Si Kabayan Milih Persiden


carpon yus r. ismail

Bagja Si Kabayan mah. Basa batur salemburna, batur sadésana, batur sakabupaténna, batur saprovinsina, batur sanagarana, hog-hag madungdengkeun calon presidén anu bakal dipilih, manéhna mah teu milu riweuh.
Enya, apan cenah lantaran béda pilihan presidén, réa kajadian anu matak hélok bin teu kaharti. Aya sobat dalit jadi teu patanya-tanya acan, kolot anu ngusir budakna, nepi ka salaki-pamajikan anu misah saré (duka nepi ka iraha...). Malah di Madura mah aya anu galungan sagala nepi ka anu saurang ngababatang anu saurang deui dibui. Beu!
Ari Si Kabayan, tara pirajeunan milu hog-hag di warung kopi atawa di garduh ronda. Minangka manéhna ogé miluan kana  karaméan pésta démokrasi nagara, lamun aya pembagian sembako haratis ti bobotoh atawa calon presiden atawa wakil presidén anu datang.  
“Sembako sapelastik badag ieu téh minangka kanyaah ti Calon Nomor Hiji. Tuh, kakara calon ogé apan geus katingali nyaahna ka rahayat,” ceuk bobotoh alias tim suksés anu jadi jubir alias juru bicara. “Jadi ulah hilap....”
“Coblos...!” témbal Si Kabayan semu ngagorowok.
“Nomor hiji!” ceuk jubir ngagorowok. “Hébat Si Emang. Tah, hadiahna sembako sapelastik deui!”
Dina waktu séjén Si Kabayan ngahadiran basa calon presidén nomor dua datang. Lain ngadukung Si Kabayan mah, da datangna sotéh pedah aya béja bakal dibagi roda pikeun usaha.
“Alhamdulilah, urang kudu syukuran ka Gusti, réhna ayeuna aya calon presidén ti pangusaha ngora! Kumargi kitu, ngamajukeun nagara téh henteu saukur pencitraan. Tapi nyaan-nyaan jeung prakna,” ceuk jubir ti calon nomer dua. “Tah, ieu roda anu bakal dibagikeun téh pikeun ngaberdayakeun masarakat ngarah jadi pengusaha. Emang anu kaimpleng jadi pengusaha naon?”
“Jual-beli!” ceuk Si Kabayan rikat ngagorowok.
“Hebat! Hébat pisan! Jual-beli alias dagang téh lapangan kerja anu massiiiihhh lega. Sok didaftar Si Emang éta tah kabagéan roda.”
Balikna Si Kabayan ngadodorong roda bari sura-seuri. Tapi geuning lain didorong ka imahna rodana téh, tapi kalah dibawa ka pasar. Dijual ka tukang hayam krispi 700 rébu. Tuluy Si Kabayan meuli béas, lauk asin, sambeleun, peuteuy, pindang, sendal capit da anu panimu geus pegat, baju waé keur Si Iteung. Balikna ogé tumpak ojég.
“Uing mah teu ngabohong, Teung. Ditanya keur naon éta roda, keur jual-beli. Ngajual roda meuli sagalana, tah geura asakan ieu beuteung asa geus ngurubuk ti tadi,” ceuk Si Kabayan sabada nepi ka imah.
Kitu minangka ilu-biungna Si Kabayan kana raména “taun politik” téh. Sahéngna anu hog-hag dina média sosial, télévisi, koran, radio, intérnét, sama-sakali teu karasa ku Si Kabayan mah. Enya apan manéhna mah tong boro hp android, teu boga radio-radio butut acan.
Kakara Si Kabayan ngarasa riweuh basa poéan Pemilihan Presidén jeung Legislatif lumangsung. Pukul salapan isuk-isuk, mangsana haneut moyan, Si Kabayan indit ka TPS. Dipegat ku Kang Karma sabalad-balad anu keur ngariung di sisi jalan.
“Kabayan, ulah poho nyoblos nomer hiji,” ceuk Kang Karma.
“Naha uing kudu nyoblos nomer hiji?” Si Kabayan can pati ngarti.
“Nomer hiji mah programna hadé. Apan program Dana Desa anu ngawur-ngawur duit ka padésaan téh jasana nomer hiji.”
“Gening diawur-awur téh teu nepi ka imah uing mah.”
“Eh, tingali atuh jalan jadi aralus. Apan manéh gé kabagéan gawé basa ngadegkeun pos linmas.”
“Ah, ngan diburuhan tilu puluh rébu sapoé. Mending ngaladén ngaréhab imah Haji Entang, sapoé saratus rébu.”
Kang Karma gagaro teu ateul. Teu ngomong deui basa Si Kabayan ngaléos.
“Kabayan, ulah poho nyoblos nomer dua,” ceuk Pa Asip nu keur ngariung jeung balad-baladna.
“Naha?”
“Nomer dua mah jagoan, super héro ceuk jaman milénial mah, bakal aman.”
“Ah, lain aman. Sok kalah pikasieuneun aya anu kitu téh.”
Pa Asip ngabetem. Si Kabayan ngaléos deui. Nepi ka TPS manéhna ngahuleng. Bingung. Jadi milih saha? Rét ka Bu Iroh anu jadi Ketua TPS. Gamuleng meunang disinjang, biwir beureum saulas. Randa bageur. Sabada dikantun maot carogéna opat taun katukang téh acan begér deui. Enya ogé lalagasan tara aya anu wani ngaheureuyan, komo nyapirakeun.
“Bu Iroh, abdi mah lieur, moal nyoblos nomer hiji atawa nomer dua,” ceuk Si Kabayan ngaharéwos. “Abdi mah badé nyoblos Ibu waé.”
Bu Iroh ngarénjag. “Naon siah, Kabayan? Kurang ajar, bangkawarah!” ceuk Bu Iroh bari ngalaan selopna. Si Kabayan reuwas. Terus ngabecir da Bu Iroh ngamang-ngamang selop kaina. TPS anu tadi jempling téh jadi ramé da anu paudag-udag disarurakan. ***

Lalakon Si Kabayan Milih Persiden teh parantos tayang di majalah Mangle No 2720, 28 Februari - 6 Maret 2019. Ka sugri anu hoyong ngalanggan majalah Mangle tiasa ngahubungi facebook.com/redaksimangle

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Si Kabayan Milih Persiden"

Posting Komentar