WANG WING WONG

carpon mangle

Aya tilu Aa anu pangkawentarna di kota kuring. Aa Wang, AA Wing jeung Aa Wong. Aa Wing mah puguh deui da walikota anu mindeng disebut “anu boga kota”. Anjeunna téh soldadu manten, pangkatna jendral. Karesepna terjun payung. Matakna nénéhna Aa Wing, apan dina basa Inggris mah wing téh hartina jangjang.
Saenyana Aa Wing leuwih kawentar lain ku préstasina salaku wali kota, tapi leuwih ku perilakuna anu sahaok kadua gaplok. Apan kungsi nyabok kuli bangunan, supir taksi online, wartawan, ogé ajudanna sorangan. Tapi kasusna ngan ramé sageprakan, henteu aya anu nerus unggah balé watangan. Duka pédah keur kawasa duka pédah loba duit.
Aa Wong mah ajengan ngora tapi pasantrénna agréng tur méwah. Pasantrén jaman now téa cenah. Santrina ngarébu, jamaahna ngajuta di unggal kota. Ari kituna, salain ceramah di pasantrénna, Aa Wong mah apan boga acara dina télévisi, chanel youtube, media sosial, paséhat nyieun vlog di unggal tempat anu didatanganana. Ceramahna nepi ka mancanagara. Pausahaanana réa. Penerbitan buku, media online, warung sangu, kolam renang husus muslimah, réstoran halal, stasion télévisi jeung radio, jeung réa deui. Ari kituna, unggal Aa Wong ngadegkeun pausahaan misalna stasiun télévisi, anu sodakoh pagedé-gédé da cenah keur kapentingan umat. Ciri anu mandiri Aa Wong kawentar di kota kuring, apan eusi ceramahna dituliskeun di halteu beus, super market, réstoran, hotél, terminal, taman-taman kota, jeung réa deui.
Ari Aa Wang, kunaon pangpandeurina dicaritakeun, lantaran manéhna anu bakal jadi boga lalakon dina carita ieu. Umurna kakara 17 taun, tapi ngaranna akrab jeung saha waé warga kota kuring. Ti budak kakara bisa ngomong nepi ka aki-aki nini-nini tawéhwoh, warawuheun ka ngaran Aa Wang mah.
Cenah, kecap wang dina Aa Wang mah asalna tina kecap saliwang. Ari saliwang apan hartina sok salah dangu atawa salah harti. Matakna lamun aya anu nyebut Aa Wing atawa Aa Wong mah anu ngadangu téh hormat, tapi basa ngadangu aya anu nyebut Aa Wang mah lamun henteu imut nya seuri. Aa Wang mah tempatna keur nyeungseurikeun, nyapirakeun, ngahinakeun, ngajejeléh. Mindeng saha waé ogé ngahaja nanya atawa ngobrol jeung Aa Wang lantaran ngaheureuykeun, lain enya-enya nanya atawa ngobrol.
“Aa Wang, tas ti mana?” ceuk nu nanya.
“Ceuk uing gé hiji tambah hiji mah opat,” jawab Aa Wang.
“Geus dahar acan?”
“Gajah, onta, jerapah, kijang, monyet, kuda nil ogé aya.”
Anu nanya, biasana bari disaksikeun ku babaturanana, terus sareuri nepi ka babarakatakan. Aa Wang miluan seuri. Aya ogé anu ngarékam adegan siga kitu ku hp, terus diapungkeun dina facebook, twitter, instagram, atawa media sosial séjénna. Kitu pangna Aa Wang ogé kawentar henteu saukur di kota kuring.
Perlu ditegeskeun deui, saha-saha ogé anu nanya atawa ngajak ngobrol ka Aa Wang, komo terus diapungkeun di média sosial, lain lantaran sosobatan. Eta mah saukur cara maranéhna ngahinakeun, ngajejeléh, ngabéjérbéaskeun yén Aa Wang téh bodo, belegug, édiot, seungseurikeuneun. Aa Wang enya sok seuri ogé lamun aya anu nyeungseurikeun téh. Tapi manéhna apal mana anu misobat mana anu saukur ngajejeléh.
