HOAK

carpon yus r. ismail

Mangle no 2620, 17-23 Maret 2017

Kakara ogé disalin baju, diuk dina sofa bari maca koran, jikan nyampeurkeun tuluy diuk di hareupeun.
“Kang, aya berita segar deui di RT urang.”
“Anu paséa deui? Ah, biasa anu kitu mah atuh, Jeng.”
“Eh Si Akang mah, kupingkeun heula atuh ari teu terang mah.”
Bari panon mah masih manco kana koran, kuring apal, Ajeng pastina baeud. Tapi keun baé. Kuring saenyana mah anu kudu jéngkél mah. Unggal balik gawé manéhna bakal nyampeurkeun bari pokna, “Kang, aya berita seger di RT urang.” Lain mawa cai, nanya ka salaki téh hayang kopi atawa entéh. Komo basa kuring apal, ‘berita segar’ anu ditepikeunana téh horéng saukur hoax alias bohong.
“Tapi anu ayeuna mah nyaan-nyaan berita segar, Kang.” Jikan embung éléh. “Salaku Ketua RT, Akang wajib terang.”
“Enya, berita naon?” ceuk kuring bari ngalipet koran.
“Akang terang apan Si Géboy?”
“Si Géboy?”
“Muhun, tukang jamu anu sok nguriling di RT urang, anu rambutna panjang, kulitna umyang konéng, anu henteu weléh umat-imut waé.”
“Oh, apan urang ngalanggan lain? Tapi... hahaha, ayeuna mah dilandi Si Géboy?” Kuring seuri mani ngeunah. Jikan jeung ibu-ibu di RT kuring mah nyaan aya-aya waé. Sababaraha urang anu jadi korban hoax terusna meunang lalandian. Sataun katukang, Sutar jeung Dinar anu mindeng paséa nepi ka ngagujrudkeun tatangga, apan dilandi Kulawarga Tom & Jeri. Nonoy anu indekos di bumi Ibu Santi dilandi Tukah Kuéh lantaran kanyahoan gawéna di diskotik, duka naon maksudna. Ayeuna tukang jamu gandong anu ampir unggal poé nguriling di RT ieu dilandi Si Géboy?
“Si Géboy téh ayeuna mah Kang geus wani ngarayu bapa-bapa di RT urang. Kaperego cenah keur unyan-inyen basa Pa Yana meuli jamuna. Malah jeung Pa Ujang mah cenah sok jangjian di luar perumahan. Bahaya apan Kang lamun diantep mah?” ceuk Jikan nyoroscos.
“Jamu manéhna apan ngeunah, Jeng. Kapaké ku awak Akang gé.”
“Raos mah enya, Kang. Tapi bahaya. Kumaha lamun Akang ogé karayu, abdi apan anu....”
“Aya-aya waé, Jeng. Masak naon, Akang asa geus lapar. Engké deui ngadongéng mah, nya?”
Kuring nangtung, neundeun koran dina méja, terus ka dapur. Jikan baeud, meureun apan kuring ngahaja nutup obrolan.
**

