NGABECA

Tribun Jabar, 13-15 Juni 2012 
Bila ingin baca edisi bahasa Indonesia, klik di sini

Jam dua subuh. Janari leutik. Simpé. Sora simpé ngeng-ngengan dina ceuli. Êh, boa dina haté. Enya, apan sora anu kieu téh sora simpé? Sora anu di jero, lain di luar. Maksud téh di jero badan, lain di alam raya. Wayah kieu atuh, saha anu daék disada? Jangkrik gé sigana tiriseun. Tapi teu kitu kétang. Di tempat lain mah boa sahéng kéneh ku sagala sora, sora anu dijieun ku manusa. Simpé sotéh di dieu, di tempat mangkal.
Simpé pantes. Di tempat mangkal téh ngan sorangan. Hiji béca ngabagug. Jauh ka pakampungan. Jauh ka jajalaneun. Bakat wé ieu mah. Bakat ku butuh. Enya, daék sotéh bakat ku butuh. Baheula ogé mimiti itikurih téh apan ngabéca. Enya, tina ngabéca ogé terus kabeuli motor, mobil, imah, vila, kebon, sawah, kolam renang, pakanci ka mancanagara, nyakolakeun budak hiji di Australia hiji di Amerika Serikat hiji di Jerman hiji di Jepang, munggah haji sababaraha kali, umroh mah asa teu kaitung, jaba kawin siri... bit, nu éta mah kétang moal didongéngkeun. Maksud téh, sabada ngabéca terus jadi supir travel, terus ngokolakeun travel, boga travelna pisan, jadi wakil rayat di Senayan, jadi juragan sagala proyek waé tungtungna mah.
Tah, mimitina mah pédah kamari kadatangan deui tamu anu geus lawas kapopohokeun. Pupuntenan rada lila da taya nu némbalan, taya nu muka panto. Pantes geuning di imah téh ngan sorangan. Bujang opatanana keur kalaluar. Aya nu balanja, nu nganteur incu sakola, nu dua deui mah bébéja nyuluran pamajikan ka posyandu.
Panto téh ngan dibuka saparapatna. Manéhna unggeuk jeung imut. Ngabales téh rada hararése. Ceuk pikiran, paling ogé nu ménta sumbangan. Kaméja jeung calanana mah nyetél, rapih.
“Badé ka saha?”
“Peryogi ka Bapa.”
“Oh... badé naon, nya?”
“Tiasa upami calik heula sakedap mah.”
“Ohh....”
Asa rusuh mikir téh. Tapi gancang muka panto leuwih lébar.
“Mangga atuh ka lebet....”
Manéhna diuk dina korsi. Sonagar. Pantes. Kéwes. Korsi leuwih ti saratus juta. Biasana mah ngan tamu loma anu diajak ka rohangan ieu.
“Mung badé ngémutan,” pokna téh. “Ieu téh parantos waktosna....”
Gebeg. Jajantung ngadadak ratug. Késang tiis. Diuk gé ngalegeday. Inget ayeuna mah, manéhna téh anu nagih hutang. Aduhhh...!
“Neda sarantos waé atuh, Bapa. Abdi téh nuju seueur kaperyogian. Vila nuju dirénovasi, kolam renang hoyong gentos modeu, pun anak deuih badé nyalon bupati, teu acan abdi nyalira apan kedah tatan-tatan pemilu sakedap deui, jaba tos jangji ka incu badé pakanci nguriling Eropa.”
Manéhna imut. “Mung ngémutan wungkul,” ceuk manéhna. Terus amitan.
Tah, sabada kajadian éta mindéng hulang-huleng. Asa teu pararuguh cabak. Asa aya nu kurang. Los ka ditu los ka dieu asa ningnang. Hareudang. Bayeungyang. Asa aya rereged dina diri. Lantaran hutang téa kitu? Saenyana, sabaraha tiap diri boga hutang salila hirupna? Naha bisa kaitung? Lamun ngitung waé hésé, komo mayarna atuh.
