NGARANG DINA MANGLE
Mangle no. 2512, 29 Januari - 4 Februari 2015
Taun dua rébuan kungsi
ngarang carpon (lamun teu salah mah judulna Putri Bulan), dikirimkeun ka
Manglé. Henteu pati diperhatikeun, da rarasaan téh kamalayon waé. Sabada aya
anu ngabéjaan carpon kuring dimuat, asa sumanget, der deui ketak-ketik. Tapi
henteu lana, ukur dua tilu judul, pleng deui wé.
Basa tepang sareng Abah
Duduh (Duduh Durahman, almarhum), koméntarna téh bet: “Geuning ngarang basa
Sunda, apan honorna ogé teu sabaraha.” Aya anu mangnémbalankeun di tukang
(hilap deui saha-sahana mah): “Apan ngarang Sunda mah seueur hadiahna.” Kuring
ukur ngahéhé.
Rumasa ngarang téh
henteu disiplin. Kumaha karepna jeung kumaha ngareunahna kana haté waé. Kana
huduah-hadiah komo deui henteu perhatian. Tapi kakara engeuh, harita téh carpon
mah réa hadiahna. Dina Manglé aya Carpon Pinilih bulanan, LBSS unggal taun
milih carpon anu kungsi midang dina media Sunda, jeung anu ngahaja dilombakeun.
Anu kapikiran téh
koméntar “geuning bet ngarang Sunda”. Enya meureun, kuring mah leuwih
dipikawanoh salaku pangarang Indonésia. Najan sobat, batur begadang, batur
ubrang-abring, réréana mah pangarang Sunda. Atuh sakali-kalieun osok ogé
ngarang carpon saperti didongéngkeun mimiti. Ari mimindengna enya ngarang cerpen.
Apan majalah populer saperti Femina, Bobo, Gadis, Hai, Mode, Ceria, Nova,
Citra, nepi ka media anu leuwih serieus saperti Kompas, Koran Tempo, Republika,
Media Indonesia, Matra, Horison; kungsi ngamuat cerpen kuring.
Padahal mah mimiti
cacarakan ngarang téh dina basa Sunda. Keur SD, unggal poé Kemis anu sok diboro
upami Apa uih ti kantor nyaéta koran jeung majalah Manglé. Lamun aya téh Manglé
mani sok poho kana dahar. Tapi lamun henteu aya mani sok hanjelu.
Maca Manglé téh sok
dipapay, ti kaca Lawang Saketeng nepi ka Lempa Lempi Lempong. Najan bisa jadi
eusina mah réa anu henteu ngarti. Ari rubrik anu sok dibulak-balik pastina ogé
Manglé Alit jeung Hahaha. Meureun harita ogé geus aya kereteg hayang
tulas-tulis, da duka kumaha ngetikna, aya karangan hahaha anu dimuat Manglé.
Harita mah lamun ngarang téh siga kieu. Judulna: Endog, eusina: endog nyaéta...
bari réa ngahulengna.
Tapi anéhna, ari
ngarang dongéng mah asa sok lancar. Keur SMP ngarang deui sasakala kelenci
warna buluna bet bodas. Caritana meunang maca tina basa Indonésia. Rada reuwas
sabada apal karangan téh dimuat dina Manglé Alit, terus dibukukeun ku Ki Umbara
dina Kumpulan Dongéng Sasakala. Sumanget sabada dimuat, ngarang téh asa réa.
Dikotrér dina buku kabéhanana ogé. Anu dikirimkeun ka Manglé mah saeutik da
mesin tik-na ogé satimuna.
Mimiti ngarang dina
basa Indonesia mah keur SMA. Ampir unggal poé maca buku di perpustakaan
sakola. Mimiti wawuh jeung karangan AA
Navis, Kuntowijoyo, Putu Wijaya, Bur Rasuanto, Faisal Baraas, Chairil Anwar,
Sutardji Calzoum Bachri, jeung réa deui. Ari carita rumaja anu jadi favorit mah
Lupus karangan Hilman, novel-novel Mira W, jeung novel-novel Eddy D. Iskandar. Rada
kaboler pelajaran ogé ku resep maca fiksi téh. Da éta wé kungsi dicarékan ku
guru pedah kuring di kelas maca waé Musashi.