Kakara ogé disalin baju, diuk dina sofa bari maca koran, jikan nyampeurkeun tuluy diuk di hareupeun.
“Kang, Si Géboy ayeuna mah beuki wani. Cenah, Pa Iman anu cicingeun ogé dikiceupan. Acan aya ogé afair jeung Pa Adang, Pa Barid....” Jikan geus nyoroscos deui waé nepikeun kanyahona poé ieu. Aya ku hébat Si Géboy, kakara sapoé ogé geus nambahan sababaraha urang bapa-bapa anu cenah karayu.
“Bu Iman, Kang, kamari merego pisan. Waktu Bu Iman ka pasar, Si Géboy keur duaan jeung Pa Iman di jero bumi. Apan culangung anu kitu téh, Kang?”
Kuring api-api unggeuk. Jikan meureun apal kuring henteu daria ngabandungan gosipna. Manéhna nyekelan leungeun, ménta kuring leuwih merhatikeun.
“Kang, ari kituna Si Géboy pantes waé ngaganggu, lantaran manéhna téh randa, ngora kénéh apan kakara 25 taun umurna téh, geulis jeung seksi deui.” Jikan nambahan beritana.
Kuring mah saukur seuri maur. Jikan jeung ibu-ibu di RT kuring mah nyaan hébat, kakara sababaraha poé ogé tukang jamu téh dicuriga langsung ngabaris infona ngeunaan Si Géboy. Ti mimiti Si Géboy randa, boga budak hiji, nepi ka masalah anu ngajadikeun manéhna pipisahan. Nyaan-nyaan teliksandi anu rancagé apan anu kitu téh.
“Kang, ibu-ibu téh tos ngarencanakeun bakal nyekal Si Géboy. Manéhna henteu meunang deui dagang jamu ka wewengkon dieu. Bahaya Kang upami diantepkeun mah. Engké kumaha lamun sadayana bapa-bapa dirayuna.”
Kuring neundeun koran, terus neuteup jikan.
“Kumaha tah pamendak Akang?”
“Entong wara nindak siga kitu atuh, Jeng. Apan kakara gosip, cenah, kajadianana ogé. Boa saukur hoax wungkul.”
“Ari Si Akang, ti minggu kamari abdi ngadongéng téh henteu percanten?”
Jikan terusna baeud.
**

Kakara ogé disalin baju, diuk dina sofa bari maca koran, jikan nyampeurkeun tuluy diuk di hareupeun.
“Kang, abdi mah hoyong Akang jujur. Terus-terang waé, naon anu kantos dilakukeun Akang?”
Tangtu waé kuring reuwas. Komo basa ningali panon jikan anu rambisak.
“Aya naon, Jeng?”
“Aya naon?” Jikan jebéng. Cimatana mimiti aya anu ngeclak. “Naon anu ku Akang dilakukeun tilu dinten kapengker?”
“Tilu dinten kapengker?” Kuring mikir. “Akang nyémah ka imah si Bili, terus catur.”
“Enjing-enjingna apan Akang henteu ka kantor? Waktos abdi ka pasar?” Sora jikan ayeuna mah rada naék.
“Aduh, Jeng, Geulis. Tenang heula. Entong baper,” ceuk kuring bari ngusapan pipina. “Kunaon bet nangis sagala?”
“Naon anu ku Akang dilakukeun tilu dinten kapengker? Waktos abdi ka pasar?”
Kuring kerung, nginget-nginget. Pok téh, “Akang apan henteu ka mamana, Jeng. Ngan maca koran, dugi ka Ajeung uih. Oh enya, waktu di dapur Ajeng ku Akang ditangkeup, tuluy dici....
Jikan nyiwit. “Sanés anu éta, Kang!” pokna tarik. Enya gé kitu, pameunteuna mah bareubeu. “Waktos abdi teu acan uih ti pasar, naon anu ku Akang dilakukeun?”
Kuring kerung deui. “Akang ngan maca koran,” pok téh.
“Maca koran? Ari Si Géboy anu lebet ka bumi? Naha masih maca koran?”
“Oh, hahaha….” Kuring ngabarakatak. “Akang enya meuli jamu saperti biasa, Jeng. Ngan harita Akang embung kaganggu maca koran. Jadi tukang jamu téh, saha geuning landianna... enya Si Géboy, ku Akang dititah ka jero. Tos kitu mah nya atos wé”
“Tapi ibu-ibu nyariosna sanés kitu. Cenah Si Géboy téh lami di lebet bumi. Bu Enok mah malah ningali Akang... nepak bujurna sagala.”
“Ah, naha masih dipercaya hoax siga kitu, Jeng. Carita anu kitu mah tos ditambahan di dtu didieu, ngarah ramé.” Kuring nangkeup jikan, celengok dicium. “Ayeuna mah mending urang emam.”
**

