NGABECA
Jam dua subuh. Janari leutik. Simpé. Sora simpé ngeng-ngengan dina ceuli. Êh, boa dina haté. Enya, apan sora anu kieu téh sora simpé? Sora anu di jero, lain di luar. Maksud téh di jero badan, lain di alam raya. Wayah kieu atuh, saha anu daék disada? Jangkrik gé sigana tiriseun. Tapi teu kitu kétang. Di tempat lain mah boa sahéng kéneh ku sagala sora, sora anu dijieun ku manusa. Simpé sotéh di dieu, di tempat mangkal.
Simpé pantes. Di tempat
mangkal téh ngan sorangan. Hiji béca ngabagug. Jauh ka pakampungan. Jauh ka
jajalaneun. Bakat wé ieu mah. Bakat ku butuh. Enya, daék sotéh bakat ku butuh.
Baheula ogé mimiti itikurih téh apan ngabéca. Enya, tina ngabéca ogé terus
kabeuli motor, mobil, imah, vila, kebon, sawah, kolam renang, pakanci ka
mancanagara, nyakolakeun budak hiji di Australia hiji di Amerika Serikat hiji
di Jerman hiji di Jepang, munggah haji sababaraha kali, umroh mah asa teu kaitung,
jaba kawin siri... bit, nu éta mah kétang moal didongéngkeun. Maksud téh,
sabada ngabéca terus jadi supir travel, terus ngokolakeun travel, boga travelna
pisan, jadi wakil rayat di Senayan, jadi juragan sagala proyek waé tungtungna
mah.
Tah, mimitina mah pédah
kamari kadatangan deui tamu anu geus lawas kapopohokeun. Pupuntenan rada lila da
taya nu némbalan, taya nu muka panto. Pantes geuning di imah téh ngan sorangan.
Bujang opatanana keur kalaluar. Aya nu balanja, nu nganteur incu sakola, nu dua
deui mah bébéja nyuluran pamajikan ka posyandu.
Panto téh ngan dibuka
saparapatna. Manéhna unggeuk jeung imut. Ngabales téh rada hararése. Ceuk
pikiran, paling ogé nu ménta sumbangan. Kaméja jeung calanana mah nyetél,
rapih.
“Badé ka saha?”
“Peryogi ka Bapa.”
“Oh... badé naon, nya?”
“Tiasa upami calik
heula sakedap mah.”
“Ohh....”
Asa rusuh mikir téh.
Tapi gancang muka panto leuwih lébar.
“Mangga atuh ka
lebet....”
Manéhna diuk dina
korsi. Sonagar. Pantes. Kéwes. Korsi leuwih ti saratus juta. Biasana mah ngan
tamu loma anu diajak ka rohangan ieu.
“Mung badé ngémutan,”
pokna téh. “Ieu téh parantos waktosna....”
Gebeg. Jajantung
ngadadak ratug. Késang tiis. Diuk gé ngalegeday. Inget ayeuna mah, manéhna téh
anu nagih hutang. Aduhhh...!
“Neda sarantos waé
atuh, Bapa. Abdi téh nuju seueur kaperyogian. Vila nuju dirénovasi, kolam
renang hoyong gentos modeu, pun anak deuih badé nyalon bupati, teu acan abdi
nyalira apan kedah tatan-tatan pemilu sakedap deui, jaba tos jangji ka incu
badé pakanci nguriling Eropa.”
Manéhna imut. “Mung ngémutan
wungkul,” ceuk manéhna. Terus amitan.
Tah, sabada kajadian
éta mindéng hulang-huleng. Asa teu pararuguh cabak. Asa aya nu kurang. Los ka
ditu los ka dieu asa ningnang. Hareudang. Bayeungyang. Asa aya rereged dina
diri. Lantaran hutang téa kitu? Saenyana, sabaraha tiap diri boga hutang salila
hirupna? Naha bisa kaitung? Lamun ngitung waé hésé, komo mayarna atuh.