Teu sanggup ngabayangkeunna. Matak hiji peuting mah mangkal deui, ngabéca.
Jam tilu subuh. Pitunduheun mimiti ngarayap kana sarung, kana heuay, tungtungna kana sirah nu ngulahék.
Mani ngoréjat basa aya nu nepakan kana tuur. Reuwas. Atoh.
“Sabaraha ka lembur itu?” ceuk hiji sora.
Can pati sidik. Lulungu kénéh. Sababaraha kali gigisik.
“Lembur mana, Pa?”
“Itu... anu baranang lampuna. Ti dieu mah rada nanjak sakedik.”
“Oh muhun... asa nembé ningali lembur téh.”
“Sabaraha?”
“Asa rada tebih... wios sapuluh milyar waé ka Bapa mah.”
“Asal cing bedas ngaboséhna, dibonusan jadi limalas milyar.”
Atoh. Mun kabéh penumpang siga kieu, meureun téréh lunas hutang téh.
**
Asa teu ditanagaan ngaboséh téh. Tapi béca mani nyemprung. Jalan nu tadina siga nanjak téh buktina mah datar. Erém mimiti ditincak.  Leuwih ngareunah maju antaré. Hawa subuh karasa segerna. Meureun jam sakieu mah tatangkalan mimiti ngahasilkeun oksigen. Aya ku hébat ari tatangkalan. Mangtaun-taun, sapanjang umurna, ngaberesihkeun hawa anu beurangna dikotoran ku manusa. Bari henteu gujrud, henteu ngawawar yén manéhna boga jasa. Enya, mangtaun-taun ogé, boa sapanjang hirup, asa encan kungsi mikir siga kieu. Nganuhunkeun ka tatangkalan. Kumaha carana nganuhunkeun ka tatangkalan?
Siga nu deukeut lembur téh, tapi asa teu nepi-nepi. Katingalina angger siga di kajauhan. Lembur nu marakbak ku lampu. Pantesna téh gedong sigrong jararangkung ditarétés ku lampu hias.
“Kungsi narik ka lembur itu?”
Sora penumpang, laun tapi béntés kadéngéna.
“Asa teu acan kantos.”
“Meureun wé da ngabécana ogé saingetna, boa kakara mangkal di dieu mah.”
Kuring seuri. Tapi haté mah bet sedih. Naha sedih pira henteu ngabéca?
“Ngabéca di dieu mah loba ajaibna. Bisa henteu capé bisa capé pisan. Bisa mangtaun-taun teu meunang penumpang. Lembur anu dituju gé bisa éndah, marakbak ku lampu hias, bisa pikakeueungen. Bisa....”
Gebeg. Jajantung ngadadak ratug. Jalan téh asa nanjak. Rénghap mimiti rumahuh. Asa beuki beurat. Késang nyurulung. Jibrug. Tungtungna béca eureun. Kuring turun, nyarandé kana sadel.
“Kunaon, Mang?”
Rada hararésé ngajawab téh. Êra. Maenya ngabéca mopo. Bobor karahayuan téa atuh ngaranna.
“Ngabéca di dieu mah teu kudu éra. Mopo mah biasa. Sok atuh ka hareup, diselangan ngaboséhna.”
Penumpang téh geus aya di gigireun. Gengsi tadina mah boboléh ngaku éléh. Tapi siga aya anu nyunyurung. Clak wé diuk. Teu sakara-kara, béca ngageuleuyeung. Ngageleser. Hawa seger. Rénghap mimiti bener. Ajaib ngabéca téh.
“Dupi Bapa mah pituin ti kampung itu?”  Mimiti nanya deui. Hayang akrab.
“Puguh wé, leuwih ti pituin atuh.”
“Maksadna?”