Basa kuring balik gawé, di imah loba jelema. Kakara ogé kuring muka panto, jikan nangtung terus nuyun kuring sangkan diuk di hareup. Ibu-ibu aya kana welasanana keur ngariung. Di hareup, Si Géboy diuk émok dina karpét bari tungkul jeung siga anu nginghak.
“Kaleresan Pa RT tos sumping. Sabada rapat tilu kali” ceuk Bu Eli ngawakilan anu lain. “Perkumpulan ibu-ibu RT 007 tos mupakat, Pa RT dipiharep janten saksi. Ieu putusan téh ngeunaan manéh, Géboy. Mangga Bu RT, mangga bacakeun hasil rapatna.”
Si Géboy beuki tungkul, inghakna beuki kadangu.  Jikan ngaluarkeun keretas tina sakuna. Pokna téh, “Atas nama Perkumpulan Ibu-Ibu RT 007, sabada nalungtik, nimbang-nimbang, terusna mutuskeun, ti mimiti poé isuk tanggal 20 Maret, tukang jamu anu ngaran landianna Si Géboy, henteu meunang deui dagang di wilayah RT 007.”
Si Géboy reuwas. Tuluy dangah, neuteup ibu-ibu nguriling. Biwirna anu ti tadi rapet engab meueusan, “Naha kunaon?”
“Kunaon?!” Bu Iman maju. Teuteupna aya ku sinis ka Si Géboy. “Ti mimiti manéh dagang jamu di dieu, katenangan téh kaganggu!”  
“Panon manéh anu cureuleuk kucap-kiceup geus ngaganggku katenangan,” ceuk Bu Yani bari ngaburilengkeun panonna anu siga lauk koki.
“Komo deui manéh téh randa!” ceuk anu séjén.
Si Géboy neuteup ka kuring, siga anu ménta tulung. Inghakna beuki atra. “Abdi téh salah opo toh, Bu?pokna dina logat Jawa. Pipina anu bareubeu baseuh ku anu merebey ti juru-juru panonna. “Abdi téh hanya dagang jamu. Abdi téh hanya usaha kanggo menghidupi budak sareng Simbok. Kalau henteu dagang jamu, ti mana deui atuh bisa makan? Abdi anu tanggung jawab hidup-matinya budak sareng Simbok.”
Ibu-ibu baralem. Si Géboy nyusutan cipanonna bari satékah-polah ngeureunan inghakna. Tuluy nangtung lalaunan, ngagandong jamuna, tuluy ngaléos.
Ibu-ibu saukur neuteup langgéorna Si Géboy. Saréréa baralem. Henteu aya deui anu sinis atawa molotot. Meureun mimiti aya rasa kaduhung dina pikiran jeung haté maranéhna.
Ku kuring digebrag méja. Ibu-ibu rareuwas.
“Puas ayeuna mah? Sanggeus Si Géboy salaku saingan bisa diéléhkeun, ibu-ibu puas?” Kuring nangtung. Diteuteup téh ibu-ibu saurang-saurang, kalah tarungkul. “Si Géboy téh ka dieu saukur néangan sahuap dua huap. Bari aya tanggung jawab, budak jeung indungna. Kunaon kudu dicuriga anu kaleuleuwihi? Komo kudu nepi ka diusir siga tadi?!”
Ibu-ibu masih baralem jeung tarungkul.
“Si Géboy téh leuwih hébat batan ibu-ibu anu aya di dieu!” ceuk kuring, terus ka kamar bari ngabantingkeun panto. Nepi ka bubar ibu-ibu téh henteu kadangu deui réa omong saperti biasana.
Ti harita Si Géboy tara katingali deui dagang jamu ka wewengkon RT kuring. Ti harita ogé jikan tara ngadongéngkeun deui gosip. Meureun kabiasaan ibu-ibu ngagosip rada aya erém. Atawa meureun aya rasa kaduhung geus nuduh anu lain-lain ka Si Géboy.
Padahal harita... waktu si Géboy datang kebeneran jikan keur ka pasar, kuring ngabenyeng leungeunna.
“Pantes wé dilandi Si Géboy gé da éta imbit mani éplok kitu,” ceuk kuring ngaharéwos. “Panon anu cureuleuk, pipi umyang, jeung biwir ngeusi, saha anu henteu hayang ngeukeupan.”
Si Géboy merod. “Jangan Pa... Jangan Pa,” cenah bari rurusuhan mawa gelas jeung duit, terus kaluar imah.
***





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "HOAK"

Posting Komentar