Pastina réa karangan
anu henteu pati ngarti. Najan kitu ampir unggal poé kuring ngetik. Basa kuring
balik, Apa ngabahanan mesin tik. Ti SMP kuring mah cicing di imah bibi, da
sakolana di Sumedang. Ceuk bibi, pagawéan kuring harita: balik sakola saré, peutingna
ngetik ngagandéngan tatangga.
Ngarang téh rada resep.
Éta wé da ampir unggal minggu ngirim karangan ka kantor pos. Ari média anu
mayeng dikiriman Mitra Desa. Tapi harita aya ogé karangan kuring anu dimuat ku Pikiran
Rakyat, Suara Karya, Suara Pembaruan, majalah Mode jeung Gadis.
Pindah ka Bandung taun
1989, ngilu ubrang-abring diajar ngarang ka Ceu Aam (Aam Amalia). Anéhna, enya
ogé resep kana carpon-carpon Ceu Aam, ari trét ngarang mah basa Indonésia deui.
Sakali-kalieun ngarang carpon téh ari balik ka Rancakalong. Éta ogé sanggeus
ngahanca bundel Manglé. Bibi anu harita langganan Manglé, sataun sakali rajin
dibundel. Ki Umbara, Usep Romli HM, Ahmad Bakri, Abdullah Mustappa, Holisoh
M.E., Eddy D. Iskandar, Aam Amilia, Trisna Mansyur, Yous Hamdan, Budi Rahayu
Tamsyah, Cecep Burdansyah, Hadi AKS, jadi pengarang kameumeut.
Ari buku anu inget waé:
Blues Kéré Lauk karangan Godi Suwarna anu sanggeus macana sababaraha poé henteu
daék saré, Jajatén Ninggang Papastén kumpulan carponna Yus Rusyana, Dayeuh
Matapoé-na Acep Zamzam Noor, Demung Janggala-na Tatang Sumarsono, jeung réa
deui lamun ditataan mah. Anu ngérakeun basa maca Popotongan-na Raf. Bet ngilu
ceurik, nginghak, basa nyaritakeun manuk cocooan budak dipénta ku upas jurungan
Juragan Camat da budak Juragan Camat hayangeun éta manuk. Keur di lembur,
sanggeus macaan Manglé jeung buku-buku éta kuring kutrat-kotrét deui ngarang
carpon. Hanjakalna, carpon ngan sababaraha judul téh henteu kapanggih
raratanana. Kungsi dimuat dina Manglé jeung Galura, tapi dokumentasina teuing
ka mana.
Diitung-itung mah
nganjrek di Bandung téh aya kana dua puluh taunna. Éta ogé kungsi sataun mah
kuli di Bengkulu, sataun di Jakarta. Kungsi eureun ngarang ampir kana sapuluh
taunna. Ditempo dina dokuméntasi komputer, aya cérpén henteu leuwih ti lima
judul salila sapuluh taun téh.
Taun 2012 pindah ka
Pamulihan, Sumedang. Deukeut ka lembur. Atuh suasana ogé kampung pisan. Cai
sawah ngagenclang da puguh langsung ti sirahcai. Hawana seger. Saminggu tilu
kali mah sok kukurilingan mapay ka lembur-lembur atawa ka sisi leuweung.
Mimitina mah sok
nginjeumkeun Manglé ka tatangga anu resep maca. Kadieuna mah kuring anu sok
macaan deui Manglé heubeul téh. Tangtu waé sanggeus maca téh sok kutrat-kotrét
deui. Kadieunakeun anu nginjeum buku beuki réa, pangpangna barudak. Dijieun wé
taman bacaan, ngaranna Capung (taman bacaan di kampung). Enya ogé barudak téh
ngomongna basa Indonesia waé, di taman Capung mah diajar ngomong Sunda. Sakapeung
sok ngadongéngkeun dongéng tina Manglé. Hanjakalna, dina Manglé ayeuna mah
saeutik rubrik bacaeun barudak. Manglé Alit henteu mayeng jeung karangan
barudakna ukur sajudul.