“Uanggal waktu apan kuring mah bulak-balik ka lembur éta mah. Apan éta téh lembur saréréa, lembur pangbalikan saréréa....”
Gebeg. Jajantung ngadadak ratug. Leuwih ratug ti nu tadi. Sabulu-bulu cararengkat. Komo bulu punduk mah. Lembur pangbalikan saréréa? Boa-boa... bareng jeung sora adan ngalanglaung, lembur nu dituju téh ujug-ujug aya hareupeun. Lampu nu marakbak téh teu katémbong deui. Tatangkalan wé jararangkung, jaranggotan. Hieum. Enya wé nu parentul handapeun tatangkalan téh... padung.
Reg béca eureun. Nu ngaboséh nyampeurkeun. “Sok ayeuna mah ka tukang deui. Asup ka kampungna mah angger tukang béca anu kudu ngaboséhna,” pokna.
Da puguh reuwas. Teu kungsi mikir. Suku ngagajleng. Muru jalan mudun. Notog-notogkeun manéh. Ngagulusurkeun manéh. Ngagulingkeun manéh. Tibabaranting. Tibabaradug. Haruhah-haréhoh. Geumpeur. Reuwas. Keueung.  
“Hey... naha kabur? Ieu ongkosna anu limalas milyar kumaha...!”
Boro-boro diwaro. Hayangna mah awak téh ngabelesat. Tapi da teu bisa. Da puguh aya watesna. Léngkah beurat. Renghap paudag-udag.
Wawangunan nu pangheulana katémbong téh masjid. Katangen kubahna. Ogé bulan-bintangna. Ampir kateumbrag nu kakara budal solat subuh. Kuring dirariung. Pada naranya. Aya naon? Ku naon?
“Béré cai heula karunya,” ceuk nu saurang.    
“Di... di... di tonggoh... ay... ay... aya... kuburan!”
Nu ngariung silih pelong. Sareuri.
“Kuburan mah aya atuh di mana-mana ogé.”
“Ay... aya penumpang béca... ka kuburan...!”
“Oohh...!” Nu ngariung réang.
“Naha maké sieun ku kuburan...? Apan kami ogé... saréréa ieu... lembur téh di kuburan...!”
Mata molotot. Awak morosot. Renghap kapendet. Kaburu teu inget.
**
Lilir téh aya di hiji rohangan. Bararesih.
“Di mana ieu téh,” cekeng ngagerendeng.
“Papah... alah geuning tos siuman...,” ceuk hiji sora. Halimpuna mah sada Empu, pamajikan anu satia. Satia padahal apaleun boga maru saopat-opat. Satia da geus dijangjikeun ulah kanyahoan ku wartawan mangtaun-taun tara saranjang. Satia da mun pelesiran sok diaanteur ku jajaka boloho.  
“Naha aya di dieu....”
“Papah téh nuju leleson dina korsi goyang. Tapi naha teras teu émut-émut. Kunaon ari Papah? Da hariwang, énggal wé dicandak ka rumah sakit.” Empu hariweusweus. “Pami tos séhat deui mah urang check up ah ka Singapur. Ieuh Papah kedah séhat... sakedap deui Papah téh nyalon gubernur. Tos lima partéy anu ngadukung Papah. Artos gé tos kaluar milyaran apan. Kumaha atuh mun wartawan terangeun Papah teu séhat mah.”
Teu némbalan. Asa teu hararayang némbalan.
“Papah teu cios janten gubernur mah... meureun abdi moal kabagéan proyék-proyékna.” Empu ngaharéwos.
Gebeg. Ratug. Molotot. Gigireun Empu... gigireun Empu... aya nu pikasieuneun... nu nagih hutang.
“Papah... ku naon ari Papah? Tong pingsan deui atuh.... Dokter...! Dokter...!” ****
Ciwastra, April-Mei 2012
Tribun Jabar, 13-15 Juni 2012                              
      




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "NGABECA"

Posting Komentar