Enya ogé réa anu nanya jeung ngajak ngobrol, tapi saperti anu kungsi diucapkeun ku Aa Wang, sobat manéhna mah ngan saurang, nyaéta kuring. Ari kuring, jelema henteu nyakola jeung masakat. SD ogé henteu tamat. Anu bodo jeung anu masakat sosobatan bisa disebut nurub cupu, klop, pas. Saha-saha ogé sabada apal sosobatan kuring jeung Aa Wang, siga anu nyatujuan jeung ngama’lum.
Enya, sigana perlu dicaritakeun saeutik ngeunaan indung-bapa kuring. Bapa kuring enya henteu boga pacabakan matuh. Sakapeung ngaladén tukang bas, macul di kebon hui lamun aya anu ngahiras, dagang suung di sisi jalan lamun keur usumna. Ema mah teu pati bisa diandelkeun da puguh tiktikbrek. Sakapeung babantu di imah nu beunghar lamun keur jagjag. Imah kuring unggal taun pundah-pindah, kumaha kontrakan anu pangmurahna.
Bapa mah enya ogé masakat tapi katelah tukang protés ku tatangga sabudeureun mah. Cenah mah Bapa kungsi sakola luhur, nepi ka kuliah sagala, malah kungsi gawé di Pemda sagala. Tapi lantaran tukang protés téa, ngan sataun Bapa gawé terusna mah kaluar. Atuh basa kuring kaluar ti kelas opat SD, apan mimitina mah Bapa protés ka Kepala Sakola. Ceuk Bapa, sakola SD mah kudu haratis, kitu aturan ti Jakarta ogé. Ari Kepala Sakola keukeuh ménta iuran keur toilét murid, da dana BOS teu nyukupan. Kitu ogé ceuk urang Dinas Pendidikan Kacamatan anu pidato basa acara samen. Ceuk Bapa, moal bener diajar di sakola merekedeweng mah. Nya kuring kaluar sakola. Terusna mah diajar ku Bapa tina buku-buku anu diinjeum ti perpustakaan keliling.
Enya ogé Bapa kaasup pangmasakatna di lingkungan RT mah, boa di sadésa atawa di sawilayah anu leuwih lega ogé, tapi Bapa mah tara diajakan gawé di proyék Dana Désa. Mimitina lantaran basa ngoméan jalan gang, cenah lantaran maké Dana Désa, anu diajakan téh warga RW anu masakat bari ngaligeuh atawa sagawé-gawé saperti Bapa. Basa anggeus proyék jalan gang Bapa protés lantaran ngan saukur diburuhan Rp 30 rébu sapoé. Ceuk Bapa, apan geus diterangkeun ku Pa Mentri jeung Presidén Jokowi sorangan, Dana Désa téh dina prakprakanana kudu Padat Karya Tunai (enya geus bener ngajakan warga anu pangmasakatna mah), bari buruhna kudu normal saperti gawé di tempat séjén. Lamun keur tukang Rp 100 rébu nepi ka Rp 125 rébu, atuh keur ladén mah Rp 80 rébu. Ari ceuk Pa Kuwu, da ieu mah “satengah kerja bakti” jadi buruh sakitu gé geus cukup. Henteu saukur protés ka Pa Kuwu harita Bapa téh. Da dina facebook ogé protés ka presidén, cumah cenah program alus ogé ari henteu ditalingakeun mah.
Ceuk saha-saha ogé, lantaran tukang protés Bapa tetep masakat. Tapi ceuk kuring mah lain kitu. Tukang protés jeung miskin mah euweuh hubunganana. Bapa masakat lantaran teu boga duit lantaran henteu gawé ngagunakeun ijazah. Sapinter kumaha ogé, di kota kuring, lamun henteu ngagunakeun ijazah mah moal bisa gawé, dipercaya katut dihargaan.
