemda. Asa resep
ngajeueungna. Padahal prah wé jeung batur, miluan tés, korsi limaaneun téh
diparebutkeun ku saratus réwu urang leuwih.
Harita mimiti apal sawah sareng kebon Pa Kuwu Hurmat
diicalan. Cenah aya putrana anu hoyong janten itu janten ieu, teras incuna
ngiring tés PNS, kedah aya paleuleueurna. Apan ayeuna téh kasebut jaman jayana
pagawé negri. Henteu siga baheula jaman kuring ngora, jadi PNS téh asal daék
asal téga pangasilan kurang jeung dahar béas béar bari sakapeung hapeuk. Ayeuna
mah jaman geus robah. PNS téh pangasilanna terus ningkat. Sahandap-handapna
pangkat PNS rarasaan téh asa leuwih reugreug batan pagawé swasta.
Matak jadi PNS téh parebut enya-enya. Éta ogé
dirancang sangkan milih PNS téh kudu beresih tina sagala kapentingan. Tapi dina
derna mah geuning malah beuki wowotan. Cenah, guru hayang jadi kepala sakola
kudu nyiapkeun ari dalapan puluh juta rupiah mah. Hayang bus jadi pulisi
siapkeun wé ari saratus juta rupiah mah. Hayang jadi PNS di dinas ieu di dinas
itu, siapkeun wé saratus jutaan mah jeung ungkas-ongkos.
Pa Kuwu Hurmat anu mimiti ngadongéng téh. Apan enya
anjeunna mah séép kebon di ditu sawah di dieu téh pikeun nyubadanan kahoyong
putra sareng incuna téa janten ieu janten itu atawa lebet PNS di dinas ieu di
dinas itu. Atuh terusna mah geuning tatangga salembur gé lain saurang dua urang
anu milu parebut jadi PNS téh. Kajeun kebon atawa imah dikalurkeun asal bisa
sup heula jadi PNS. Apan ceuk Pa Ahdi mah itunganana kieu: “Keun waé sawah
ngagelenceng gé. Geus jadi mah PNS, asupkeun deui wé susuratanana ka bank,
beulikeun deui sawah. Apan pakaya balik deui, gajih meunang kénéh, atuh
pangsiun bakal meunang mun urang geus kolot.”
Ari palaputra Kuwu Hurmat, ningalikeun hasil tina
usahana jaranten PNS sareng pejabat téh henteu mésér deui sawah atanapi kebon.
Bumina diréhab, buruanna didamel taman, kebon anu numbu sareng buruan pengker
didamelkeun balong-balong pemancingan sareng saung-saung. Henteu pati engeuh
kumaha pikaresepenna balong-balong pemancingan téh, kumaha adu-manisna
kekembangan jeung babalongan di taman, da apan ayeuna mah sakuriling bumi numbu
dugi ka kebon téh dipager témbok anu jangkungna ogé dua satengah méter.
Dinten Juma’ah dugi ka Minggu bumi téh ramé waé.
Putra sareng incu Pa Kuwu Hurmat nyarandak koléhana. Mobil-mobil aralus, cenah
ceuk Ajib mah moal aya anu harga
dihandap dua ratus jutaan, arabus ka buruan anu ayeuna mah dipager jangkung. Sok
dugi ka wengi anu curak-curak téh kakupingna. Api unggunna sakapeung katingali
silalatuna, karaokéan campur anu seuseurian, sok kadangu kénéh nepi ka tengah
peuting.
Pa Kuwu Hurmat duka sok ngiring atanapi tara upami
aya anu curak-curak téh. Da ayeuna mah tara katingali ngalangeu di buruan téa.
Ti payun mah masih sok aya jurunganana ka Mama atawa ka tatangga anu séjén,
dihaturanan ku Pa Kuwu Hurmat cenah hoyong ngobrol. Duka kirang séhat, da apan
ayeuna mah sering kawartoskeun Pa Kuwu Hurmat téh dirawat di rumah sakit.
**
Ari Mama, dina yuswa tujuh puluh lima taun téh
jagjag kénéh. Emih ogé alhamdulillan, masih kiat jalan-kaki ngurilingan lembur.
Ari kituna, Mama sareng Emih mah saminggu tilu kali téh tara kalangkung
jalan-kaki.
“Spor téh penting,” saur Mama. “Tapi ogé henteu éléh
penting, entong éléh ku kapusing hirup. Da saréréa gé ari kapusing hirup mah
aya. Tapi aya anu bisa meruhkeunana aya anu sok jadi gering pikir.” Éta téh
sasauranana waktu kuring loba ngangluh da réa kakurang, baheula basa jaman PNS
dibagi béas béar jeung hapeuk téa.