Enya, ngarang téh geus
diniatan ti mimiti pindah ogé. Minangka usahana, dikumpulkeun cerpen-cerpen
pangarang entragan anyar anu sapuluh taun katukang mah can kungsi maca. Resep
téh ka cerpen karangan Yetti Aka, Benny Arnas, Avianti Arman, Guntur Alam, A.
Mutaqin, Mardi Luhung, Joko Pinurbo, Eka Kurniawan, Mashdar Zainal, Adi Zamzam,
Teguh Afandi, jeung réa deui. Ari carpon, sok nginjeuman bari henteu bébéja ari
ulin ka kontrakanna Dhipa Galuh Purba. Ngahajakeun macaan deui karangan Dian
Hendrayana, Dadan Sutisna, Dhipa Galur Purba, Dédén Abdul Aziz, Usman Supendi, Nunu
Nazarudin Azhar, Toni Lesmana, Chye Retty Isnendes, Hérmawan Aksan, jeung réa
deui.
Lamun resep ka hiji
karangan, tangtuna ogé bisa kaidean. Anéhna, enya ogé anu dibaca mah cerpen, resep
kumaha ngacaprukna cerpen Mardi Luhung atawa ngabatinna cerpen Yetti Aka, ari
trét ngetik mah bet carpon. Sanggeus di Pamulihan ngarang carpon téh kaasup
réa. Éta wé Manglé, Tribun Jabar, Galura, jeung Pikiran Rakyat, kakiriman bari
rada mayeng. Éta ogé aya anu ngageuhgeuykeun. Pajar téh, rajeun produktif
ngarang carpon sanggeus tigerat ku hadiah. Kuring ukur ngahéhé. Kakara engeuh,
salila dua taunan rada mayeng ngarang carpon, enya tara aya béja Carpon Pinilih
bulanan Manglé atawa carpon LBSS taunan. Aya ogé Rancagé apan kudu dibukukeun
heula. Tapi henteu nanaon, da keur uleng ngarang ogé lain éta udaganana.
Aya carpon kuring anu
diterjemahkeun kana basa Inggris ku Bill Watson. Basa ngobrol jeung Pa Bill,
anjeunna nyarankeun kuring narjamahkeun carpon kana basa Indonésia, ngarah
leuwih réa anu macana. Rada ngahuleng mimitina mah. Baheula keur rajin ngarang
cerpen, sobat kuring Dian Hendrayana sok nyarankeun pikeun narjamahkeun cerpen
kana carpon. Kuring sorangan tara pati sugema, da carpon téh malélél teuing
malayuna. Matak lamun narjamahkeun cerpen kana carpon téh sok sangeunahna waé.
Palebah anu héséna sok dikarang deui wé sangareunahna.
Ayeuna bet tibalik, narjamahkeun
carpon kana cerpen. Mimitina mah ngirim cerpen tarjamahan téh ka anu jararauh.
Banjarmasin Pos, Padang Eskpres, Bangka Pos, Lampung Pos, kungsi ngamuat
tarjamahan carpon téa. Ka dieunakeun tarjamahan carpon téh dikirimkeun ogé ka
media terbitan Jakarta. Tapi bet poho nyantumkeun ngaran. Apan salain ngaran
Yus, kuring gé sok ngarang dina majalah budak jeung rumaja maké ngaran séjén.
Basa cerpen kuring dimuat Femina, Nyi Roro anu sok ngarang carpon dina Manglé
nanyakeun, “Kang, ari anu ngarang dina Femina téh Akang?” Eta meureun pedah
carpon anu caritana sarua téh kungsi dimuat Manglé. Ceuk haté, euh jadi wé
kanyahoan.
Wilujeng milangkala anu
ka-57 Nyi Manglé. ***
0 Response to "NGARANG DINA MANGLE"
Posting Komentar