Di kota kuring, leuwih dihormat jeung dihargaan anu pangkat atawa geugeuleuyeungan kana mobil. Teu paduli pangkat bari euweuh gawé atawa henteu merhatikeun kapentingan masarakat. Geus biasa jeung teu kudu éra meunang gajih munel bari gawé saukur catur atawa mencétan hp. Keun waé, apan pingpinan ogé henteu éra ngatur proyék ieu proyék itu, ijin nyieun itu nyieun ieu, bari anu dipentingkeun mah grativikasina, bagéan keur manéhna.  
Ari kituna, apan korupsi téh geus ngabaju, biasa, di kota kuring mah. Henteu kudu éra. Geus biasa lamun dina media massa aya berita bupati korupsi, gubernur disogok ijin itu-ieu, législatif ngatur proyék, karyawan maok barang kantor, jeung réa deui. Wajar.
Sarua wajar jeung nurub cupuna sosobatan kuring jeung Aa Wang. Nu masakat jeung nu bodo sosobatan téh wajar jeung sakuduna. Ampir unggal waktu kuring jeung Aa Wang babarengan. Sagala diobrolkeun.
“Aa Wang, urang téh geus 17 taun ayeuna,” ceuk kuring hiji waktu.
“Anu kitu téh manuk nuri ngaranna,” témbal Aa Wang.
“Ngarah teu nyusahkeun kolot, urang geus sakuduna néangan gawé.”
“Bener, diulur heula talina, terus tarik sataker kebek.”
“Ceuk koran, geus banjir deui di Jakarta mah.”
“Uing gé karunya lamun ucing anu laliar teu dibéré nyatu téh.”
Terus kuring jeung Aa Wang saleuseurian. Seuri ngeunah. Ngagakgak. Bulan purnama di langit lénglang siga anu miluan suka-bungah.
Kuring mimitina mah enya nyeungseurikeun kabodoan sorangan. Tapi saterusna mah, sabada ngacaprak jeung Aa Wang, kuring ngarasakeun sugema anu tohaga. Seuri ngagakgak kuring kuda leupas tina gedogan. Leupas, bébas, enya-enya seuri anu ngeunah. Ngacambling kuring jeung Aa Wang lir ngahijina dua kanyataan, dua dunya, dua perkara anu patukangtonggong tapi salingeusi salinglengkepan salingnguatkeun salingnyampurnakeun.
Kitu mimitina pangna sosobatan kuring jeung Aa Wang aya ku dalit. Gula jeung peueutna. Raheut jeung nyerina. Kang Maman jeung Ceu Onéng, kolot Aa Wang anu unggal isuk nguriling dagang bubur ayam, mimitina curiga ka kuring. Panyangkana kuring sarua waé jeung anu séjén, ngadeukeutan Aa Wang sakadar ngagonjak, ngajejeléh, nyeungseurikeun. Tapi sabada ningali kumaha layeutna, nurub cupuna sosobatan kuring jeung Aa Wang, maranéhna malah ngahiap.   
Kuring terusna mah mindeng ulin, milu mandi jeung dahar, di imah Aa Wang. Kitu ogé sabalikna. Aa Wang geus ngarti deui lamun kuring sakulawarga dahar kulub sampeu dua tilu poé. Dahar kulub sampeu naon istiméwana? Istiméwa rarasaanana. Enya, kuring sorangan resep dahar kulub sampeu. Tapi lamun dahar kulub sampeu, komo nepi ka mangpoé-poé, lantaran teu boga béas, éta anu istiméwa.