Hiji waktu ka bumi Mama aya Mang Sudiat, rai Mama
anu bungsu. Mang Sudiat mah saumur jeung kuring. Mimitina mah enya namu biasa
sareng istri katut dua budakna kelas 3 jeung 6 SD. Tapi tungtungna mah Mang
Sudiat ngangluh, malah bari nangis sagala. Cenah, Mang Sudiat téh nembé di-PHK.
Ari nangisna, cenah inget barudak lalembut kénéh, bumi cicilaneun kénéh, jeung
réa deui.
“Tong réa kasieun hirup mah,” saur Mama harita.
“Sapanjang masih aya erongan anu kudu dicabak, Alloh SWT baris ngajalanan hirup
urang. Anu kudu sieun mah lamun geus teu aya erongan naon anu kudu dicabak,
lamun pacabakan dipaksakeun padahal henteu sapagodos jeung lelembutan.”
Kuring harita disaur ku Mama. Mang Sudiat terusna
mah diajar mijahkeun lélé. Gaduh balong akuan nyalira. Malah Mang Sudiat mah
nguriling ka kota masarkeun ku nyalira. Lumayan ogé harga lélé bisa rada undak
ari langsung ka rumah makan mah.
Ngahaja ngadongéngkeun sikep Mama saperti kitu téh. Maksudna
mah sangkan népa ka kuring. Kuring ogé pengkuh saperti Mama. Ari pasalna, kuring
ngadangu béja si Ajib mundur tina pagawéanana. Asa henteu percaya. Tapi batur
réa anu ngadongéngkeun, da cenah aya dina koran sagala. Si Ajib téh protés,
kudu aya keterbukaan dana proyék ka masarakat. Salila ieu dana proyek téh
dipotongan nepi ka 40%-an, kamana deui léokna lamun lain dibagi-bagi mah keur
para pejabat. Si Ajib téh cenah nolak kabiasaan siga kitu.
Hiji poé budak téh nguruncul jeung
anak-pamajikanana. Ngadongéng wé eureun tina pagawéanana, saperti ngadongéng
kamari tas lalajo film di bioskop.
”Janten PNS mah, Bah, langkung raos pangkat
panghandapna,” pokna téh teu kireum-kireum. “Ti tengah ka luhur mah kedah kiat
lelembutan.”
“Terus rék diparaban naon atuh budak jeung
pamajikan?” pok téh rada teugeug bakat ku keuheul jeung handeueul.
“Tuangna mah angger wé sangu,” cenah bari ngahéhé
seuri. “Anu kaerong ku abdi, hoyong ngembangkeun bisnis Abah waé, nyaéta mijahkeun sareng ngagedékeun lélé. Ayeuna
mah kawijakan pamaréntah langkung pro ka PNS, Bah. Swasta anu katalangsarana.
Ari swasta anu gaduh modal, ah da gaduh modal ieuh. Anu karunya mah swasta anu
usaha koréh-koréh cok. Inflasi ngagancangan, tapi pangasilan seuseut. Anu
katingali katalangsara pisan meureun sakali-kalieun aya bantuan BLT atanapi
kartu séhat. Tapi salain ti éta pikarunyaeun pisan da dunia usaha tiktik-brek.”
Kuring nangkeup incu anu kakara tilu taun pageuh
pisan. Enya meureun si Ajib téh calakan leuwih ti anu dibayangkeun ku kuring. Da
réa anu didongéngkeunna ka kuring henteu pati kaharti jeung asana téh
pamohalan.
“Abdi mah ningali tanaga anu rongkah tina mekarkeun
mijahkeun lélé katut ngagedékeunana,” pokna deui.
**
Hiji waktu ka bumi Kuwu Hurmat aya mobil lebet.
Soréna aya jurungan, cenah Pa Kuwu Hurmat hayang pendak jeung kuring katut si
Ajib. Mimitina mah kuring teu ngarti, naha si Ajib bet milu kaangkir. Basa tos
pahareup-hareup, Pa Kuwu Hurmat mani nyidik-nyidik ka Ajib.
“Ieu budak anu mundur ti pagawéanana téh?” saurna.
Ajib balaham-béléhém. Kuring ngaenyakeun bari dina
haté mah teu ngarti, geuning Pa Kuwu Hurmat uninga?
“Kadieu, Cu, Mama mani hayang nangkeup ti kamari
kénéh,” saurna deui.
Ajib nyampeurkeun sanggeus ku kuring diunggeukan.
Budak téh ditangkeup, diusapan tonggongna, didoa’an sirahna.
“Bener hidep, Cu, hirup mah tong loba kasieun. Loba
kasieun anu matak kaduhung mah,” saurna deui bari carinakdak. “Didoakeun ku
Mama, cing jadi jalma anu mangpaat.”
Kuring ukur hareugeueun. Teu pati ngarti naon anu
kajadian. @@@
kuwu hurmat = kuwu (kepala desa) anu tos liren tina jabatanana. sanes kuwu anu terhormat.
29 April / 6 Mei 2016
0 Response to "KUWU HURMAT"
Posting Komentar