Teu sanggup
ngabayangkeunna. Matak hiji peuting mah mangkal deui, ngabéca.
Jam tilu subuh. Pitunduheun
mimiti ngarayap kana sarung, kana heuay, tungtungna kana sirah nu ngulahék.
Mani ngoréjat basa aya
nu nepakan kana tuur. Reuwas. Atoh.
“Sabaraha ka lembur
itu?” ceuk hiji sora.
Can pati sidik. Lulungu
kénéh. Sababaraha kali gigisik.
“Lembur mana, Pa?”
“Itu... anu baranang
lampuna. Ti dieu mah rada nanjak sakedik.”
“Oh muhun... asa nembé
ningali lembur téh.”
“Sabaraha?”
“Asa rada tebih... wios
sapuluh milyar waé ka Bapa mah.”
“Asal cing bedas
ngaboséhna, dibonusan jadi limalas milyar.”
Atoh. Mun kabéh
penumpang siga kieu, meureun téréh lunas hutang téh.
**
Asa teu ditanagaan
ngaboséh téh. Tapi béca mani nyemprung. Jalan nu tadina siga nanjak téh buktina
mah datar. Erém mimiti ditincak. Leuwih
ngareunah maju antaré. Hawa subuh karasa segerna. Meureun jam sakieu mah
tatangkalan mimiti ngahasilkeun oksigen. Aya ku hébat ari tatangkalan. Mangtaun-taun,
sapanjang umurna, ngaberesihkeun hawa anu beurangna dikotoran ku manusa. Bari
henteu gujrud, henteu ngawawar yén manéhna boga jasa. Enya, mangtaun-taun ogé,
boa sapanjang hirup, asa encan kungsi mikir siga kieu. Nganuhunkeun ka
tatangkalan. Kumaha carana nganuhunkeun ka tatangkalan?
Siga nu deukeut lembur
téh, tapi asa teu nepi-nepi. Katingalina angger siga di kajauhan. Lembur nu
marakbak ku lampu. Pantesna téh gedong sigrong jararangkung ditarétés ku lampu
hias.
“Kungsi narik ka lembur
itu?”
Sora penumpang, laun
tapi béntés kadéngéna.
“Asa teu acan kantos.”
“Meureun wé da
ngabécana ogé saingetna, boa kakara mangkal di dieu mah.”
Kuring seuri. Tapi haté
mah bet sedih. Naha sedih pira henteu ngabéca?
“Ngabéca di dieu mah
loba ajaibna. Bisa henteu capé bisa capé pisan. Bisa mangtaun-taun teu meunang
penumpang. Lembur anu dituju gé bisa éndah, marakbak ku lampu hias, bisa
pikakeueungen. Bisa....”
Gebeg. Jajantung ngadadak
ratug. Jalan téh asa nanjak. Rénghap mimiti rumahuh. Asa beuki beurat. Késang
nyurulung. Jibrug. Tungtungna béca eureun. Kuring turun, nyarandé kana sadel.
“Kunaon, Mang?”
Rada hararésé ngajawab
téh. Êra. Maenya ngabéca mopo. Bobor karahayuan téa atuh ngaranna.
“Ngabéca di dieu mah
teu kudu éra. Mopo mah biasa. Sok atuh ka hareup, diselangan ngaboséhna.”
Penumpang téh geus aya
di gigireun. Gengsi tadina mah boboléh ngaku éléh. Tapi siga aya anu
nyunyurung. Clak wé diuk. Teu sakara-kara, béca ngageuleuyeung. Ngageleser.
Hawa seger. Rénghap mimiti bener. Ajaib ngabéca téh.
“Dupi Bapa mah pituin
ti kampung itu?” Mimiti nanya deui.
Hayang akrab.
“Puguh wé, leuwih ti
pituin atuh.”
“Maksadna?”
“Uanggal waktu apan
kuring mah bulak-balik ka lembur éta mah. Apan éta téh lembur saréréa, lembur
pangbalikan saréréa....”
