ANU LUNTA BARI NGARASULA
(Apresiasi
Carpon “Indit” karangan Herni Nur’aeni)
Ku: Yus R. Ismail
Maca carpon Indit karangan Herni Nur’aeni (3-5 Juli 2018), dibarengan ku
gegebegan sagala. Meureun salahna mah pédah macana ditungtut. Maca bagean kahiji
matak ganggarateun. Ari nungguan, asa ngampleng nungguan isukan. Pikeun kuring
anu “baperan”, maca téh alusna mah dihijikeun waé dina poé panungtung Tribun
Jabar ngamuat carpon.
Alesan kadua pédah témana asa lawas teu manggih. Lantaran sorangan gé
tungkul kana nyarpon (tukang ngarang carpon), tema “indit” téh asa acan kungsi
wareg diubek-ubek. Lega kénéh kapanasaran jeung kahayang. Bari “kuringna”
sorangan asa acan siap waé pikeun nyarponkeunana.
Alesan katiluna mah meureun lantaran anu ngarangna, Herni Nur’aeni, asa
henteu wanoh. Meureun pédah kuringna anu kurang niténan. Asa kakara maca
carponna. Matak basa maca bagean kahiji téh, saterusna lebeng léokna arék ka
mana, asa gegebegan siga rék panggih jeung anu dipikaresep.
Kritik Sosial Atawa Transendental
Carpon Indit sorangan nyaritakeun kuring anu indit ti imah ema (indung). “Nurutan
bapa anu geus mangkat tiheula. Kuring gé hayang indit, tapi teuing kudu kamana
nya tujuan...” kitu ceuk carpon Indit. Lantaran aya kalimah siga kitu sangkaan
téh carpon bakal ngaléok kana transendental. Wewengkon anu henteu kahontal ku
akal, eksistensi manusa anu “ti mana jeung arék ka mana”.
Unggal aya carpon anu nyaritakan tema kitu, ingetan téh angger kana carpon
Miang karangan Yus Rusyana. Nepi ka ayeuna, “ngarahuh”na maca carpon Miang asa
can kungsi kaalaman deui. Carpon Miang ngobét eksistensi manusa anu hakekatna
mah saukur “ngumbara” di alam pawenangan ieu. Ongkoh deui judulna, Miang jeung
Indit, asa sarimbag.
Tapi réngsé maca bagean kahiji, sangkaan tema transendental téh leungit ku
réana ngarasula kana hirup kumbuh sapopoé. Aya kahanjakal mah, boa carpon Miang
anu dikarang ku Pa Yus Rusyana 30 Desember 1972 téh moal aya anu ngabaladah
deui pikeun leuwih jero jeung munel. Carpon Indit sigana leuwih deukeut kana
kritik sosial. Enya ogé dimimitian ku ngarasula kana kaayaan (ekonomi) sapopoé,
tapi léokna mah sigana kana protés sosial.
Sangkaan kitu pédah kulawarga anu dicaritakeun tokoh kuring, nyaéta bapa
tukang (dagang) kurupuk nguriling ka warung-warung maké motor butut, ema anu
ngajeujeuhkeun pangasilan bapa pikeun sakabéh kaperluan, salaki anu kasabna
buburuh saayana, kuring sorangan saenyana gawé bisa mantuan salaki (tapi teu
disebutkeun naon gawéna).
Dina hirup kumbuh sosial jaman now, tokoh-tokoh anu tadi ditataan nyaéta
anu katideresa. Pamaréntah apan terus-terusan “nyiptakeun” inflasi ku
ngaronjatkeun harga BBM, naikeun gajih pagawé negri, pangwangunan infrastruktur,
jsb. Pagawé negri, swasta (dibantuan ku UMR), atawa anu kalibet dina proyék
infrastruktur saperti jalan tol, bendungan, jrrd; pastina bisa nyubadanan nérékélna
hahargaan da pangasilanana ogé ngaronjat.
Sedeng rahayat anu ditataan dina carpon Indit, kaasup tokoh-tokoh anu
katideresa. Tokoh “katindih ku kari-kari” anu henteu walakaya nyanghareupan ngaronjatna
hahargaan kabutuh sapopoé. Tapi sabada réngsé maca carpon Indit nepi ka tamat,
protés sosial atawa kritik sosial siga kitu téh ogé ngabulasin.
Anu Indit Ngarasula
Carpon Indit saukur nyaritakeun “anu indit bari ngarasula”. Sakuringeun,
léokna carpon ka lebah dinya, kaasup anu panghenteudipiharepna. Lamun seug
nuturkeun “kahayang”, apan manusa mah tempatna anu moal aya seubeuhna. Anu
ngontrak hayang boga imah, anu boga imah hayang motor, anu boga motor hayang
mobil, anu boga mobil hayang kebon, jst.
Obatna apan geus nyampak, saperti ema anu narimakeun, sadrah, jeung teu
weléh muji-sukur sakumaha ogé rejeki katarimana. Tokoh kuring saenyana kaasup
“legok tapak genténg kadek” dina urusan masakat. Apan ti leuleutik ogé geus
ngarasakeun kitu. Bapa anu nangkes sakabéh kaperluan kulawarga saukur tukang
kurupuk. Atuh sanggeus rimbitan, salaki saukur buburuh saayana. Tapi naha jadi
ngarasula? Apan keur leutik mah, mangsana sakola, malah narimakeun kaayaan,
daék ditutah-titah ku babaturan.
Anu matak hélok, dina carpon Indit ogé dicaritakeun tokoh kuring hiji
mangsa mah manggihan salaki keur nyupiran mobil, di gigireunana awéwé geulis
pisan, raksukanna gaya. Naha éta téh salakina nyaan? Salingkuh atawa gawé jadi
supir? Apan salakina mah kasabna buburuh saayana. Anu ieu ogé henteu kungsi
dibéjér-béaskeun. Sabada apal kuring téh saukur jelema ngarasula anu henteu
narimakeun kaayaan bari terusna nepi ka owah, Kang Asép (salaki) anu katempo
nyupiran mobil ogé bisa jadi saukur titingalian.
Alhasil, carpon Indit acan buleud jadi carpon anu munel. Enya ogé kitu,
kudu diaku, tema nu dipilih ku pangarang henteu gampang diperuhkeun. Perlu
latihan, pangaweruh, jeung ambahan anu lega. Upami imeut kana gaya ngarangna
anu ngaguluyur, luak-léok atawa sumpar-sampeur kajadian anu perelu
dicaritakeun, gedé harepan bakal aya carpon munel tur petingan ti ieu
pangarang. @@@
Yus R. Ismail, pamaca carpon.
Tribun Jabar, 7 Juli 2018
0 Response to "ANU LUNTA BARI NGARASULA"
Posting Komentar