Hiji poé, duka kumaha mimitina, sosobatan kuring jeung Aa Wang aya anu ngagunasika. Harita kuring jeung Aa Wang keur diuk dina bangku taman kota bari neuteup bulan sapasi. Ujug-ujug bereyek jelema datang, néwak kuring jeung Aa Wang. Anu ngadegungkeun, nonjok, nampiling, teu puguh rasakeuneunana. Kuring ditanya bari disentak, nepi ka subuh. Kunaon kuring jeung Aa Wang sosobatan, kumaha mimitina, naon waé anu diobrolkeun, naon anu dilakukeun, sabaraha nomer cangcut kuring, jeung réa deui anu ditanyakeun.
Cenah mimitina nyebar gosip kuring jeung Aa Wang henteu sakadar sosobatan, tapi ogé bobogohan. Dua bujang welasan taun bobogohan, tangtu waé ngaganggu martabat kota. Matakna kuring jeung Aa Wang ditéwak. Kuring diinterogasi, Aa Wang mah disél sababaraha poé. Terus diponis bari henteu kungsi dijagrageun di pangadilan, kuring henteu meunang panggih deui jeung Aa Wang. Lamun kuring manggihan Aa Wang atawa sabalikna, komo bari babarengan sapoé jeput, éta téh kajahatan anu kudu ditumpes.
Tangtu waé kuring nyeri haté. Nyanyautan. Pangrasa kuring Aa Wang ogé ngarasakeun anu sarua. Tapi mangtaun-taun jadi jalma masakat geus ngaping ngajaring kuring, nyeri haté geus sakuduna ditarima jadi hiji kagumbiraan. Sarua gumbirana basa dahar kulub sampeu lantaran teu boga béas.
Waktu terus muter. Waktu anu mupus sakabéh anu aya di dunya ieu. Siga tulisan-tulisan anu dijieun di sisi basisir, waktu sarupa ombak anu mupus sakabéhna. Terus aya deui tulisan anyar anu bisa jadi patukangtonggong jeung tulisan mimiti. Mangtaun-taun ti harita. Kolot kuring angger masakat. Aa Wing turun pamorna. Komo sabada unggah balé watangan lantaran di-OTT (Operasai Tangkap Tangan) ku KPK (Komite Pemberantasan Korupsi) basa narima sogokan ijin perumahan internasional di leuweung kota.
Aa Wong ogé mimiti kapopohokeun da tara diberitakeun deui ku media atawa disebut-sebut dina média sosial. Masalahna Aa Wong kahongkeun ngajak teu uni santrina anu panggeulisna. Padahal istri Aa Wong téh geus opat. Acara télévisina eureun ngadadak, ondangan ceramah saat sapada harita, chanel youtubena ogé euweuh anu ngalalajoanan. Enya ogé kitu, Aa Wong mah tetep beunghar  da pausahaanna réa téa.
Aa Wang anu pamorna beuki ngajaul mah. Mimitina lantaran kawentarna kaambeu ku partéy politik. Aa Wang terus dijadikeun calon wali kota. Di kota kuring, warga milih pamingpin lantaran kawentar, hentau penting kawentarna lantaran naon. Apan Aa Wing ogé kawentar sahaok kadua gaplok jadi wali kota. Atuh Aa Wang ogé kapilih dina pilkada langsung.
Meureun lantaran kakawasaan salaku wali kota, meureun lantaran duit, meureun ogé lantaran pangaruh séjénna, obrolan ngacaprak anu saliwang alias paaing-aing, jadi trending di kota kuring. Di kantor instansi di sisi jalan di kafe di bioskop di acara tv di warteg di hotél di rapat législatif di rapat partéy jeung di mana waé di kota kuring, anu ngaromong teh henteu nyarambung, terus seuri ngabarakatak éak-éakan nepi ka sééleun. 
Kitu mimitina pangna kota kuring dianggap katinggaleun jaman alias bodo. Tapi kami, warga kota kuring, ngarasa bagja taya tandinganana.
***
   
Sumedang, 23-11-2018 / 12-1-2019
Mangle, no. 2724, 28 Maret – 3 April 2019

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WANG WING WONG"

Posting Komentar