Gebeg. Jajantung
ngadadak ratug. Leuwih ratug ti nu tadi. Sabulu-bulu cararengkat. Komo bulu
punduk mah. Lembur pangbalikan saréréa? Boa-boa... bareng jeung sora adan
ngalanglaung, lembur nu dituju téh ujug-ujug aya hareupeun. Lampu nu marakbak
téh teu katémbong deui. Tatangkalan wé jararangkung, jaranggotan. Hieum. Enya
wé nu parentul handapeun tatangkalan téh... padung.
Reg béca eureun. Nu
ngaboséh nyampeurkeun. “Sok ayeuna mah ka tukang deui. Asup ka kampungna mah
angger tukang béca anu kudu ngaboséhna,” pokna.
Da puguh reuwas. Teu
kungsi mikir. Suku ngagajleng. Muru jalan mudun. Notog-notogkeun manéh.
Ngagulusurkeun manéh. Ngagulingkeun manéh. Tibabaranting. Tibabaradug.
Haruhah-haréhoh. Geumpeur. Reuwas. Keueung.
“Hey... naha kabur? Ieu
ongkosna anu limalas milyar kumaha...!”
Boro-boro diwaro. Hayangna
mah awak téh ngabelesat. Tapi da teu bisa. Da puguh aya watesna. Léngkah
beurat. Renghap paudag-udag.
Wawangunan nu
pangheulana katémbong téh masjid. Katangen kubahna. Ogé bulan-bintangna. Ampir
kateumbrag nu kakara budal solat subuh. Kuring dirariung. Pada naranya. Aya
naon? Ku naon?
“Béré cai heula
karunya,” ceuk nu saurang.
“Di... di... di
tonggoh... ay... ay... aya... kuburan!”
Nu ngariung silih
pelong. Sareuri.
“Kuburan mah aya atuh
di mana-mana ogé.”
“Ay... aya penumpang
béca... ka kuburan...!”
“Oohh...!” Nu ngariung
réang.
“Naha maké sieun ku
kuburan...? Apan kami ogé... saréréa ieu... lembur téh di kuburan...!”
Mata molotot. Awak
morosot. Renghap kapendet. Kaburu teu inget.
**
Lilir téh aya di hiji
rohangan. Bararesih.
“Di mana ieu téh,”
cekeng ngagerendeng.
“Papah... alah geuning
tos siuman...,” ceuk hiji sora. Halimpuna mah sada Empu, pamajikan anu satia.
Satia padahal apaleun boga maru saopat-opat. Satia da geus dijangjikeun ulah
kanyahoan ku wartawan mangtaun-taun tara saranjang. Satia da mun pelesiran sok
diaanteur ku jajaka boloho.
“Naha aya di dieu....”
“Papah téh nuju leleson
dina korsi goyang. Tapi naha teras teu émut-émut. Kunaon ari Papah? Da
hariwang, énggal wé dicandak ka rumah sakit.” Empu hariweusweus. “Pami tos
séhat deui mah urang check up ah ka
Singapur. Ieuh Papah kedah séhat... sakedap deui Papah téh nyalon gubernur. Tos
lima partéy anu ngadukung Papah. Artos gé tos kaluar milyaran apan. Kumaha atuh
mun wartawan terangeun Papah teu séhat mah.”
Teu némbalan. Asa teu
hararayang némbalan.
“Papah teu cios janten
gubernur mah... meureun abdi moal kabagéan proyék-proyékna.” Empu ngaharéwos.
Gebeg. Ratug. Molotot.
Gigireun Empu... gigireun Empu... aya nu pikasieuneun... nu nagih hutang.
“Papah... ku naon ari
Papah? Tong pingsan deui atuh.... Dokter...! Dokter...!” ****
Ciwastra, April-Mei
2012
Tribun Jabar, 13-15
Juni 2012
0 Response to "NGABECA"
Posting Komentar